Tuesday, December 04, 2007

Kekecapan Nu Beuki Arang Dipaké

Kiwari loba pisan kekecapan dina basa Sunda anu beuki arang dipaké. Hal ieu mémang rada susah disinglar, sabab jigana geus jadi hukum alam. Kamajuan dina widang informasi jeung média, pagilinggisikna urang Sunda jeung sélér séjén, beuki nyirorotna urang Sunda nu daék maké basa Sunda, jrrd, mangrupa sawatara hal anu nyababkeun mingkin lobana kekecapan anu beuki arang dipaké, hususna dina paguneman sapopoé.

 

Naon baé kekecapan anu beuki arang dipaké téh? Ieu diantarana: 

  • célé: kotak-kotak laleutik, biasana motif lawon atawa kaén
  • jeté: centil, cumentil
  • reueus: loba nu ngaganti ku kecap bangga. Padahal bangga dina basa Sunda mah hartina hése.
  • lamak: sesebitan atawa popotongan lawon sésa ngaput
  • cempor: damar atawa lampu minyak tanah sederhana, teu make tutup atawa semprong.
  • semprong: tutup lampu minyak tanah, dijieunna tina beling
  • oncor: dina basa Indonésia disebutna obor. Bisa jadi ieu mah ku sabab barangna ogé geus arang dipaké.
  • hanaang/halabhab: hayang nginum, ayeuna leuwih loba nu maké kecap haus (tina basa Indonesia)
  • boyot/lembon: lalaunan, dilarapkeunana kana leumpang atawa lajuna kendaraan/tutumpakan
  • tibatan/timanan: kasilih ku kecap daripada (basa Indonesia)
  • boboko: wadah sangi dijieunna tina awi.
  • téténong: wadah kadaharan dijieunna tina anyaman awi, fungsina jiga lomari
  • mumuluk/sasarap: dahar isuk-isuk, basa Indonésiana 'sarapan'
  • ngawadang: dahar tengah poé, tapi sanguna teu dihaneutkeun, biasana meunang nyangu isuk-isuk
  • silalatu: kekebul tina durukan, biasana harideung tur haliberan kabawa angin
  • cunihin/guranyih: biasana dilarapkeun ka lalaki nu resep ngaheureuyan awéwé bari jeung pikasebeleun
  • nurustunjung: pikasebeleun (sacara umum)

Ngan sakitu? His, loba kénéh sabenerna mah. Tapi nu kainget ayeuna kakara sakitu. Bisi aya nu badé nambihan, mangga dihaturanan kanggo mairan.

Thursday, October 11, 2007

Wilujeng Boboran Siam 1428 H

Teu karaos, Romadon alias sasih siam tos ampir lekasan. Sasasih campleng urang sami-sami ngalakonan ritual saum. Sanes mung saukur nahan lapar sareng halabhab, nanging oge ihtiar sangkan naon rupi anu ku urang dipilampah henteu gaplah. Hartosna, sasih siam dianggo minangka tempat meuseuh diri supados ajen inajen diri langkung ngaronjat.
 
Lir ibarat anu sakola, tangtos saparantos lulus kedah langkung pinter ti sateuacanna. Upami kualitas atanapi ajen diri urang sateuacan sasih siam mung ukur 50, tangtos satutasna ngalakonan ibadah saum, kedang ngaronjat, langkung ti 50. Upami angger, komo upami janten nyirorot mah, tangtos eta teh janten ciciren yen ibadah saum urang teh gaplah, mung ukur dugi kana tahap 'nyiksa karep', nahan lapar sareng halabhab.
 
Kantenan kanggo anu lulus 'ujian' Romadon, dinten Boboran Siam (Lebaran) kedah dijantenkeun momen syukuran kana sagala rupi upaya urang dina enggoning ngaronjatkeun ajen inajen diri sangkan janten jalmi anu salawasna ihtiar ngahontal kasampurnaan.
 
Dintenan Boboran Siam oge dijantenkeun ajang ngaraketkeun silaturahim di papada urang, sakantenan silih lubarkeun tina sagala kalepatan tur kaluluputan. Dina raraga ieu pisan sim kuring nyanggakeun panglayad sakantenan ngedalkeun paneda, sih hapuntenna anu kasuhun, bilih aya cariosan anu matak nyugak kana manah, mugia ulah janten rengat galih.
 
Kanggo kagegelan, mangga nyanggakeun Kartu Lebaran minangka wawakil pribadi sim kuring kanggo sadayana anu ngaraos midulur, janten baraya, sok sanaos mung ukur ngalangkungan ramat komunikasi anu disebat internet. Kartu Lebaran eksklusif basa Sunda tiasa diundeur di dieu.
 
Sakali deui, wilujeng boboran siam. Taqobalallohu minna wa minkum.

Wednesday, September 19, 2007

Puasa 'Anak Kost'

Tetela waktu teh kacida nyerelekna. Asa kakara cikeneh puasa, nyaho-nyaho geus nincak deui bulan puasa.
 
Mimiti diajar puasa teh umur lima taun. Tapi kitu we puasa sapotong atawa puasa ayakan cenah. Mun kuat nya tepi ka wanci bedug lohor, ari teu kuat mah jam salapan ge geus buka. Nincak umur genep taun, puasa tepi ka magrib, cacap sabulan. Euweuh nu maksa, karep sorangan we.
 
Ritual puasa ti baheula tepi ka ayeuna sarua, kitu-kitu keneh. Nu ganti-ganti teh paling-paling suasana jeung sikep dina nyanghareupan atawa ngajalankeun puasa.
 
Keur budak mah biasana sagala diajangkeun keur buka puasa. Permen, amis-amis geus dibeuli ti isuk keneh jang ngabatalan. Geus gede mah teu kitu. Saayana bae. Katambah-tambah pan loba kagiatan, jadi teu malulu mikiran beuteung nu pupurilitan. Kabangbrangkeun.
 
Puasa di imah kolot mah pangeunah-ngeunahna. Teu kudu mikiran dahareun jang buka atawa saur. Tinggal am, tinggal ngahuap. Hal ieu beda jeung waktu puasa di imah batur atawa di tempat kos. Sagala kudu ku sorangan, minimal kudu ngincig ka warung ngadon dahar, atawa meuli dibungkus, didahar di tempat kos.
 
Kacipta keneh taun 90-an kudu puasa di lembur batur. Daek teu daek, da kumaha deui atuh. Jaman nganjrek di daerah Dipati Ukur, saur jeung buka biasana di kantin Cemara, mun teu salah di daerah Haurmekar. Ayeuna mah geus euweuh jigana, kagusur ku proyek Monumen Perjuangan Jabar. Dahareunana beresih jeung murah, cocok keur pesak mahasiswa. Nu rada ripuh teh ari usum saur. Ku sabab waktuna samporet, rek dahar atawa meuli sangu teh biasana sok ngantay atawa ngantri. Kacipta pan, jam 3 janari ngantay bari nanggeuy piring kosong. Persis jiga tahanan ngantri ransum :-)
 
Mun hoream ngantri janari, biasana sok milih cara praktis. Meuli sangu jang saur bari sakalian buka (wanci magrib atawa isya). Dibungkus, jadi engke janari tinggal dahar. Geus tara ngurus dihunat-haneutkeun sagala, nu penting aya ganjel peujit.
 
Dahar di kantin Cemara teh biasana mun awal bulan tepi ka tengah bulan. Katompernakeun mah biasana pindah ka warung sangu Bu Tunduh. Alesanana murni soal 'kebijakan anggaran', soalna dahar di dinya mah leuwih murah deui. Najan teu pati beresih, ah peureum we. Dahareunana mah ngeunah da. Di dieu biasana pinuh ku nu dahar ti rupa-rupa kalangan. Mahasiswa, PNS, nepi ka tukang beca. Bari dahar, bisa bari ngadengekeun nu ngarobrol. Rupa-rupa, ma'lum nu ngarobrolna multikultur, multietnis, multiprofesi.
 
Pindah ka Jatinangor nyakitu keneh. Sami mawon. Saur atawa buka angger kudu motekar sorangan. Harita mah Jatinangor can rame jiga ayeuna. Masih keneh asa di lembur, teu baribin. Dahar biasana di kantin Munggaran, teu jauh ti gerbang kampus. Harita warung sangu kakara eta-etana. Jadi najan rada jauh ti tempat kos, nya wayahna we dilakonan, leumpang heula rada jauh mun hayang dahar teh.
 
Sok sedih sakapeung mah, mun kabeneran nyorangan dahar di tempat kos. Pangpangna lamun ngabayangkeun batur nu bisa buka atawa saur bareng jeung kulawargana. Tapi tamaha, pan hayang nyuprih elmu, hayang pinter. Alhamdulillah, najan sagala samporet, soal pangarti mah teu poos-poos teuing. Teu jadi dedekna mun dina cikopi mah, sok sanajan prestasi akademis memang teu bisa jadi andelan pikeun pikahareupeun. Ngaranna ge hirup di Indonesia, nagara ajaib :-)
 
Wilujeng saum.

Sunday, September 09, 2007

Tamba Sare Sore-Sore versi PDF

Kanggo nu komputerna henteu nganggo Operating System Windows, eBook Tamba Sare Sore-Sore oge dipidangkeun dina format PDF. Eusina sami, mung benten format wungkul. Kumaha ari nu nganggo OS Windows, naha tiasa muka PDF? Tangtos tiasa oge, margi PDF mah kabula-kabale, asal aya PDF Reader kanggo macana bae (Adobe, Foxit, Sumatra jrrd).
 
Daptar Eusi eBook Tamba Sare Sore-Sore:
  1. Bubuka
  2. Daptar Eusi
  3. Adab Ngobrol Urang Sunda
  4. Adab Nyutat Tulisan
  5. Ambek Sunda
  6. Apel
  7. Asam Urat
  8. Basa Sunda Doel Sumbang
  9. Basa Sunda Feodal?
  10. Basa Sunda Tereh Tumpur?
  11. Bedana Budak Jeung Kolot
  12. Ebook Gratis: Kaulinan Budak Baheula
  13. Filosofi Si Kabayan
  14. Inferiority Complex Urang Kampung
  15. Kabeurangan
  16. Malaysia, Si Loba Gaya
  17. Mangle Kapiheulaan Ku India
  18. Milangkala
  19. Mirun Seuneu
  20. Munapek
  21. Ngalarapkeun Kecap
  22. Nu Lain Atawa Nu Sejen?
  23. Nurutan Jepang
  24. Nyarekan
  25. Obituari 9 Ramadhan 1426
  26. Persib Nu Aing!!
  27. Puasa, Ngabuburit Jeung Petasan
  28. Situs Malaysia Di-Hack!!
  29. Software Panggebah Koruptor
  30. Software Sunda Munggaran sa-Alam Dunya
  31. Surat Terbuka Keur Mangle
  32. Tipi
  33. Tukang Renten
 
Nyanggakeun.

Friday, September 07, 2007

Ebook Gratis: Tamba Sare Sore-Sore

Sok inget jaman keur budak, mun beres ngapalkeun (mun keur purun eta ge..) biasana sok maca buku bari nungguan jam satengah salapan, waktuna sare. Sabenerna lain pedah kutu buku, tapi ku sabab euweuh deui hiburan. Ma'lum cicing di kampung, can aya listrik. Lian ti maca, paling-paling bari ngadengekeun radio. Tapi eta oge mun kabeneran aya lagu-lagu atawa sandiwara sunda "Di Pasisian" ti RRI Bandung. Mun teu kitu neangan siaran radio luar negeri. BBC, Radio Australia, Korea, Cina, Rusia, pokona mah neangan hiburan saaya-aya. Cek paribasana nya tamba sare sore-sore. Nungguan datangna tunduh. Tah, jadi maca oge dina raraga tamba sare sore-sore tea.
Ebook Gratis: Tamba Sare Sore-Sore
Bisi aya nu teu kungsi ngalaman kumaha rasana maca bari nungguan datangna jurig tunduh, mangga dicobian geura. Mun bacaeunana teu aya, cobian download ebook Tamba Sare Sore-Sore di dieu. Eusina  duka mirip gado-gado, duka mirip wadah runtah, teu langkung nu maca. Tapi nu paling penting, jigana nepi ka kiwari kakara kuring hiji-hijina blogger anu nyieun ebook dina basa Sunda :-)
 
Sombong? Ah henteu. Sabenerna ieu mah ajakan. Maksudna, sok atuh ka blogger sunda, nu sok nulis dina basa Sunda, geura prung nyarieun ebook dina basa Sunda. Komo mun aya penulis atawa pangarang enyaan nu daek nulis jang bagikeuneun gratis di internet. Keun urusan konversi kana ebookna mah bagean kuring, gratis lah (husus pangarang jadi nya, nu teu acan jadi mah wayahna .. mayar :-))
 
Kacipta pisan reueusna mun dina hiji mangsa, ngetikkeun kecap ebook basa Sunda di Google teh bakal murudul pirang-pirang ebook basa Sunda. Piraku atuh urang Sunda nu jumlahna puluhan juta teh eleh ku seler deungeun nu narulis ebook dina basana sorangan.
 

Thursday, September 06, 2007

Nu Lain atawa Nu Sejen?

"Geus daratang kabeh ieu teh?" saur Pa RT bari muril-muril kumis, siap-siap rek muka rapat.
"Teu acan kumplit Pa," tembal Encid, Ketua Karang Taruna. "Nembe aya limaan."
"Har na kamarana nu lainna?" Pa RT rada kerung.
"Warangsul heula, kesel cenah ngantosan Pa RT lami pisan," tembal Encid rada nyerengeh.
 
Mangga tingali deui paguneman di luhur. Saliwat asa biasa bae. Tapi lamun ditengetan, tetela aya nu kurang merenah. Tingali kekecapan Pa RT: Har, na kamarana nu lainna?
 
Dina basa Sunda lulugu (lain basa wewengkon, lain dialek), kecap nu merenah lain 'nu lainna' tapi 'nu sejenna' atawa 'nu lianna'. Jadi kuduna mah: "Har, na kamarana nu sejenna?"
 
Jigana bae Pa RT kapangaruhan ku basa Indonesia: "Lho, yang lainnya ke mana?"
 
Ringkesan:
  • yang lain = nu sejen/nu lian

Sunday, September 02, 2007

Adab Nyutat Tulisan

Dina nyieun tulisan atawa karangan, tangtu henteu salawasna murni gagsan atawa ide pribadi. Ku naon pangna kitu? Jalma hirup mah tangtu teu bisa leupas tina interaksi jeung hal-hal nu aya di sabudeureun urang. Pan jelema mah disebutna ge mahluk sosial, anu teu bisa hirup nyorangan. Sikep, pola pikir, jeung hal-hal sejenna - daek teu daek - pasti kapangaruhan ku naon rupa anu katempo, kadenge, kabaca jeung kaimpleng ku urang. Kaasup dina nyieun tulisan atawa nulis/ngarang.
 
Tulisan bakal leuwih munel lamun dirojong ku referensi anu kuat, utamana dina wangun tulisan ilmiah. Kumaha ari tulisan non-ilmiah saperti opini upamana? Sanajan teu wajib, tapi pikeun nguatkeun opini, taya salahna lamun didukung ku data, atawa oge opini sejen. Carana ku jalan nyutat (mengutip) data atawa opini batur. Ngan, wayahna, teu bisa pararadu nyutat kitu wae, sabab aya adab atawa tata carana.
 
Lamun urang nyutat data, statement atawa naon bae tina tulisan batur, ulah poho sebutkeun sumberna. Minimal sebutkeun ngaran jelema nu nulisna. Upama tulisan urang dipublikasikeun di internet (blog, sebsite), leuwih alus upama urang oge nuliskeun link tulisan nu ku urang dicutat (upama sumberna papada aya di internet). Ieu teh minangka adab standar dina nyutat tulisan batur, najan euweuh disclaimer atawa statement nu nyebutkeun yen upama nyutat tulisan eta kudu nyebutkeun sumberna. Komo deui upama jelas-jelas aya disclaimer dina tulisan nu dicutat ku urang.
 
Poe kamari kalawan teu ngahaja kuring nyimpang ka dieu. Har geuning ieu mah tulisan kuring sagemblengna nu kungsi di posting di dieu. Persis teu dipiceun sasieur, hasil keureut-tapel. Ngan hanjakal, sumberna teu disebutkeun.
 
Keuheul? Ah henteu. Aya rasa atoh sabenerna mah, sabab ieu teh hartina tulisan kuring aya ajenna pikeun disebarkeun ka balarea. Naha atuh make ngomong sagala? Ih, ieu mah ngelingan, ngajak babarengan diajar ngajenan kana karya batur. Pan mun teu dibiasakeun ti ayeuna, engkena bakal kangeungeunahan, jadi kabiasaan teu ngajenan kana hasil pagawean batur. Dina soal ieu mah, rumasa kuring oge sok loba poho, asa teu penting. Matak, hayu urang diajar babarengan.
 
Sacara prinsip, tulisan-tulisan kuring di SundaBlog memang teu netelakeun disclaimer nu ngudukeun pikeun nyebutkeun sumberna upama tulisan kuring dicutat atawa dikeureut-tapel (copy-paste). Tapi pan adab atawa sopan santun teh pan kudu diperhatikeun oge, komo deui keur urang Sunda anu kawentar darehdeh, tara lesot tina sopan santun dina sagala hal.
 
Sabenerna ieu lain kasus munggaran - mun tea mah bisa disebut kasus. Kajadian nu sarua tumiba kana sababraha tulisan kuring ngeunaan e-Book di Ezine Articles (basa Inggris). Tulisan-tulisan di dieu memang bebas pikeun dicutat atawa dikeureut-tapel sagemblengna ku saha bae. Ngan aya disclaimer nu netelakeun yen author box (ngaran jeung data nu nulis, kaasup link jeung promo ringkes dina tungtung tulisan) teu meunang dileungitkeun. Tapi dina kanyataanana aya bae nu bangor, dicutat tapi ngan ditulis ngaranna wungkul, malah aya nu teu ditulis pisan.
 
Tangtu bae ieu teu bisa dijadikeun alesan, "Tuh geuning urang deungeun oge kitu?" upamana. Najan datangna ti mana wae oge, nu goreng mah teu kudu diturutan. Matakna, sakali deui kuring umajak, hayu ah urang babarengan diajar ngajenan batur, diajar silih ajenan. 
 
Tags:, ,
Generated by bukamulut

Saturday, September 01, 2007

SITUS MALAYSIA DI-HACK!

Nurutkeun Wapres RI Jusuf Kalla, Perdana Menteri Malaysia (mun teu salah) geus menta dihampura via telepon ka Presiden SBY. Anu parah jeung lieur, aya pernyataan Jusuf Kalla nu netelakeun yen tindakan menta dihampura gegeden Malaysia nu ditepikeun ka SBY teh hartina sarua jeung menta dihampura ka sakabeh masarakat Indonesia.
 
Ke, ari Bapa teh cageur henteu? Nya beda atuh Jang! Teu bisa kitu wae. Eta mah tindakan pribadi. Memangna Indonesia teh bogana SBY? Kuduna ge pernyataan terbuka, resmi, di media, ditujukeun ka sakumna warga nagara Indonesia, lain ka pribadi presiden. Komo bari susulumputan make telepon mah!
 
Nempo sikep resmi pamarentah nu reaksina ngan ukur sakitu, nu sahinasna pisan, teu bisa disalahkeun lamun aya tuduhan yen rasa nasionalisme para gegeden Indonesia teh geus kacida lunturna. Mun tea mah bener kondisina saperti kitu, tetela maranehanana teh eleh ku para hacker nu kiwari geus mimiti ngacak-ngacak sababaraha situs Malaysia. Ieu tindakan teh minangka protes kana kalakuan Malaysia, nu katempona beuki ngajago tur teu ngahargaan bangsa jeung warga nagara Indonesia.
 
Bisi panasaran, ieu diantarana situs Malaysia nu 'dioprek' ku para hacker Indonesia (dikutip ti milis jurnalisme):
 
http://free.com.my/data/index.htm
http://free.com.my/config-inc.php
http://wed.com.my//modules/indexd.php
http://mobile.com.my/images/
http://pay.hileytech.com/shop1/
http://pay.waterfilter.com.my/phpMyAdmin/index.html
http://realestate.net.my/pages/
http://k2.upm.edu.my/
http://www.ktdi.upm.edu.my/components/
http://www.i-sukan.upm.edu.my/flash/
http://www.pkk.upm.edu.my/components/
http://www.ilamalaysia.org/media/
http://www.herbamalaysia.net/
http://www.herbamalaysia.net/images/hacked.htm
http://www.my-jnz.com/index.htm
http://www.kasihsayangku.com/kedaiku/images
http://bacalah.info/phproxy/leqhi.htm
http://adventuresports.com.my/
http://ansaraseremban.org.my/albums/mly.htm
http://www.perdana.net.my/albums/mly.htm
http://ciscotechnology.com.my/leqhi.htm
http://www.gemilangterbilang.com.my/
http://www.alumnibestari.org.my/
http://www.perindu.com/ejat/wp-content
http://www.myconsult.com.my/public_html/forum
http://www.ppi.uum.edu.my/forum
http://edc.uum.edu.my/index.html
http://www.libertycup.com.my/indek.html
http://www.legendtours.com.my/
 
*waktu di-cek tadi peuting, aya sababaraha situs anu masih 'normal'. Duka geus dihadean ku nu bogana, duka kaliwat can 'dioprek'.

Friday, August 31, 2007

Malaysia, Si Loba Gaya

ku: Tata Danamihardja
 
Didenge-denge jeung ditenjo-tenjo teh Malaysia asa beuki loba gaya! Mangga geura tengetan. Ti saprak Malaysia Malaysia geus hasil 'nyengker' Sipadan jeung Ligitan nepi ka diakuna pisan jadi wilayah manehna - malah ti samemehna - asa loba pisan kalakuan 'sodarah serumpun' nu matak tugenah. Kasus TKI nu remen dikaniaya, warga Indonesia nu mindeng disamarutkeun dianggap pendatang haram, kasus-kasus tapel wates nagara, jrrd. Nu panganyarna kasus wasit karate ti Indonesia nu teu pagah-puguh digebugan (dikoroyok) ku sababaraha urang pulisi Diraja Malaysia nepi ka ngajurahroh teu manggapulia, dirawat di rumah sakit.
 
Nu matak mentegeg, pihak Malaysia keukeuh embung ngedalkeun kecap menta dihampura. Sanajan sacara hukum can kabuktian saha nu salah, tapi sacara diplomatis Malaysia geus sakuduna menta dihampura, sabab sacara prinsip manehna boga kawajiban nangtayungan warga nagara asing nu nganjang ka nagarana. Komo deui nu nganjang teh warga nagara sasama anggota ASEAN. Tapi kanyataanana, Malaysia jiga nu hare-hare. Jiga nu teu boga dosa. Pretend to be innocent!
 
Waktu Dubes Malaysia datang ka DPR - duka datang sorangan, duka diondang - manehna ngan ukur balangap-belengep bari nyebutkeun kasusna keur diusut. Teu sugan ngomong menta dihampura, atawa minimalna nembongkeun empati. Lempeng we.
 
Keuheulna teh, eta sang prabu nu nyakrawati ngabahudenda Indonesia, juragan presiden, jiga nu euweuh hojah pisan. Kahayang teh, cik atuh sakalieun aya pasualan jiga kieu mah sing rada nembongkeun wawanen. Pan cek paribasa, sireum ge ari ditincak-tincak teuing mah paeh, eh..ngegel. Ari ieu sakitu harga diri jeung kahormatan bangsa dicacampah, dileyek batur teh kalahka cicing. Atuh puguh meureun batur teh kalah beuki asa aing, beuki gede hulu, beuki logay (loba gaya).
 
Jigana bae, nurutkeun paniten analis kampung bau lisung model kuring, aya sababraha hal anu nyababkeun nagara-nagara tatangga beuki warani ngahina jeung nyacampah kahormatan Indonesia.
 
1. Maranehna ngarasa leuwih maju, leuwih ma'mur tibatan Indonesia. Biasa pan, dina kahirupan sapopoe oge, jelema beunghar jeung pinter (kodek) sok mikawani kanu miskin jeung bodo. Lebah dieuna kudu diaku, memang kanyataanana kitu, gara-gara duit jang ngama'murkeun ra'yat loba dikorup.
2. Sacara diplomatis, Indonesia geus sababraha kali keok dina pasamoan diplomatik internasional. Lesotna Timor Timur, Sipadan Ligitan contona, nembongkeun yen diplomasi Indonesia bener-bener 'memble', letoy, jeung cengos. Tangtu di henteu-henteu ge ieu teh mangaruhan kana pangajen ti nagara-nagara sejen. Cek kasarna, Indonesia dianggap euweuh kabelul, dianggap anak bawang.
3. Indonesia kiwari teu boga pamingpin sarta pamarentahan anu kuat tur dipikaserab ku bangsa deungeun. Lamun urang daek jujur, kapamingpinan Sukarno jeung Suharto - leupas tina sagala kakuranganana - mibanda pamor tur dipikagigis ku bangsa deungeun. Sual kategasan dina nyanghareupan bangsa deungeun, Sukarno jagona.
 
Tangtu bae analisa ieu teh can tangtu bener, da cek tadi ge ieu mah analisa ti urang kampung nu jajauheun kana rubak ijasah. Tapi ari saukur nyanghareupan Malaysia nu loba gaya mah jigana kuring ge bisa. Carana? Titah balik tah Dubes Malaysia teh ka lemburna, tuman. Kakara meunang balik deui ka Indonesia lamun Pamarentah Malaysia geus menta dihampura sacara resmi ka Indonesia. Mun keukeuh loba gaya wae, 'ganyang Malaysia'! 'Esmosi' lah!

Malaysia, Si Loba Gaya

Didéngé-déngé jeung diténjo-ténjo téh Malaysia asa beuki loba gaya! Mangga geura tengetan. Ti saprak Malaysia Malaysia geus hasil 'nyengker' Sipadan jeung Ligitan nepi ka diakuna pisan jadi wilayah manéhna - malah ti saméméhna - asa loba pisan kalakuan 'sodarah serumpun' nu matak tugenah. Kasus TKI nu remen dikaniaya, warga Indonesia nu mindeng disamarutkeun dianggap pendatang haram, kasus-kasus tapel wates nagara, jrrd. Nu panganyarna kasus wasit karaté ti Indonésia nu teu pagah-puguh digebugan (dikoroyok) ku sababaraha urang pulisi Diraja Malaysia nepi ka ngajurahroh teu manggapulia, dirawat di rumah sakit.
 
Nu matak mentegeg, pihak Malaysia keukeuh embung ngedalkeun kecap ménta dihampura. Sanajan sacara hukum can kabuktian saha nu salah, tapi sacara diplomatis Malaysia geus sakuduna ménta dihampura, sabab sacara prinsip manéhna boga kawajiban nangtayungan warga nagara asing nu nganjang ka nagarana. Komo deui nu nganjang téh warga nagara sasama anggota ASÉAN. Tapi kanyataanana, Malaysia jiga nu haré-haré. Jiga nu teu boga dosa. Pretend to be innocent!
 
Waktu Dubes Malaysia datang ka DPR - duka datang sorangan, duka diondang - manehna ngan ukur balangap-belengep bari nyebutkeun kasusna keur diusut. Teu sugan ngomong ménta dihampura, atawa minimalna némbongkeun émpati. Lempeng wé.
 
Keuheulna téh, éta sang prabu nu nyakrawati ngabahudenda Indonesia, juragan présiden, jiga nu euweuh hojah pisan. Kahayang teh, cik atuh sakalieun aya pasualan jiga kieu mah sing rada nembongkeun wawanén. Pan cék paribasa, sireum gé ari ditincak-tincak teuing mah paéh, éh..ngégél. Ari ieu sakitu harga diri jeung kahormatan bangsa dicacampah, dileyek batur téh kalahka cicing. Atuh puguh meureun batur téh kalah beuki asa aing, beuki gedé hulu, beuki logay (loba gaya).
 
Jigana baé, nurutkeun panitén analis kampung bau lisung modél kuring, aya sababraha hal anu nyababkeun nagara-nagara tatangga beuki warani ngahina jeung nyacampah kahormatan Indonésia:
  1. Maranéhna ngarasa leuwih maju, leuwih ma'mur tibatan Indonesia. Biasa pan, dina kahirupan sapopoé ogé, jelema beunghar jeung pinter (kodék) sok mikawani kanu miskin jeung bodo. Lebah dieuna kudu diaku, memang kanyataanana kitu, gara-gara duit jang ngama'murkeun ra'yat loba dikorup.
  2. Sacara diplomatis, Indonesia geus sababraha kali kéok dina pasamoan diplomatik internasional. Lésotna Timor Timur, Sipadan Ligitan contona, némbongkeun yén diplomasi Indonésia bener-bener 'mémblé', létoy, jeung céngos. Tangtu di henteu-henteu gé ieu téh mangaruhan kana pangajén ti nagara-nagara séjén. Cék kasarna, Indonésia dianggap euweuh kabelul, dianggap anak bawang.
  3. Indonésia kiwari teu boga pamingpin sarta pamaréntahan anu kuat tur dipikasérab ku bangsa deungeun. Lamun urang daék jujur, kapamingpinan Sukarno jeung Suharto - leupas tina sagala kakuranganana - mibanda pamor tur dipikagigis ku bangsa deungeun. Sual kategasan dina nyanghareupan bangsa deungeun, Sukarno jagona.
Tangtu baé analisa ieu téh can tangtu bener, da cék tadi gé ieu mah analisa ti urang kampung nu jajauheun kana rubak ijasah. Tapi ari saukur nyanghareupan Malaysia nu loba gaya mah jigana kuring gé bisa. Carana? Titah balik tah Dubes Malaysia téh ka lemburna, tuman. Kakara meunang balik deui ka Indonésia lamun Pamarentah Malaysia geus ménta dihampura sacara resmi ka Indonésia. Mun keukeuh loba gaya waé, 'ganyang Malaysia'!
 
'Ésmosi' lah!

Monday, August 27, 2007

Ebook Gratis: Kaulinan Budak Baheula

Mun ditanya: Naha loba ahli basa Sunda di Tatar Sunda? Jawabanana: balatak! Ngaleuya! Hartina loba pisan. Tangtu loba pisan nu dilakukeun ku aranjeunna dina enggoning ngamumule ki Sunda. Tapi, punten, dina panenjo kuring mah, kalolobaanana leuwih neueul dina tataran teoretis. Seminar tea, simposium tea, diskusi tea, nulis karya ilmiah tea, jrrd. Nu jadi masalah, naha hal-hal nu dilakukeun ku aranjeunna teh nepi ka handap? Ka masarakat non-ilmiah?
 
Dina tataran praktis, urang bisa nyaksian sorangan kumaha kaayaanana dina mangsa kiwari. Sabaraha jam pangajaran basa Sunda di SD, SMP jeung SMA dina samingguna? Sabaraha judul buku basa Sunda anu medal dina sataun? Sabaraha hiji media basa Sunda nu medal sacara profesional? Acan deuih lamun ngomongkeun sual penyebaranana. Media basa Sunda upamana, salila ieu kesanna ngan ukur nulis keur sorangan, dibaca ku sorangan. Nu macana eta-eta keneh, saguliwek-guliwek keneh. Tuang jinis!
 
Lamun nempo kamajuan teknologi, utamana internet, sabenerna ieu teh bisa dimanpaatkeun pikeun ngawanohkeun basa Sunda (keun heula budayana mah, basana we heula) ka para nonoman Sunda nu salila ieu jiga nu diapilainkeun. Basa Sunda kesanna ngan wungkul keur generasi kolot, generasi buhun, generasi jadul. Padahal mun nilik potensi, internet bisa jadi media nu kacida efektifna dina ngawanohkeun basa Sunda ka maranehanana (para nonoman).  Upamana bae ku jalan ngalobaan ebook dina basa Sunda anu katenjona modern, desainna teu tinggaleun, teu ngerakeun jsb.
 
Hanjakalna nepi ka danget ieu, ebook dina basa Sunda tetela masih bisa diitung ku ramo. Padahal rea sastrawan, ilmuwan, inohong Sunda nu rubak rejeki rubak ijasah, tapi teu katenjo ketakna dina sual ieu. Mun terus-terusan ukur ngulibek dina sual teori bari jeung teu prak ngalakukeun gawe nyata, jigana masing totonggengan ceurik getih oge hese kahontalna hayang nanjeurkeun ki Sunda teh. Lain teu perlu teori, ngan leuwih alus mun bari jeung prakna!
Arulin di Pilemburan
Balik deui kana sual ebook, tibatan euweuh pisan, nyanggakeun tah ebook basa Sunda, judulna Arulin di Pilemburan, yasana bapa Akub Sumarna. Ieu ebook nu desainna teu eleh ku ebook wedalan luar negeri teh (dijamin moal ngerakeun), nyaritakeun kaulinan-kaulinan bihari nu ayeuna mah duka aya keneh duka teu aya. Ka nu pernah ngalaman, itung-itung mulangkeun panineungan. Atuh ka nu ngarora, minangka bekel pikeun nambahan pangaweruh, sangkan jadi nyaho yen kaulinan-kaulinan barudak nu aya dina ieu ebook teh pernah aya jeung hirup di tatar Pasundan.
 
Najan teu lengkep pisan, aya 17 kaulinan barudak Sunda nu dibahas dina ebook format PDF nu kandelna 60 kaca ieu teh. Dicaritakeun dina gaya ngadongeng wangun carita pondok (henteu teoretis), nepi ka matak pogot nu maca. Ieu ebook oge dipasieup ku 17 ilustrasi mangrupa gambar pikeun mantuan ngajelaskeun kaulinan anu keur dicaritakeun.
 

Wednesday, August 22, 2007

Mirun Seuneu

Ayeuna mah arang kadéngé tah kecap mirun seuneu téh. Mirun seuneu hartina ngahurungkeun seuneu dina hawu atawa ngasakan dina hawu. Hawu téh kurang leuwih sarua jeung tungku, dijieunna tina taneuh porang (taneuh liat). Baheula mah sok aya nu dagang hawu ditatanggung, ngider ka ditu ka dieu. Kacipta capéna, mangkaning beurat éta téh.

 

Mirun seuneu di hawu lain maké minyak tanah tapi maké suluh, bisa kai, bisa awi, atawa naon baé nu bisa diduruk. Tangtu baé kudu nu garing, ngarah babari ngahurungkeunana. Lamun nu can garing mah pasti hésé hurung sabab henteu senget, dina hurungna gé tara lila jeung kalahka mulek ku haseup. Suluh nu kieu disebutna besek, sabalikna tina senget. Mun seuneu rek pareum, biasana ditiupan make songsong, nyaeta solobong nu dijieun tina awi leutik, gedéna kurang leuwih dua atawa tilu ramo, panjangna kira-kira 30 sénti.

 

Mirun Seuneu

 

Ku sabab bahan bakarna suluh, nepi ka baheula mah aya istilah ngala suluh. Barudak biasana sok mantuan kolot ngala suluh ka leuweung. Tapi tugas barudak mah tangtu teu disaruakeun jeung kolot. Mun kolot néangan (mulungan) kai nu rada galedé, barudak mah kitu wé mulungan pangpung nu laleutik, disebutna ngaroroték. Sanggeus ngumpul terus dihurun (dihijikeun ku jalan dibeungkeut maké tali) terus ditanggung (mun aya dua hurun) atawa dipanggul mun ukur sahurun mah. Barudak awéwé mah biasana mawana téh lain dipanggul tapi disuhun dina sirah, ditilaman ku sisinggel. Sisinggel téh nyaéta lamak uurutan nu dikumpel-kumpel, dipake nilaman sirah sangkan teu nyeri kadedetkeun ku babawaan nu disuhun.

 

Mirun seuneu biasana dua kali sapoé, isuk-isuk jeung pasosoré, disaluyukeun jeung waktu dahar. Dahar di kalangan somah mah memang ngan ukur dua kali sapoé. Nu tilu kali mah biasana ngan ménak wungkul. Mun hayang barangdahar diantara waktu dahar anu geus matok, biasana cukup ku ngadahar beubeutian saperti kulub sampeu, taleus, hui boléd, suuk, jeung séjén-séjénna deui. Kumaha ari ngahurungkeun seuneu di hawu? Kayu api atawa korék api jaman baheula kacida dirit-iritna. Mun rék ngahurungkeun seuneu biasana sok néang tatangga nu geus hurung hawuna bari mawa cempor. Tah cempor ieu nu dihurungkeun, terus dibawa ka imah, kakara ngahurungkeun hawu. Nya tina kabiasaan ieu pisan nu matak aya istilah ménta seuneu.

 

Barangasakan nu utama ngan nyangu wungkul. Gurang-goréng biasana arang pisan, mimindengna mah kukuluban, sabab minyak goréng atawa minyak keletik kaasup barang méwah di pikampungan mah. Lauk asin, minangka deungeun sangu 'paporit', sok cukup ku dibeuleum (dikurusukkeun kana ruhak) atawa disangray baé lamun laukna laleutik samodel teri mah. Tarasi sambeleun ogé biasana cukup ku dibeuleum, terus diteundeun dina catang hawu. Lian ti dipaké ngasakan, hawu oge ngabogaan fungsi séjén nyaéta pikeun siduru (ngahaneutan awak, basa lemesna: sidéang) dina mangsa usum tiris, utamana isuk-isuk. Jadi bari ngasakan, sakalian siduru. Dwifungsi hawu :-)

 

Kaistiméwaan make hawu, hasil pasakanana leuwih ngeunah jeung teu bau minyak. Ngan hanjakal haseupna loba pisan, nepi ka matak harideung kana bilik imah. Nu matak baheula mah tara aya dapur anu bodas beresih.  Lolobana mah malah tara dikapur-kapur acan, sabab percumah, engke oge pasti harideung kapuput haseup.

Monday, August 06, 2007

Bung Karno: PENYAMBUNG LIDAH RAKYAT

Dina raraga mieling Poe Kamerdikaan Indonesia, taya salahna lamun urang nyoreang alam ka tukang, nyusud tapak lacak kolot urang nu ngabaladah tur bajoang geusan nanjeurkeun karaharjaan lemah cai. Bung Karno, salah sahiji proklamator kamerdikaan Indonesia, kawilang gede jasana dina enggoning ngadadasaran ngadegna Republik Indonesia. Pikeun neuleuman leuwih jero sangkan apal saha ari Bung Karno nu sabenerna, kaasup rupa-rupa implenganana, leuwih hade lamun urang  maca autobiografi Bung Karno nu ditulis ku wartawati Amerika, Cindy Adams. Judulna: Bung Karno Penyambung Lidah Rakyat.
 
Bung Karno - Penyambung Lidah Rakyat
 
Nangin punten, ieu ebook nu formatna PDF teh lain basa Sunda, tapi ditulis dina basa Indonesia. Kandelna 210 kaca, file-na teu gede, ukur 896 Kb. Basa munggaran medal, ieu buku teh masih make ejaan lama. Tapi dina ebook ieu mah, geus diganti make  ejaan baru (EYD). Nu sok rada ngahuleng maca ejaan lama, dijamin, moal lieur deui :-)
 
Hargana ngan ukur Rp. 50 ribu, kalawan spesifikasi :
 
Judul      : Bung Karno Penyambung Lidah Rakyat
Format  : PDF, 210 kaca
Font       : Tahoma 14pt
File         : 896 Kb
Ejaan      : EYD (Ejaan Yang Disempurnakan)
 
DAFTAR EUSI:
 
Bab 1    Alasan Menulis Bab Ini
Bab 2    Putera Sang Fajar
Bab 3    Mojokerto: Kesedihan Di Masa Muda
Bab 4    Surabaya: Dapur Nasionalisme
Bab 5    Bandung: Gerbang Kedunia Putih
Bab 6    Marhaenisme
Bab 7    Bahasa Indonesia
Bab 8    Mendirikan PNI
Bab 9    Masuk Tahanan
Bab 10  Penjara Banceuy
Bab 11  Pengadilan
Bab 12  Penjara Sukamiskin
Bab 13  Keluar Dari Penjara
Bab 14  Masuk Kurungan
Bab 15  Pembuangan
Bab 16  Bengkulu
Bab 17  Pelarian
Bab 18  Jepang Mendarat
Bab 19  Pendudukan Jepang
Bab 20  Kolaborator Atau Pahlawan?
Bab 21  Puteraku Yang Pertama
 
Ebookna tiasa di-download heula, jadi engke tinggal ngasupkeun passwordna wungkul. Pikeun mundut password-na, mangga kantun milih SALAH SAHIJI tina 3 cara di handap ieu:
  1. Transfer ageungna Rp. 50 ribu ka rekening:
    A/C 04.03.20.001373.9 Bank Jabar Ciamis (a/n Aan Harnani) 
  2. Kintun PULSA ageungna Rp. 50 ribu ka nomer 0818 0936 5858 (XL Bebas)
  3. Bayar nganggo e-gold ageungna US$ 6 (genep dollar AS) ka nomer rekening egold: 1793488
Sanggeus kitu, kirim konfirmasi kana email: tata_pjl@telkom.net nu eusina:
  • cara jeung tanggal mayar
  • judul ebook nu di-download, ngarah teu patukeur password-na
Sarengsena di-cek, password baris dikintunkeun nganggo email.
 
 

Sunday, July 22, 2007

Ngundeur Background Midi

Ngawitan muka SundaBlog, pasti bakal kakuping lagu Cingcangkeling. Tah Cingcangkeling versi nu ieu mah (rada jazzy) moal aya di tempat sanes, margi husus diaransemen di rorompok, kanggo baraya nu sumping ka dieu.
 
Kalandep? Nuhun ah. Kumaha pami hoyong ngundeur, teras disimpen dina komputer salira? Gampil (kanggo nu nganggo Internet Explorer), pilarian dina Temporary Files. Carana:
  1. Dina Internet Explorer klik Tools, Internet Option. Teras klik Tombol Settings, View Files. 
  2. Pilarian file Cingcangkeling.mid (biasana di handap)
  3. Klik katuhu, Copy, lajeng di-paste kana folder dina komputer salira
  4. Beres. Kantun muter. Tiasa nganggo WinAmp atanapi player sanesna
Cara sapertos kieu teh tiasa digunakeun kanggo milarian file anu ekstensina .mid (MIDI), .swf (FLASH), gambar (jpg, bmp, psd) sareng sajabina.
 
Wilujeng ngopi!

Kanggo Nu Dumuk Di Luar Negri

Sim kuring nampi sababaraha patarosan ti baraya nu aya di luar nagreg (maksadna luar negri :-), diantawisna Inggris, Jepang, Korea sareng Amerika, ngeunaan cara ngagaleuh eBook Sangkuriang full version. Seuseueurna nyebatkeun sesah upami mayar nganggo transfer pulsa mah. Kantenan da tadina ge maksadna mung kanggo baraya nu aya di Indonesia wungkul.
 
Upami ku cara transfer antar bank tangtos teu mungkin, margi jigana bakal ageung keneh biaya transferna, tibatan jumlah artos nu dikintunkeun. Namung teu kedah hariwang, aya sababaraha cara kanggo ngungkulanana:
 
1. Mayar via MoneyBookers
 
Ieu mangrupi cara pembayaran online nu panggampilna. Aya dua cara:
  • Salira daptar heula janten member di Situs MoneyBookers (haratis). Saparantos kitu, mangga kintunkeun jumlah nu kedah dibayar di situs MoneyBookers ku jalan ngeusikeun email tata_pjl @ telkom.net, atanapi
  • Kintunkeun alamat email salira ka tata_pjl @ telkom.net, sim kuring nu baris ngintun tagihan ka alamat email salira. Salajengna, salira baris diaping ku situs MoneyBookers kanggo ngintunkeun pembayaran.
2. Mayar via e-gold
 
Upami teu acan gaduh rekening eGold, mangga daptar heula (haratis) di Situs e-Gold (nu tos gaduh mah tangtos teu kedah daptar deui). Saparantos kitu, mangga kintunkeun egold ka rekening nomor 1793488. Tangtos rekening egold salira kedah dieusian heula ku eGold. Carana, salira tiasa ngagaleuh egold ti tukang dagang egold nu ngaleuya di Internet.
 
3. Nitip
 
Salira tiasa nitip pangagaleuhkeun pulsa ka rerencangan atanapi wargi nu aya di Indonesia, sakantenan dikintunkeun ka nomer XL Bebas 0818 0936 5858.
 
Saparantos mayar ku salah sahiji cara di luhur, kintunkeun konfirmasi via email ka tata_pjl @ telkom.net, nguningakeun tanggal salira ngintunkeun pembayaran/pulsa. Password baris dikintunkeun ngalangkungan email.
 
Jumlah nu kedah dibayar kanggo ngagaleuh eBook Sangkuriang full version:
 
1. Via MoneyBookers: 1 US Dollar (sadollar)
2. Via eGold                : 1 US Dollar (sadollar)
3. Transfer Pulsa       : Rp. 10 ribu (sapuluh rebu rupia)
 
Mudah-mudahan aya mangpaatna.
 
CatetanIcalkeun spasi samemeh sareng saparantos lambang @.
 

Tuesday, July 17, 2007

Mun Sangkuriang SMS-an

Tetela nepi ka kiwari ebook basa Sunda masih 'kacida pisan kabina-bina' samporetna, mun teu bisa disebut euweuh oge. Padahal ieu teh kacida pentingna pikeun ngarumat karya-karya lokal. Naon sababna? Geus kabuktian, tulisan dina buku konvensional gampang ruksak, mun teu dipiara enya-enya ku ahlina. Lian ti eta, najan geus dirumat sakumaha mistina, hiji mangsa pasti kana ruksakna.

Lamun ieu mah, lamun tulisan-tulisan tea dijieun ebook, najan teu dijamin bakal awet saendeng-endeng, tapi dijamin bakal jauh leuwih awet tibatan buku konvensional. Ngan pikeun ngawujudkeunana, loba pisan masalahna, diantarana bae (meureun):

1. Ebook can pati dipikawanoh, boh ku masarakat umum, boh ku para inohong
2. Wanoh, tapi teu paduli
3. Can aya niat nu daria ti urang Sunda pikeun ngamumule tulisan sangkan leuwih awet
4. Euweuh nu daek ngamodalan, sabab dihenteu-henteu oge nyieun ebook ngabutuhkeun dana, tanaga jeung kaparigelan nu teu dipiboga ku unggal jalma

Kumaha ari ketak ti pamarentah? Ah, komo eta mah, ulah diarep-arep :-)

Tibatan ngarep-ngarep aya nu ngamimitian bari jeung hararese, mending der dipigawe ku sorangan nya, bisi disebut kalahka omong. Salah sahiji buktina, kuring mindahkeun naskah carita Sangkuriang yasana R. T. A. Sunarja (euweuh taunan, tapi jigana mah ditulis dina awal abad 19), kana wangun ebook. Naskah aslina masih keneh make ejaan lama, kapaksa ditulis ulang, sangkan teu lieur nu maca.
e-Book Sangkuriang

Ebook Sangkuriang tiasa diundeur gratis di dieu. Ngan wayahna, aya sababaraha kaca diprotek, tapi nu sesana mah (lolobana) angger bisa dibaca. Sangkan bisa kabaca kabeh, kudu ngasupkeun password. Tah, jang ngagantian password, teu kudu meuli, tapi cukup ngirimkeun pulsa (XL Bebas) minimal 10 rebu rupia (leuwih ge teu nanaon) ka nomer 0818 0936 5858. Insya Allah moal matak leuleuweungan, piraning saharga soto atawa baso, itung-itung jajan budak.

Dimana geus ngirim, ulah poho ngirim SMS konfirmasi, ngabejakeun ngaran jeung tanggal ngirim pulsa. Conto: Iksan, 29 Oktober 2007. Password baris dikirim via SMS oge.

Naha mani kudu digantian, pan biasana ge sok gratis? Ih atuh itung-itung ngagantian tanaga we, buruh ngetik ulang jeung mindahkeun kana format ebook, buruh ngelas ngelis, jsb. Bosen ongkoh, gratis wae. Amunisi lah, ngarah rada sumanget. Cara mayar ku pulsa ieu kawilang cara nu rada aneh, tapi keun we lah. Nu penting mah papada ngeunah, sami-sami raos. Kitu sanes? Saneees...

Sok atuh, nu nineung kana basa Sunda, nu ngarasa urang Sunda, tibatan miceunan pulsa ka nu teu pararuguh, mending dipake ngamumule basa sorangan. Dijamin, moal hanjakal. Prung ah!

Wednesday, June 06, 2007

Software Sunda Munggaran Sa-Alam Dunya!


Kantos mendakan software nganggo basa Sunda? Sim kuring mah asana dugi ka danget ieu mah teu acan kantos kawenehan. Duka upami kirang ngorehan mah.

Upami tea mah teu acan kantos aya, jigana software Milangkala teh memang leres janten software munggaran nu basana nganggo basa Sunda. Sanaos sanes software anu 'canggih', namung aya misi anu mandiri kanggo ngalenyepan jatining hirup sareng huripna. Oge mamanawian ieu software tiasa lebet ka MURI :-)

Waktos teh kacida nyerelekna. Software Milangkala, minangka software munggaran dina basa Sunda, ngajak urang pikeun ngalenyepan waktos. Mangga geura emut-emut, naon anu kaimpleng upami salira milangkala (ulang taun)? Biasana tara ieuh kalenyepan, tos dugi ka mana urang lumaku dina enggoning nyangking pancen salaku khalifah di dunya ieu? Naon bae nu tos dipidamel ku urang dina ngamangpaatkeun sesa umur?

Ku software ieu baris katingali kumaha nyerelekna waktos, kumaha nambihanana yuswa urang dina etangan milidetik. Sabaraha sasih, sabaraha dinten, sabaraha menit, sabaraha detik, sabaraha milidetik saleresna urang parantos lumampah atanapi kumelendang di alam dunya? Software ieu, dina enas-enasna mah ngajak pikeun ngamangpaatkeun waktos kanggo nyiar bekel dunya akherat.

Milangkala oge dilengkepan ku 'alarm' (pangemut-ngemut) dina wangun 'pop-up message', sabaraha dinten deui salira dugi kana waktos milangkala. Sadayana jentre diuningakeun. Oge baris aya pangbagea otomatis kanggo salira upami kaleresan panceg dugi kana dintenan milangkala.

Cara nganggona, salira kantun ngalebetkeun data mangrupi tanggal lahir (tanggal, sasih sareng taun), pencet tombol, salajengna kantun nitenan sabaraha saleresna yuswa salira, dinten naon salira digubragkeun ka alam dunya sareng saterasna.

Lian ti eta, salira oge tiasa ngintunkeun software milangkala minangka hadiah atanapi kagegelan, kanggo ngaraketkeun tali silaturahmi sareng wargi, rerencangan kuliah, rerencangan kantor, sareng sajabina. Jenengan sareng alamat web atanapi email, oge tiasa dilebetkeun kana ieu software ngagunakeun software panambih: kalabrander. Cara nganggona oge aya dina pituduh 'AOS HEULA', gampil tur henteu matak sesah.

Software Milangkala sakumplitna tiasa diundeur (download) haratis di dieu.

Nyanggakeun, wilujeng ngaraosan software sunda munggaran sa-alam dunya!

Sunday, April 29, 2007

Nurutan Jepang

Duka kunaon, kuring mah sok teu puguh rarasaan mun ningali jelema gelut (kecuali tinju, eta mah beuki!). Enya da beda pan gelut jeung tinju mah, najan prinsipna mah sarua silih teunggeul, silih gitik. Ari dina tinju mah pararuguh aturanana, ari nu gelut mah sakainget, nu penting lawanna bisa eleh.
 
Najan gelut-gelut keneh, tinju mah diatur, sangkan akibatna bisa diminimalkeun. Malah pan nepi ka aya sakolana. Enya samodel sakola lah, najan disebutna lain sakola, tapi sasana tinju. Nu matak kaget, aya sakola nu lain sakola tinju, tapi singhoreng gebug jeung teunggeul teh geus jadi lalab sapopoe.
 
IPDN. Cek nu heureuy mah Institut Petinju Dalam Negeri. Asa ketir nenjona ge! Padahal eta teh sakola tempat ngatik calon-calon pamingpin eta teh. Atuh paingan pamingpin teh garalak nya! Galak omong, teuteunggeul sacara fisik (emut keneh basa aya menteri keur diskusi neunggeul peserta diskusi?), galak ka istri, jeung galak kana duit! Kumplit pisan...
 
Seserenteng, hahaok (jeung papaok :-)) tetela henteu identik jeung hiji seler atawa bangsa. Watek kasar, embung eleh, ngandelkeun kakuatan pisik bisa aya di mana wae, di seler mana wae. Buktina urang Indonesia nu majar someah hade ka semah, mun ditengetan mah bet asa teu katembong. Teu di cacah teu di menak eta teh. Nya tungtungna mah mun ngarasa dipikasieun tur aya kasempetan, tuluyna teh kana rarampid. Mangpang-meungpeung, meungpeung dipikasieun!
 
Tuh tingali pejabat nu ngarewodan duit ra'yat. Areuweuh kaera pan. Dina kapanggihna, cukup we ku alangah-elengeh. Lunas ku sakitu! Atawa, dina kelas handapna, tempo we preman nu sok malak. Pan kana banda batur teh jiga kana barang sorangan. Teu kaop resep, cokot! Jadi euweuh bedana antara pejabat jeung preman teh! Sarua!
 
Pun biang jenatna sering ngadongeng, jaman penjajahan mah tentara Jepang anu kacida dipikasieun teh. Garalak, hahaok, jeung babari teuteunggeul. Padahal urang Jepang harita mah awakna paretekel, pendek, teu jiga urang Jepang jaman ayeuna.
 
Ku sabab dipikasieun, nya kitu jadi ngagalaksak kana sagala. Harta banda urang lembur nu kasaba ku tentara Jepang mah pasti ledis, beak beresih. Nepi ka bedog buntung, peso butut, lain omong bohong, dirampid, duka jang naon. Malah pan wanoja mah ulah we katenjoeun ku tentara Jepang teh. Soalna mun kalandep, pasti moal bisa baha, kudu daek jadi korban panadah birahi maranehanana. Pan kadieunakeun mindeng kabejakeun, para jugun ianfu alias para wanita korban tentara Jepang menta parurugi sabab baheula geus digadabah tur dirurujit ku tentara Jepang.
 
Kahayang teh cing atuh nya kajadian baheula teh sing dijieun eunteung. Najan teu ngalaman sorangan, pan urang ge pasti ceuceub ka jelema nu haok hamprong, bari jeung ceceremed sagala dirampid. Ari taeun, ieu mah kalahka ditarurutan ku urang. Galakna, rarampidna, kabeh ditiron. Na rek karumaha cenah ieu teh?
 
Padahal yakin, sarerea ge pasti keuheul ka jalma nu ngabogaan pasipatan saperti kitu. Malah sual bangsa Jepang baheula sagala dirampid mah pan aya laguna sagala:
 
Pacul butut parang butut jaman Jepang
Bedog rompang peso buntung di pengkolan
Meuli pecel diladangan ku parawan
Etana antung-antungan
 
Matakna, cing atuh geura calageurrr.. geura sing harideng, ulah kalakuan teh kawas nu garelo. Diduakeun sing arenggal damang. Bisi ieu mah, bisi, mun kateterusan jiga kieu, engke etana antung-antungan.
 
Iiiiyyyyyy....

Wednesday, March 14, 2007

Tipi

Geus aya kana dua taunna tipi di juru kamar kuring teu hurung. Tipi berwarna, merek Philips, ukuran opatwelas inci. Nyempod we euweuh gawe tah tipi teh. Padahal dibeuli teh pan rek diarah gawena, sina nembongkeun sagala kajadian di alam dunya ka kuring, nu ngageugeuh di ieu kamar. Ari ieu kalahka ngadon campego we na luhur meja,  teu daya teu upaya.
 
Teu dileuleungit, keur can ruksak mah manehna - enya tipi tea - kungsi jadi primadonna pangeusi imah. Sarerea sok parebut hayang ngalalajoan manehna. Komo keur anyar keneh mah. Teu sirikna dipeleter sapopoe sapeupeuting, dilalajoan ku jelema nu beda-beda. Pilem, sinetron, kuis, acara musik, ceramah, bobodoran, bewara (berita) jeung sajabana, gumantung kana karesep jelema nu ngalalajoanana.
 
Acara-acara musik, pilem-pilem barat, biasana hancengan kuring jeung pun alo nu lalaki. Bewara, eta mah sarerea sok lalajo. Sinetron, ieu maha kasedep pun lanceuk nu kadua, awewe. Ari kana kuis jeung bobodoran mah ampir kabeh pangeusi imah resep. Ceramah biasana jatah pun biang, unggal subuh tara kalangkung.
 
Samemehna kungsi boga tipi hideung bodas (B/W), jaman pun bapa jumeneng keneh. Pun bapa mah karesepna tilu rupi: berita, maen bal jeung badminton. Nu tilu ieu mah pun bapa pasti nongton. Harita stasiun tipi kakara aya hiji-hijina, TVRI. Basa ganti kunu Philips tea, pun bapa tos ngantunkeun.
 
Kira-kira dua taun ka tukang, pun lanceuk nu lalaki ujug-ujug ngirim tipi anyar, leuwih gede tinu ti heula. Basana teh ngakayakeun pun biang anu tos sepuh. Karunya cenah, taun-taun nongton tipi sagede ceuhil. Nya ti harita tipi nu leutik hijrah ka kamar kuring. Tumaninah, bisa lalajo sakahayang, teu parebut jeung batur. Najan kitu, angger we kuring ge mindeng lalajo di ruang tengah, ngariung jeung batur. Komo palebah acara bobodoran mah, mending keneh lalajo babarengan, ngarah bisa seuri ngeunah. Lalajo sorangan mah 'garing'!
 
Ngan ma'lum barabg geus kolot, tipi nu di kamar kuring mimiti sok ngadat. Kadang-kadang hurung, kadang-kadang henteu. Tungtungna nepi ka pareumna pisan, teu bisa disetel. Tungtungna ngajugrug we aya kana dua taunna. Kungsi rek dibenerkeun, nitah tukang serpis ka imah. Ditalatahkeun sababaraha kali teu datang bae. Keuheul tah, padahal da rek dibayar ieuh atuh. Geus lila ti harita kungsi datang, nanyakeun. Euweuh geus dipiceun, cekeng teh. Padahal mah aya, ngan kuringna kaburu keuheul.
 
Teu ngahaja, sababaraha poe ka tukang kuring ngobrol jeung nu sok babantu di imah. Aya tukang serpis tipi anyar cenah, baheulana sok usaha di kota. Teu olo-olo nu ieu mah, tadi datang ka imah, nyokot tipi buhun benerkeuneun. Tibatan meuli nu anyar, mending ngahadean si buhun, sugan aya keneh hadeaneunana.
 
Ayeuna kuring keur nungguan. Hayang lalajo deui si buhun di kamar sorangan. 
 

Monday, March 05, 2007

Persib Nu Aing!

Duka ku naon, kuring mah teu pati resep ka nu ngaran-ngaran olahraga. Rek mengbal, rek poli, rek badminton, atawa naon bae seupaning olah raga, asa tara kabita. Apal kuring oge, ieu teh kurang merenah, sabab pan cenah olah raga teh penting. Tapi dalah dikumaha, ari teu resep?

Ngan disebut geuleuh oge henteu deuih. Biasa we, lempeng, teu geuleuh teu deudeuh. Nu matak di sakola ge peunteun olahraga mah tara jauh ti genep. Eta ge geus loga merena jigana mah. Paling banter peunteun tujuh. Teorina we eta teh, da praktekna mah ngan ukur bisa jogging jeung sapintrong (skipping). Eta teh geus alus milik. Teu ngarti kuring ge. Padahal jenatna pun bapa mah karesepna teh mengbal jeung badminton. Eta nu teu nurun ka kuring teh.

Mun pareng batur rame tur paciweuh lalajo Piala Dunya, enya mengbal, kuring mah tara ngahajakeun lalajo. Dina lalajona ge loba pungak-pinguk teu nyaho ngaran-ngaran pamaenna. Sakapeung sok heran nempo batur meh nepi ka ditalar tah ngaran-ngaran pamaen teh. Kuirng mah nu apal teh ngan Maradonna. Ka dieunakeun, nu nyaho teh Ronaldo. Eta oge pedah we gampang nyirianana, waosna rada ka hareup, jeung buukna make kukuncungan di hareup, jiga si Tolol dina komik Djair.

Tapi sanajan kitu, tetela rasa nasionalisme kuring teh jigana gede oge. Mun sakalieun Indonesia (PSSI) maen mah, sok aya kereteg hayang lalajo, bari jeung ukur tina tipi oge. Atawa lalajo piala Thomas, All England jsb (badminton), eta mah sok maksakeun.

Hiji deui nu sok maksakeun lalajo teh. Persib. Mimiti nyaho teh keur jaman Robby Darwis, Adjat Sudradjat, Sobur (kiper asana mah nya?), jeung nu saangkatan harita. Enya keur jaman aya keneh kompetisi Perserikatan. Persib mah musuh kabuyutanana teh jeung PSMS Medan. Tuh, nyahoan pan?

Jigana bae keur kuring mah, lalajo mengbal teh gede pakuat-pakaitna jeung rasa kadaerahan atawa nasionalisme. Mun nu maenna Persib atawa PSSI (nu sok elehan bae), kakara sok hayang lalajo. Hayang milu surak mun pamaen 'urang' ngasupkeun. Pipilueun keuheul mun pamaen 'urang' dicurangan batur atawa dilicikan ku wasit. Ari nu maenna deungeun-deungeun mah, ah na asana teh make jeung kudu pipilueun cape ngabobotohan? Jiga nu lalajo mengbal Jerman jeung Perancis upamana, naha bet urang nu kudu pipilueun pasea? Wawuh ge henteu. Euweuh gawe!

Kadieunakeun, kompetisi perserikatan dieuweuhkeun. Pamaen oge kaci ngebon ti lembur batur, malah ti nagri deungeun. Ieu teh cenah salah sahiji cara pikeun ningkatkeun ajen pamaen lokal, sangkan kabawa alus. Pokona teorina teh kitu. Teuing tah praktekna. Naha enya gara-gara eta jadi leuwih alus atawa angger bae, tong nanya ka kuring urusan nu kitu mah. Sidik teu ngarti..

Ngan kadang-kadang sok waas we mun inget ka baheula. Lalajo Persib teh keur kuring sarua jeung ngalalajoan urang Sunda, urang Jawa Barat. Beungeutna oge beungeut-beungeut lokal. Ari ayeuna, pamaenna teh rupa-rupa pisan, ti mimiti nu hideung meles (camani), nu coklat, nu rada wiang-wiang, nepi ka nu bodas pisan. Kabeh aya. Ti mimiti produk lokal, nepi ka luar negeri aya. Memang teu nanaon eta ge, ngan keur kuring mah kadang-kadang asa leungiteun suasana nu kungsi kaalaman baheula.

Tapi ah keun bae ketang. Nu penting mah Persib hirup keneh, jeung tong elehan bae, najan alamna geus beda ge. Jeung da teu anti pamaen asing kuring ge. Buktina basa jaman Bandung Raya ngalalakon, kuring ge nepi ka kungsi dipoto jeung Dejan Glusevic, pamaen asing urang Montenegro (mun teu salah) :-)

Basa Persib maen ngalawan Pelita Tangerang, kuring oge lalajo, najan ukur dina tipi. Kayungyun ku Barkouwi, palebah ngasupkeun kana gul lawan, henteu terus lumpat bari ngacungkeun dua ramo (victory lap) sakumaha ilaharna. Ieu mah kalahka ngarengkenek..jaipongan! Heh..heh..sae..sae eta teh Jang. Komo mun sakalian bari ngahaleuang lagu Sunda mah, tangtu matak leuwih kayungyun. Matakna, engke mah diajar basa Sunda geura, Jang Owi (nenehna tina Barkouwi, ngarang sorangan we iru mah). Pan engkena bisa jiga Robby Darwis, ngagorowok, "Halik ku aing!!".

Friday, March 02, 2007

Asam Urat

Emh! Kieu ari geus kolot nya.. Sagala karasa. Nyareri awak, carangkeul, lieur, jeung sajabana asa mindeng pisan umanjang. Cacak can aki-aki ieu teh rarasaan mah.
 
Bareto mah sok kadang-kadang maido mun kolot aya kanyeri teh. Disangka teh ogoan we, ngarah dipencetan, ngarah diusapan. Singhoreng teh da memang enyaan nyeri meureun, lain akon-akon. Jeung datangna teh tara pipilih deuih. Teu rek cacah, teu rek menak, ari ngaran-ngaran geus kolot mah, nya kudu we ngarandapan.
 
Kituna mah tong boro-boro jelema ketang, mobil atawa motor ge pan beuki kolot umurna teh lain beuki jagjag, tapi kalah beuki ririwit. Eta mah geus hukum alam. Jadi nu ayeuna keur ngalaman bagja dipaparin sehat, dipaparin jagjag belejag, omat sing bisa ngamangpaatkeunana. Meungpeung keur sehat, meungpeung keur jagjag, asa euweuh salahna mun ngalobakeun amal teh. Pan cenah ganjaranana oge leuwih gede, saimbang jeung kakuatan nu digunakeunana.
 
Sok inget kana ceramahna almarhum Pa Gozali. Saur anjeunna, solatna budak ngora anu ngan ukur lekum-lekum gajleng sabab rek lalajo dangdut, bisa wae ganjaranana leuwih gede batan aki-aki nu ngadekul sholat 2 jam ku sabab geus euweuh gogoda hayang itu hayang ieu. Saur anjeunna keneh, nu matak budak ngora meunang ganjaran gede teh ku sabab sanajan napsuna gede keneh kana kadunyaan, tapi maksakeun, mereketkeun ngalakonan sholat. Hartina sanajan hatena geus kumejot hayang lalajo dangdut, tapi inget keneh kana ngalakukeun parentah Gusti.
 
Tah tekadna mereketkeun karep eta pisan nu jigana bae meungang ganjaran teh. Pan cenah perang nu panggede-gedena teh nyaeta merangan hawa napsu nu aya dina diri urang. Ari aki-aki tea, da puguh memang geus boro-boro hayang lalajo dangdut atuh. Kaanginan saeutik ge pan salesmana nepi ka tujuh taun. Jadi dina lebah dinya mah, perjuanganana nu teu pati kapeunteun teh. Tapi tangtu bae lain hartina aki-aki ulah sholat khusyu. Ngan nu pasti mah, mun budak ngora nu gede keneh napsu jeung kahayang tapi bisa sholat khusyu jiga aki-aki tea, wah, eta mah Te O Pe Be Ge Te. Top banget cenah, cek alo kuring mah.
 
Dua minggu kamari kuring kasiksa ku asam urat, nepi ka teu bisa leumpang-leumpang acan. Leumpang teh sasat digusur sabab suku kacida nyerina, jaba bareuh jeung teu bisa ditilepkeun. Teu ka dokter, hoream jeung mahal. Meuli jamu, alhamdulillah teu sakara-kara. Bisa sholat sakumaha mistina, henteu saukur unggak unggeuk jiga basa keur karasa asam urat. Ngan cenah kudu loba nginum ciherang jeung kudu rajin olah raga. Puguh eta pisan nu hoream teh. Tapi dalah dikumaha, pan hayang cageur. Jadi, teu meunang baha.
 
Sok emut kana kasauran jenatna pun biang. "Ari dipapatahan teh kudu ngadenge," saurna. "Engke oge karasa geura mun geus kolot mah, sagala nu dipapatahkeun ku indung bapa teh memang bener. Nu matak ari jadi jelema mah dipahing pisan, teu meunang adigung, ieu aing uyah kidul. Sakumaha gagahna, sakumaha gandangna ge, digilekkeun we ku Gusti teh sina bisul dina palangkakan upamana, moal manggapulia. Bobor karahayuan."
 
Tetala, kolot mah tara saomong-omongna.
 

Thursday, February 22, 2007

Mangle Kapiheulaan ku India!!

Dina postingan sawatara waktu ka tukang, kuring ngadongeng sual loba jelema nu ngagampangkeun atawa nganggap enteng kana pagawean batur. Pamustunganana, jelema model kieu mah mun nitah baranggawe haget, tempona kudu mayar laliat, hararese. Kasarna mah embung rugi, atawa paling henteu, susuganan jelema nu kuduna dibayar pohoeun :-) Pan untung tah!
 
Lain di urang wungkul eta teh. Nu kitu mah teu dimana teu di mana, bisa wae kajadian. Rek di Indonesia, rek di tatar Sunda, rek di India, rek di alak paul (McCartney). Dina dongeng nu kamari tea, kuring nagih ladang kesang ka dua tempat. Hiji ka Mangle (ieu geus mulan-malen, geus ganti taun malah), hiji deui ka India. Di Mangle mah duka teuing sabaraha, da nyaho kuring ge pasti saeutik. Nu di India jumlahna US$ 800 (kurang leuwih 7 juta rupia).
 
Sanggeus nungguan, alhamdulillah, ahirna datang nu ti India mah, katampa tanggal 15 Pebruari 2007 nak. Jumlahna gembleng, teu kurang teu leuwih, ngan ukur dipotong pajeg ketang. Kaitung gancang mun diitung ti mimiti kuring nagih nepi ka dibayarna, sabab jarakna ge rewuan kilometer.
 
Anehna palebah nagih ka nu tempatna leuwih deukeut, masih sa-propinsi, sarua seler Sunda, jaba duitna ge teu sabaraha, lebeng nepi ka ayeuna can aya kelemeng-kelemengna acan. Atawa mungkin bae kuring teu nyaho mun kantorna geus pindah ka kutub kaler meureun :-)
 
Nu matak hayang seuri, keukeuh nanyakeun alamat imah, sok padahal unggal naskah ge sok dilengkepan ku nomer rekening. Maksud teh ngarah teu hararese, kudu ngincig ka kantor pos, jaba teu boga KTP deuih. Tapi jigana keukeuh rek dikirim make wesel pos, bari henteu jeung prakna, da nepi ka ayeuna ge asa can nampa. Kacida!
 
Lamun nempo galagat jiga kieu, kuring sok pesimis nyawang pikahareupeun urang Sunda teh. Rek kumaha bisana profesional ari teu dimimitian tinu hal-hal laleutik mah. Atawa mun dibalikkeun, mun dina hal-hal laleutik wae teu bisa profesional, rek kumaha bisana profesional dina ambahan nu leuwih lega atawa makro. Dina conto nu gampang, tong ngalamun jadi penyanyi kawentar mun can pernah nyanyi di panggung tujuh belasan RT.
 
Mun tea mah bener Mangle boga cita-cita hayang jadi media nu profesional, omean heula we manajemen sual ngahargaan kontributor. Mun eta geus bener, kakara meunang ngalamun kana ambahan nu leuwih lega. Teu kitu mah lapur, engkena teh bakal hayoh we katalimbeng dina alam panglamunan, mikir soal profesionalisme makro, mikir sual ngalegaan ambahan media nu majar ayeuna mah lain ngan saukur majalah carpon, baru jeung sual profesionalisme praktis kapopohokeun. Na ari nganjuk profesional kitu?
 
Asa lieur puguh ge mikiran urang Sunda nu majar palinter, handap asor, someah, tur teu weleh ngajenan ka sasama. Cek kuring ieu mah, beuki dieu teh asa beuki teu nyekrup antara gambaran manusa ideal Sunda, dibandingkeun jeung kanyataan sapopoe. Sual honor dianjuk memang teu bisa dijieun dasar pikeun narik kasimpulan yen sipat ideal manusa Sunda geus tigejret kana hambalan nu panghandapna. Jauh teuing atuh lamun eta dijadikeun dasar pikeun narik kasimpulan. Tapi hal ieu teh minimalna bisa jadi 'warning' atawa panggeuing ka urang sarerea salaku urang Sunda, yen di sabudeureun urang teh aya kajadian nu matak 'rujit' saperti kieu.
 
Mindeng kuring ngadenge inohong Sunda nu awong-awongan yen urang Sunda teh kudu maju sangkan diajenan ku seler sejen oge ku bangsa sejen. Kuring mah ngan nyenghel we. Rek kumaha bisana urang Sunda diajenan ku seler atawa bangsa sejen, lamun urang Sundana sorangan teu bisa ngajenan ka sasamana, pituin urang Sunda. Sok araraneh!
 

Wednesday, February 21, 2007

Ganti Kulit

Puasa ge aya lebaranana. Biasana poean lebaran gararinding, make baju anyar. Dahareun oge nyakitu. Nu biasana dahar karo uyah cek paribasana, poean lebaran mah maksakeun, sagala diaya-ayakeun, nepi ka aya paribasa kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran.
 
Ari blog mah da tara puasa. Tapi kadang-kadang asa bosen make baju nu eta-eta keneh, tampilanana kitu-kitu keneh. Maenya oray wae sok ganti kulit, ari blog henteu:-) Ngan nyaeta horeamna teh, mu hayang ganti baju, loba pisan pigaweeunana. Komo SundaBlog mah masih make template blog nu baheula, najan sistemna geus migrasi ka blogger anyar ge.
 
Teu wudu lieur oge, sabab loba hal nu kudu dipigawe manual. Tapi ari dikeureuyeuh mah tungtungna anggeus oge. Hasilna, rada lendeng kana sirah, jaba loba pigaweeun sejen nu kuduna dipigawe jadi kaboler. Ngan ari geus anggeus mah, sok resep nempo hasil pagawean teh. Asa pangalusna we sugan mah. Kajeun ceuk batur goreng ge, nu penting hasil kurah-kerih sorangan, uprak-oprek otodidak. Meunang sababaraha poe mah terus we dilengleng, ditatap diusap :-) Baju anyar teaa...
 
Ka sugri nu bade tutukeuran link, hususna blog nu nganggo basa Sunda, disuhunkeun rido galihna kanggo netelakeun oge deskripsi ngeunaan blogna. Teu kedah panjang-panjang, cekap sabaris atanapi dua baris. Contona tiasa ditingali di gigir palih katuhu dina sidebar Blog Tatangga.
 
Reureuh heula ah...
 

Sunday, February 18, 2007

Bedana Budak Jeung Kolot

Naon kitu bedana budak jeung kolot? Jiga patalekan sambewara, padahal jero-jeroanana mah ieu teh penting oge keur bahan lenyepaneun. Sacara pisik jelas budak jeung kolot beda. Mun lalaki upamana, budak mah beresih, can bala ku bulu, kolot buluna dimana-mana. Mun awewe, budak mah awakna lalempeng keneh, sedengkeun anu geus sawawa, tangtu loba 'pengkolanana'.
 
Tapi eta mah teu pati penting, sabab lila-lila oge budak bakal ngolotan. Tangtu nambahanana umur budak teh baris dibarengan ku robahna pisik saluyu jeung tambahna umur. Ku kituna, lain ngan ukul pasualan pisik nu ngabedakeun budak jeung kolot atawa jalma sawawa teh, tapi oge sikep dina nyanghareupan hiji situasi. Pek geura tengetan, budak mah mun pasea teh tara katutuluyan. Isuk-isuk pasea rongkah tepi ka derna gelut, beurangna mah geus babarengan deui ngadu kaleci. Bari jeung euweuh tapak-tapak urut pasea eta teh. Jajauheun kana ngunek-ngunek atawa nepi ka ngakalakeun.
 
Kumaha ari kolot? Tah ieu nu ngabedakeunana teh. jelema beuki ngolotan teh biasana beuki belikan, beuki babarian, beuki gampang kasinggung, jeung sajabana. Padahal idealna mah pan kudu beuki wijaksana dina sagala rupa hal oge, sabab beuki nambahan umur tangtu beuki loba pangalamanana, beuki rubak elmu pangaweruhna, beuki sugih ku pangarti, jeung rea-rea deui.
 
Tapi tetela dina kanyataanana mah teu kitu, sabab di sagedengeun hal-hal anu ditataan bieu, singhoreng beuki kolot teh beuki nambahan oge 'ego'na. Jigana bae nya ieu pisan nu matak mun kolot pasea sok mulan-malen, ngunek-ngunek, malah nu mutuhna pisan mah sok aya nu nepi ka silih arah pati sagala. Na'udzubillahi mindzalik.
 
***
 
Salila ieu kuring miluan milis aya kana tilupuluhna. Rupa-rupa topikna. Naha loba-loba teuing? Ah teu nanaon atuh, lumayan keur nambah-nambah pangaweruh, da tetela jelema-jelema nu miluan milis teh loba nu palinter. Jadi keur kuring mah ieu teh itung-itung sakola, rumasa balilu, boro-boro rubak ijasah, estu sepi pangarti, tuna pangabisa. Nya ku jalan kieu kuring loba ngalap elmu pangaweruh bari jeung haratis, teu kudu ngaluarkeun duit sapeser-peser acan.
 
Ngan nyakitu, kuring mah lain anggota aktip nu miluan ngobrol atawa gunem catur komo deui diskusi. Kuring leuwih resep jadi 'lurker', ngintip, macaan, bari nyerep pangaweruh nu pasuliwer dina sakitu puluh milis. Naha geuning kitu? Pan milis mah matak dijieun ge tujuanana teh keur gunem catur, sok sanajan ngan ukur dina wangun tulisan? Memang kitu sabenerna mah. Ngan, saperti nu tadi dicaritakeun, lian ti mangpaat nu kacida jembarna dina milis, singhoreng loba oge panyerewedan tur pacogregan nu kadang-kadang matak era parada.
 
Tetela loba jelema anu egona leuwih gede ti batan raga badagna. Hal-hal anu kadang-kadang sabenerna mah masalah leutik tur lain sual prinsip, mindeng nimbulkeun papaseaan. Itu ieu saruana pada-pada embung eleh. Sanajan teu katempo euceuy atawa kerengna beungeut nu keur parasea, tetep we kuring mah sok asa teu puguh rarasaan. Nya dina situasi kieu pisan urang baris leuwih gampang nenjo sipat-sipat asli hiji-hijina jelema. Jelema keur ngambek tea, sanajan ngan ukur tulisan, tapi kekecapan nu dipilih biasana 'petingan', kecap-kecap meunang miliha nu kira-kira matak nganyerikeun hate nu jadi lawan paseana, sangkan nu nyarekan ngarasa puas.
 
***
 
Jadi ana kitu mah, tetela umur teh lain hiji-hijina faktor nu bisa dijieun pangajen sual wijaksana henteuna hiji jelema. Budak nu tara ngunek-ngunek sanajan tas pasea jeung papada baturna, dina panenjo kuring jauh leuwih wijaksana tibatan kolot nu teu asak jeujeuhan tur teu asak sasar, ngaberung ngasuh egona, embung katitih ku batur dina sagala hal.
 
Nu matak, kuring mah mending kieu we lah, jadi tukang noong, rumasa teu bisa pasea sabab sok era enggeusna. Keun we da noong ge lain noong nu mandi ieuh. Pira ge noong kolot-kolot nu kudu diajar deui ka barudak!
 

Tuesday, February 06, 2007

Surat Terbuka keur Mangle

Ngabelaan hak, kadang-kadang jadi masalah. Kondisi anu henteu kondusif mindeng ngaburak-barik kamistian anu logis. Upamana, soal honor tulisan, ku sabab nagih teu dipalire bae, tungtungna kalahka era nu nagih. Di dieu logika geus diburak-barik, sabab sakuduna mah nu era teh tangtu nu ditagih.
 
Ieu teh kaitanana jeung pasualan profesionalisme. Beuki profesional hiji media, beuki taliti tur apik dina enggoning ngajalankeun usahana, boh nu urusanana di jero pausahaan, komo deui nu urusanana jeung pihak-pihak di luar pausahaan, sabab baris rambat kamale kana urusan 'nama baik'.
 
Kamari-kamari, kungsi patelak jeung hiji translation agency ti India, sarua ieu ge sual bayaran proyek voice over nu gawena geus beres tapi teu dibayar-bayar. Nileyna 800 dollar Amerika. Manehna nunda-nunda transfer ku rupa-rupa alesan. Sanggeus bosen nagih, bakating ku keuheul tungtungna dicarekan laklak dasar (bari jeung teu puas, da nu pangeunahna saalam dunya mah taya deui iwal nyarekan ku basa Sunda). Kuirng menta remmitance copy, pikeun klaim ka bank di Indonesia. Tungtungna, aya tanggapan sanggeus satengah diancam rek diuar-uar di internet. Minggu ieu kuring nungguan jangjina.
 
Ari jeung Mangle mah, nyakitu, tulisan geus dimuat, tapi teu dibayar-bayar. Ditanyakeun, euweuh tanggapan pisan, nepi ka jiga kuring teh nu baramaen. Padahal, kuring mah lain jajaluk, lain barangpenta, tapi nungtut hak kuring nu geus kagawean. Geus sababaraha kali ditanyakeun eta teh. Sabenerna lain nominalna nu jadi masalah, tapi leuwih nyoko kana sual profesionalisme media dina ngahargaan pangarang. Ku euweuhna tanggapan, kuring ngarasa teu dihargaan, ngarasa dilelece. Kajurung ku kitu, kamari kuring ngirim deui email ka Mangle, nagih.
 

Sareng hormat,
 
Sim kuring, Tata Danamihardja, kantos nulis kolom sababaraha kali dina Mangle. Nu matak reueus, dugi ka ayeuna, honorna teu dikintun. Reueus, margi ieu teh salah sahiji ciri profesionalisme media Sunda nu kawentar.
 
Sim kuring parantos ngintun email sababaraha kali, ti ngawitan nuju aya keneh website, dugi ka ngulapesna nganggo email gratisan majalahmangle@yahoo.co.id, sareng ayeuna, saparantos ditambihan email gratisan deui bae rumpaka-mangle@plasa.com. Dugi ka ayeuna teu aya waleran, tiis, padahal nomer rekening diserat kumplit.
 
Omat, ulah naroskeun dina Mangle nomer sabaraha tulisan sim kuring dimuat, margi sim kuring teu langganan Mangle. Komo saparantos honor tulisan dianjuk mah, tara pangangguran ngeteng oge. Sareng omat, ulah dianggap sim kuring jajaluk atanapi baramaen. Ibarat kuli nu tos ngabedug, tangtos narima bayaran teh sanes pedah dipikarunya, nanging estu ngaladangan kesang, boh ageung boh alit.
 
Upami administrasi di Mangle memang leres profesional, tangtos sadaya data aya dina database, kalebet tulisan anu teu acan dibayar. Tangtos moal sesah milarian, ka dituna, tangtos moal sesah mayar honor anu memang tos kaladangan, tos kakesangan. Kitu oge upami leres Mangle profesional sakumaha sawangan balarea.
 
Mudah-mudahan email sim kuring ieu dibaca ku nu gaduh kawenangan nangtoskeun kawijakan di Mangle, sarta henteu di-DELETE ku 'kuricakan' nu alim dilepatkeun, alim ngangken kana kalepatan, teu beres dina sual tartib administrasi, hususna sual pembayaran honor tulisan.
 
Sakali deui, sim kuring sanes jajaluk atanapi baramaen. Ieu mah bakating ku seueul, nagih sababraha kali, teu aya tanggapan pisan. Upami memang teu aya kanggo mayarna, lillahi ta'ala, asal wakca, sareng katangen aya perhatosan ku jalan ngabalesan email sim kuring ieu sacara formal, boh ti bagian keuangan, oge ti rumpaka. Peryogi ditegeskeun, sim kuring nagih ladang kesang, sanes baramaen.
 
Baktosna,
 

 
Aya tanggapan ti Pa Rudi H. Tarmidzi, duka naon posisi anjeunna di Mangle.
 

Hatur nuhun kana koreksina. Serat Bapa parantos di tembuskeun ka Bag. Keuangan. Seratan Bapa, datana masih aya.
 
1. Fenomena The Beatles, edisi 2079
2. Cikaracak Ninggang Batu, edisi 2078
3. Kota Kagok, edisi 2064
4. Blog, edisi 2060
 
Hatur nuhun.
 

Aya kamajuan. Ku sakieu ge matak ngeunah kana hate. Henteu dianggap angin teuing, sok sanajan telat kabina-bina, tur ieu teh email kuring nu teuing ka sabaraha hiji, kakara aya walonan. Lumayan, tamba henteu teuing.
 
Ngan, tangtu ieu teh kudu dijieun conto ku Mangle, lamun memang bener-bener hayang jadi media nu profesional. Ngabina 'hubungan baik' sakuduna lain ngan ukur jeung para pangarang moyan atawa pangarang 'inner circle' wungkul (baraya, kawawuhan) tapi oge jeung sakumna pihak nu aya patula-patalina jeung aktifitas media. Conto ekstrimna, lamun kabeh pangarang moyan jeung pangarang 'inner circle' maraot kabeh, saha nu rek neruskeun lacakna lamun lain pangarang-pangarang 'kutukupret' samodel kuring?
 
Nu masih keneh ngaganjel, mun ditingali tina email jawaban di luhur, teu aya sakecap oge nu nuduhkeun rasa hanjakal soal telatna pembayaran honor. Komo menta dihampura mah ti Mangle, hiji media masa Sunda nu umurna geus puluhan taun. Tetela menta dihampura teh hiji sikep anu MAHAL kabina-bina. Tangtu lamun kuring tokoh nu terkenal mah sikep Mangle salaku media teh baris beda, moal saperti kieu. Nya ieu pisan nu kuring sering disebut diskriminasi media teh. Feodalisme tetela ayana lain ngan ukur dina tatanan kamasyarakatan wungkul, da geuning media nu sakuduna egaliter oge masih ngeukeuweuk sikep samodel kieu. Lenyepaneun sarerea.
 
Ayeuna kuring keur nungguan jangji. Hayu urang barandungan.