Thursday, February 22, 2007

Mangle Kapiheulaan ku India!!

Dina postingan sawatara waktu ka tukang, kuring ngadongeng sual loba jelema nu ngagampangkeun atawa nganggap enteng kana pagawean batur. Pamustunganana, jelema model kieu mah mun nitah baranggawe haget, tempona kudu mayar laliat, hararese. Kasarna mah embung rugi, atawa paling henteu, susuganan jelema nu kuduna dibayar pohoeun :-) Pan untung tah!
 
Lain di urang wungkul eta teh. Nu kitu mah teu dimana teu di mana, bisa wae kajadian. Rek di Indonesia, rek di tatar Sunda, rek di India, rek di alak paul (McCartney). Dina dongeng nu kamari tea, kuring nagih ladang kesang ka dua tempat. Hiji ka Mangle (ieu geus mulan-malen, geus ganti taun malah), hiji deui ka India. Di Mangle mah duka teuing sabaraha, da nyaho kuring ge pasti saeutik. Nu di India jumlahna US$ 800 (kurang leuwih 7 juta rupia).
 
Sanggeus nungguan, alhamdulillah, ahirna datang nu ti India mah, katampa tanggal 15 Pebruari 2007 nak. Jumlahna gembleng, teu kurang teu leuwih, ngan ukur dipotong pajeg ketang. Kaitung gancang mun diitung ti mimiti kuring nagih nepi ka dibayarna, sabab jarakna ge rewuan kilometer.
 
Anehna palebah nagih ka nu tempatna leuwih deukeut, masih sa-propinsi, sarua seler Sunda, jaba duitna ge teu sabaraha, lebeng nepi ka ayeuna can aya kelemeng-kelemengna acan. Atawa mungkin bae kuring teu nyaho mun kantorna geus pindah ka kutub kaler meureun :-)
 
Nu matak hayang seuri, keukeuh nanyakeun alamat imah, sok padahal unggal naskah ge sok dilengkepan ku nomer rekening. Maksud teh ngarah teu hararese, kudu ngincig ka kantor pos, jaba teu boga KTP deuih. Tapi jigana keukeuh rek dikirim make wesel pos, bari henteu jeung prakna, da nepi ka ayeuna ge asa can nampa. Kacida!
 
Lamun nempo galagat jiga kieu, kuring sok pesimis nyawang pikahareupeun urang Sunda teh. Rek kumaha bisana profesional ari teu dimimitian tinu hal-hal laleutik mah. Atawa mun dibalikkeun, mun dina hal-hal laleutik wae teu bisa profesional, rek kumaha bisana profesional dina ambahan nu leuwih lega atawa makro. Dina conto nu gampang, tong ngalamun jadi penyanyi kawentar mun can pernah nyanyi di panggung tujuh belasan RT.
 
Mun tea mah bener Mangle boga cita-cita hayang jadi media nu profesional, omean heula we manajemen sual ngahargaan kontributor. Mun eta geus bener, kakara meunang ngalamun kana ambahan nu leuwih lega. Teu kitu mah lapur, engkena teh bakal hayoh we katalimbeng dina alam panglamunan, mikir soal profesionalisme makro, mikir sual ngalegaan ambahan media nu majar ayeuna mah lain ngan saukur majalah carpon, baru jeung sual profesionalisme praktis kapopohokeun. Na ari nganjuk profesional kitu?
 
Asa lieur puguh ge mikiran urang Sunda nu majar palinter, handap asor, someah, tur teu weleh ngajenan ka sasama. Cek kuring ieu mah, beuki dieu teh asa beuki teu nyekrup antara gambaran manusa ideal Sunda, dibandingkeun jeung kanyataan sapopoe. Sual honor dianjuk memang teu bisa dijieun dasar pikeun narik kasimpulan yen sipat ideal manusa Sunda geus tigejret kana hambalan nu panghandapna. Jauh teuing atuh lamun eta dijadikeun dasar pikeun narik kasimpulan. Tapi hal ieu teh minimalna bisa jadi 'warning' atawa panggeuing ka urang sarerea salaku urang Sunda, yen di sabudeureun urang teh aya kajadian nu matak 'rujit' saperti kieu.
 
Mindeng kuring ngadenge inohong Sunda nu awong-awongan yen urang Sunda teh kudu maju sangkan diajenan ku seler sejen oge ku bangsa sejen. Kuring mah ngan nyenghel we. Rek kumaha bisana urang Sunda diajenan ku seler atawa bangsa sejen, lamun urang Sundana sorangan teu bisa ngajenan ka sasamana, pituin urang Sunda. Sok araraneh!
 

Wednesday, February 21, 2007

Ganti Kulit

Puasa ge aya lebaranana. Biasana poean lebaran gararinding, make baju anyar. Dahareun oge nyakitu. Nu biasana dahar karo uyah cek paribasana, poean lebaran mah maksakeun, sagala diaya-ayakeun, nepi ka aya paribasa kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran.
 
Ari blog mah da tara puasa. Tapi kadang-kadang asa bosen make baju nu eta-eta keneh, tampilanana kitu-kitu keneh. Maenya oray wae sok ganti kulit, ari blog henteu:-) Ngan nyaeta horeamna teh, mu hayang ganti baju, loba pisan pigaweeunana. Komo SundaBlog mah masih make template blog nu baheula, najan sistemna geus migrasi ka blogger anyar ge.
 
Teu wudu lieur oge, sabab loba hal nu kudu dipigawe manual. Tapi ari dikeureuyeuh mah tungtungna anggeus oge. Hasilna, rada lendeng kana sirah, jaba loba pigaweeun sejen nu kuduna dipigawe jadi kaboler. Ngan ari geus anggeus mah, sok resep nempo hasil pagawean teh. Asa pangalusna we sugan mah. Kajeun ceuk batur goreng ge, nu penting hasil kurah-kerih sorangan, uprak-oprek otodidak. Meunang sababaraha poe mah terus we dilengleng, ditatap diusap :-) Baju anyar teaa...
 
Ka sugri nu bade tutukeuran link, hususna blog nu nganggo basa Sunda, disuhunkeun rido galihna kanggo netelakeun oge deskripsi ngeunaan blogna. Teu kedah panjang-panjang, cekap sabaris atanapi dua baris. Contona tiasa ditingali di gigir palih katuhu dina sidebar Blog Tatangga.
 
Reureuh heula ah...
 

Sunday, February 18, 2007

Bedana Budak Jeung Kolot

Naon kitu bedana budak jeung kolot? Jiga patalekan sambewara, padahal jero-jeroanana mah ieu teh penting oge keur bahan lenyepaneun. Sacara pisik jelas budak jeung kolot beda. Mun lalaki upamana, budak mah beresih, can bala ku bulu, kolot buluna dimana-mana. Mun awewe, budak mah awakna lalempeng keneh, sedengkeun anu geus sawawa, tangtu loba 'pengkolanana'.
 
Tapi eta mah teu pati penting, sabab lila-lila oge budak bakal ngolotan. Tangtu nambahanana umur budak teh baris dibarengan ku robahna pisik saluyu jeung tambahna umur. Ku kituna, lain ngan ukul pasualan pisik nu ngabedakeun budak jeung kolot atawa jalma sawawa teh, tapi oge sikep dina nyanghareupan hiji situasi. Pek geura tengetan, budak mah mun pasea teh tara katutuluyan. Isuk-isuk pasea rongkah tepi ka derna gelut, beurangna mah geus babarengan deui ngadu kaleci. Bari jeung euweuh tapak-tapak urut pasea eta teh. Jajauheun kana ngunek-ngunek atawa nepi ka ngakalakeun.
 
Kumaha ari kolot? Tah ieu nu ngabedakeunana teh. jelema beuki ngolotan teh biasana beuki belikan, beuki babarian, beuki gampang kasinggung, jeung sajabana. Padahal idealna mah pan kudu beuki wijaksana dina sagala rupa hal oge, sabab beuki nambahan umur tangtu beuki loba pangalamanana, beuki rubak elmu pangaweruhna, beuki sugih ku pangarti, jeung rea-rea deui.
 
Tapi tetela dina kanyataanana mah teu kitu, sabab di sagedengeun hal-hal anu ditataan bieu, singhoreng beuki kolot teh beuki nambahan oge 'ego'na. Jigana bae nya ieu pisan nu matak mun kolot pasea sok mulan-malen, ngunek-ngunek, malah nu mutuhna pisan mah sok aya nu nepi ka silih arah pati sagala. Na'udzubillahi mindzalik.
 
***
 
Salila ieu kuring miluan milis aya kana tilupuluhna. Rupa-rupa topikna. Naha loba-loba teuing? Ah teu nanaon atuh, lumayan keur nambah-nambah pangaweruh, da tetela jelema-jelema nu miluan milis teh loba nu palinter. Jadi keur kuring mah ieu teh itung-itung sakola, rumasa balilu, boro-boro rubak ijasah, estu sepi pangarti, tuna pangabisa. Nya ku jalan kieu kuring loba ngalap elmu pangaweruh bari jeung haratis, teu kudu ngaluarkeun duit sapeser-peser acan.
 
Ngan nyakitu, kuring mah lain anggota aktip nu miluan ngobrol atawa gunem catur komo deui diskusi. Kuring leuwih resep jadi 'lurker', ngintip, macaan, bari nyerep pangaweruh nu pasuliwer dina sakitu puluh milis. Naha geuning kitu? Pan milis mah matak dijieun ge tujuanana teh keur gunem catur, sok sanajan ngan ukur dina wangun tulisan? Memang kitu sabenerna mah. Ngan, saperti nu tadi dicaritakeun, lian ti mangpaat nu kacida jembarna dina milis, singhoreng loba oge panyerewedan tur pacogregan nu kadang-kadang matak era parada.
 
Tetela loba jelema anu egona leuwih gede ti batan raga badagna. Hal-hal anu kadang-kadang sabenerna mah masalah leutik tur lain sual prinsip, mindeng nimbulkeun papaseaan. Itu ieu saruana pada-pada embung eleh. Sanajan teu katempo euceuy atawa kerengna beungeut nu keur parasea, tetep we kuring mah sok asa teu puguh rarasaan. Nya dina situasi kieu pisan urang baris leuwih gampang nenjo sipat-sipat asli hiji-hijina jelema. Jelema keur ngambek tea, sanajan ngan ukur tulisan, tapi kekecapan nu dipilih biasana 'petingan', kecap-kecap meunang miliha nu kira-kira matak nganyerikeun hate nu jadi lawan paseana, sangkan nu nyarekan ngarasa puas.
 
***
 
Jadi ana kitu mah, tetela umur teh lain hiji-hijina faktor nu bisa dijieun pangajen sual wijaksana henteuna hiji jelema. Budak nu tara ngunek-ngunek sanajan tas pasea jeung papada baturna, dina panenjo kuring jauh leuwih wijaksana tibatan kolot nu teu asak jeujeuhan tur teu asak sasar, ngaberung ngasuh egona, embung katitih ku batur dina sagala hal.
 
Nu matak, kuring mah mending kieu we lah, jadi tukang noong, rumasa teu bisa pasea sabab sok era enggeusna. Keun we da noong ge lain noong nu mandi ieuh. Pira ge noong kolot-kolot nu kudu diajar deui ka barudak!
 

Tuesday, February 06, 2007

Surat Terbuka keur Mangle

Ngabelaan hak, kadang-kadang jadi masalah. Kondisi anu henteu kondusif mindeng ngaburak-barik kamistian anu logis. Upamana, soal honor tulisan, ku sabab nagih teu dipalire bae, tungtungna kalahka era nu nagih. Di dieu logika geus diburak-barik, sabab sakuduna mah nu era teh tangtu nu ditagih.
 
Ieu teh kaitanana jeung pasualan profesionalisme. Beuki profesional hiji media, beuki taliti tur apik dina enggoning ngajalankeun usahana, boh nu urusanana di jero pausahaan, komo deui nu urusanana jeung pihak-pihak di luar pausahaan, sabab baris rambat kamale kana urusan 'nama baik'.
 
Kamari-kamari, kungsi patelak jeung hiji translation agency ti India, sarua ieu ge sual bayaran proyek voice over nu gawena geus beres tapi teu dibayar-bayar. Nileyna 800 dollar Amerika. Manehna nunda-nunda transfer ku rupa-rupa alesan. Sanggeus bosen nagih, bakating ku keuheul tungtungna dicarekan laklak dasar (bari jeung teu puas, da nu pangeunahna saalam dunya mah taya deui iwal nyarekan ku basa Sunda). Kuirng menta remmitance copy, pikeun klaim ka bank di Indonesia. Tungtungna, aya tanggapan sanggeus satengah diancam rek diuar-uar di internet. Minggu ieu kuring nungguan jangjina.
 
Ari jeung Mangle mah, nyakitu, tulisan geus dimuat, tapi teu dibayar-bayar. Ditanyakeun, euweuh tanggapan pisan, nepi ka jiga kuring teh nu baramaen. Padahal, kuring mah lain jajaluk, lain barangpenta, tapi nungtut hak kuring nu geus kagawean. Geus sababaraha kali ditanyakeun eta teh. Sabenerna lain nominalna nu jadi masalah, tapi leuwih nyoko kana sual profesionalisme media dina ngahargaan pangarang. Ku euweuhna tanggapan, kuring ngarasa teu dihargaan, ngarasa dilelece. Kajurung ku kitu, kamari kuring ngirim deui email ka Mangle, nagih.
 

Sareng hormat,
 
Sim kuring, Tata Danamihardja, kantos nulis kolom sababaraha kali dina Mangle. Nu matak reueus, dugi ka ayeuna, honorna teu dikintun. Reueus, margi ieu teh salah sahiji ciri profesionalisme media Sunda nu kawentar.
 
Sim kuring parantos ngintun email sababaraha kali, ti ngawitan nuju aya keneh website, dugi ka ngulapesna nganggo email gratisan majalahmangle@yahoo.co.id, sareng ayeuna, saparantos ditambihan email gratisan deui bae rumpaka-mangle@plasa.com. Dugi ka ayeuna teu aya waleran, tiis, padahal nomer rekening diserat kumplit.
 
Omat, ulah naroskeun dina Mangle nomer sabaraha tulisan sim kuring dimuat, margi sim kuring teu langganan Mangle. Komo saparantos honor tulisan dianjuk mah, tara pangangguran ngeteng oge. Sareng omat, ulah dianggap sim kuring jajaluk atanapi baramaen. Ibarat kuli nu tos ngabedug, tangtos narima bayaran teh sanes pedah dipikarunya, nanging estu ngaladangan kesang, boh ageung boh alit.
 
Upami administrasi di Mangle memang leres profesional, tangtos sadaya data aya dina database, kalebet tulisan anu teu acan dibayar. Tangtos moal sesah milarian, ka dituna, tangtos moal sesah mayar honor anu memang tos kaladangan, tos kakesangan. Kitu oge upami leres Mangle profesional sakumaha sawangan balarea.
 
Mudah-mudahan email sim kuring ieu dibaca ku nu gaduh kawenangan nangtoskeun kawijakan di Mangle, sarta henteu di-DELETE ku 'kuricakan' nu alim dilepatkeun, alim ngangken kana kalepatan, teu beres dina sual tartib administrasi, hususna sual pembayaran honor tulisan.
 
Sakali deui, sim kuring sanes jajaluk atanapi baramaen. Ieu mah bakating ku seueul, nagih sababraha kali, teu aya tanggapan pisan. Upami memang teu aya kanggo mayarna, lillahi ta'ala, asal wakca, sareng katangen aya perhatosan ku jalan ngabalesan email sim kuring ieu sacara formal, boh ti bagian keuangan, oge ti rumpaka. Peryogi ditegeskeun, sim kuring nagih ladang kesang, sanes baramaen.
 
Baktosna,
 

 
Aya tanggapan ti Pa Rudi H. Tarmidzi, duka naon posisi anjeunna di Mangle.
 

Hatur nuhun kana koreksina. Serat Bapa parantos di tembuskeun ka Bag. Keuangan. Seratan Bapa, datana masih aya.
 
1. Fenomena The Beatles, edisi 2079
2. Cikaracak Ninggang Batu, edisi 2078
3. Kota Kagok, edisi 2064
4. Blog, edisi 2060
 
Hatur nuhun.
 

Aya kamajuan. Ku sakieu ge matak ngeunah kana hate. Henteu dianggap angin teuing, sok sanajan telat kabina-bina, tur ieu teh email kuring nu teuing ka sabaraha hiji, kakara aya walonan. Lumayan, tamba henteu teuing.
 
Ngan, tangtu ieu teh kudu dijieun conto ku Mangle, lamun memang bener-bener hayang jadi media nu profesional. Ngabina 'hubungan baik' sakuduna lain ngan ukur jeung para pangarang moyan atawa pangarang 'inner circle' wungkul (baraya, kawawuhan) tapi oge jeung sakumna pihak nu aya patula-patalina jeung aktifitas media. Conto ekstrimna, lamun kabeh pangarang moyan jeung pangarang 'inner circle' maraot kabeh, saha nu rek neruskeun lacakna lamun lain pangarang-pangarang 'kutukupret' samodel kuring?
 
Nu masih keneh ngaganjel, mun ditingali tina email jawaban di luhur, teu aya sakecap oge nu nuduhkeun rasa hanjakal soal telatna pembayaran honor. Komo menta dihampura mah ti Mangle, hiji media masa Sunda nu umurna geus puluhan taun. Tetela menta dihampura teh hiji sikep anu MAHAL kabina-bina. Tangtu lamun kuring tokoh nu terkenal mah sikep Mangle salaku media teh baris beda, moal saperti kieu. Nya ieu pisan nu kuring sering disebut diskriminasi media teh. Feodalisme tetela ayana lain ngan ukur dina tatanan kamasyarakatan wungkul, da geuning media nu sakuduna egaliter oge masih ngeukeuweuk sikep samodel kieu. Lenyepaneun sarerea.
 
Ayeuna kuring keur nungguan jangji. Hayu urang barandungan.
 

Sunday, February 04, 2007

Apel

Lain buah ieu mah, sabab ngunikeunana jiga jiga urang nyebut kelek: apel. Taun 70-an disebutna nganjang. Nu rada malayuna: wakuncar (wajib kunjung pacar). Cek Bimbo eta teh.

Duka tina basa naon tah asalna. Sabab upacara oge geuning disebutna teh apel. Jadi lamun ngadenge apel pagi, eta mah hartina lain bobogohan isuk-isuk, tapi upacara isuk-isuk.

Jigana kabiasaan apel atawa teh geus aya ti jaman tai kotok dilebuan keneh (meureun). Waktuna biasana malem Minggu, sabab mun malem Juma'ah mah cenah usumna apel jurig. Tara beurang atawa isuk-isuk deuih, da eta meureun bisi pahili jeung upacara. Der keh bobogohan make lagu Indonesia Raya. Pan teu lucu.

Tradisi atawa kabiasaan apel teh tetela rupa-rupa pisan, gumantung kana tempat jeung jaman. Baheula, cenah nu apel teh sok barangkirim ka nu diapelanana. Disebutna mahugi. Kitu we sabangsaning dahareun, martabak, bala-bala, atawa kurupuk nu ditiiran. Mun teu kitu, bako mole. Tangtu ieu mah lain jang kabogohna, tapi jang bapana nu sok udud bako mole. Mun teu boga duit, naon we saaya-aya. Malah cek beja, kungsi aya nu mahugi anak ucing. Pokona mah mahugi.

Tapi jaman ayeuna, bobogohan teh jiga nu teu ngawaktu. Teu beurang teu peuting. Malah bisa isuk-isuk sagala. Kadang-kadang aya oge nu tilu kali sapoe, jiga dahar ubar. Isuk, beurang, jeung peuting. Tradisi mahugi jigana geus euweuh. Atawa mungkin bae istilahna lain mahugi.

Kungsi aya budak tatangga, kakara kelas tilu SMP, tapi bobogohanana mani nyorokcok. Teu beurang teu peuting, idek liher we di imah kabogohna. Teuing iraha diajarna tah budak teh, da mani jiga sibuk pisan, waktuna beakeun ku bobogohan. Ngan nu jelas, mun di sakolana aya pelajaran bobogohan, budak eta pasti peunteun sapuluh!

Nu matak paur, apel barudak ayeuna mah geus dibekelan elmu nu 'jero', boh tina TV, pilem atawa bacaan 'XXX' nu balatak di mana-mana. Najan can aya statistikna, tapi ku panenjo saliwat oge geus bisa kajudi, kumaha gampangna neangan VCD porno atawa buku-buku jorang di 'lapak-lapak terdekat'. Hargana murah, kahontal ku pesak budak sakola. Mun teori ladang maca atawa lalajo eta dipraktekkeun, beu, cilaka! Matak wirang sarerea.

Baheula, jaman kuring SMP, boga kabogoh teh saestuna ngan aku-akuan wungkul. Kasebutna we kabogoh, da papanggih ge sok kalah nyorodcod tuur. Apel? Boro-boro, kitu we di sakola wungkul. Jadi boro-boro cubuk-cabak, teu wararantun. Cek paribasana, kakara nempo sendalna ge geus seseblakan. Nempo suhunan imahna ge geus cukup, wareg. Jeung gede keneh kaera deuih, da eta we sakalieun diadeuh-adeuh ku batur ge sok hayang ceurik, bakating ku era (najan bari atoh).

Nincak SMA, kakara rada wani apel. Alesanana mah biasa, 'belajar bersama'. Kitu ge bari kudu siap diboro ku pamuda 'lokal', mun kabeneran aya tatanggana nu sarua naksir. Acarana euweuh deui, ukur ngobrol. Minangka nu rada mewahna, pacekel-cekel leungeun, silih rames ramo. Eta ge mani geus asa bungah kabina-bina, bari jeung ngadegdeg, nirisan saawak-awak. Bari jeung culang-cileung deuih, bisi kapanggih ku bapana. Mun kapanggih, cilaka, moal meunang apel deui. Rugi tah!

***

Kahariwang nempo kondisi jaman kiwari, tangtu lain perkara gampang dina ngungkulanana. Mahabuna pangaruh ti luareun imah (media, pergaulan jrrd.), mangrupa masalah anu kacida beuratna. Carana, teu aya deui iwal ti mekelan barudak urang ku pangaweruh bagbagan agama anu kuat. Lian ti eta, kudu ditandeskeun yen sagala kalakuan urang baris aya konsekuensina. Barudak kudu dibekelan kasadaran yen maranehna ngabogaan tanggungjawab ka dirina pribadi, kulawarga, jeung nu pang pentingna, tanggung jawab ka Pangeran, Gusti Allah Subhanahu Wata'ala.

Sugan ari tarekahna geus diketrukkeun mah, moal hariwang teuing!