Rupa-rupa Kabeurangan
Cek sakaol, kabeurangan teh  aya dua rupa: kabeurangan nu dihaja, kabeurangan rada dihaja, jeung kabeurangan  nu teu dihaja. Baruk aya kabeurangan nu dihaja kitu? Seueur, kulan. Eta geuning  sok loba PNS nu ngantorna sakainget. Kuduna ngantor jam tujuh, ku sabab asa  digawe di kantor nini aki, der datang jam sapuluh. Mending mun digawena teh  suhud, balik jam opat atawa jam lima. Ieu mah henteu. Jam satengah satu geus  anggalesoh, bujurna ngadadak lenjong. Alesan itu ieu, leos we balik. Na  ngaladangan naon atuh nya ari nu kitu? Eta ku geus teu asa jeung jiga tea  meureun..
 Anehna ari di kantor-kantor  swasta gedean mah leuwih disiplin. Lain euweuh, ngan asana moal ngabudaya jiga  di kantor-kantor pamarentah. Ieu teh taya sanes ku lantaran di swasta mah  biasana jelas dina soal 'reward and punishment'. Bolos sakitu jam, nya potong we  gajihna, kitu conto nu gampangna mah. Nya ieu pisan nu teu dilarapkeun di  kantor-kantor pamarentah teh. Pagawe negeri mah jongjon, sabab gajih geus maneuh  unggal bulan. Perkara bolos atawa melencing, wah, nu dilaluhur ge sarua we  melencing. kitu biasana alesanana teh.
 Pun lanceuk kabeneran pagawe  nagri di Cirebon. Ngadongeng, cenah eta mah aya anak buahna nu digawena teh ngan  ukur sapoe dina sabulan, istuning datangna teh ngan poean nyokot gajih wungkul.  Dipapatahan mah dipapatahan, hih angger we kitu. Alesanana teh cukup ku, "Teu  gaduh ongkos Pa.." Dasar euweuh kaera. 
 "Naha atuh lain carekan,  atawa laporkeun we ka atasan?" cek kuring mangloh. 
 "Teu wasa," tembal ki  lanceuk, "Sidik si eta teh dulurna atasan Akang.."
 Wah, teuing atuh ari kitu  mah!
 Kumaha ari kabeurangan nu  rada dihaja? Ieu mah sabenerna teu hayang kabeurangan, tapi aya hal sejen nu  nyababkeun kabeurangan. Contona mun keur usum mengbal Piala Dunya tea. Pan  sarerea ge tangtu lain hayang kabeurangan, tapi hayang lalajo mengbal.  Kadang-kadang sapeuting jeput tah teu sare ngabelaan karesep kana mengbal teh,  bari jeung nu mengbalna mah teu dulur teu baraya, teu hir teu walahir. Ngan  orokaya isuk-isukna sok tunduh. Jadi we kabeurangan. Teu dihaja pan  kabeuranganana mah? Tapi lalajo mengbalna - nu matak tunduh nepi ka kabeurangan  ngantor, eta mah dihaja. Jadi, nu kieu nu kabeurangan rada dihaja  teh.
 Nu katilu, kabeurangan nu  teu dihaja. Ieu mah bener-bener teu dihaja. Tangtu kabeuranganana oge moal  terus-terusan jiga PNS. Bisa wae peutingna aya nu gering, terus kudu kemit, teu  bisa sare. Ngaranna ge musibah. Jadi mun isukna kabeurangan, nya dima'lum, da  lain kahayangna tur lain ngahaja. 
 Di kampung, sok loba pisan  budak sakola nu kabareurangan. Alesanana oge kuat, babantu digawe ka kolotna.  Ma'lum budak di kampung mah, najan leutik keneh, loba nu geus diandelkeun  mantuan kolot. Ngarit jang domba tea, ngala cai tea, narokan suluh tea, jeung  sajabana. Kitu soteh da meureun kajurung ku kaayaan. Mun kolotna sagala aya mah,  piraku teuing tega anakna kudu migawe pagawean kolot nepi ka matak kabeurangan  sakola sagala. Ngan dalah dikumaha deui atuh. Matak guru-guru di sakola ge sok  loba ngama'lum, tamaha, bongan pamarentah can bisa ngama'murkeun sakabeh  rahayatna.
 Sanajan kitu, ari  mindeng-mindeng teuing mah, keuheul oge pa Guru teh. Saperti si Ibro anak Mang  Daman. Eta mah da teu sirikna unggal poe atuh kabeurangan teh. Memang sabenerna  mah memeh sakola teh manehna sok guwa-gawe heula mantuan kolotna. Ngan ku sabab  mani unggal poe pisan, Pa Guru teh antukna mah bendu oge.
 Basa si Ibro kabeurangan  deui, Pa Guru nyentak, "Tas naon heula atuh maneh teh Ibro? Tuh batur mah geus  ngerjakeun soal aya kana sapuluhna!"
"Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.
"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.
"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek. Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!
 "Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.
"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.
"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek. Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!



2 comments:
Kang,... manawi teh seratanana bade daria sagemblengna, na da ieu mah na panungtunganana matak seeuleun macana. Horeng akang teh resep ngaheureuykeun batur oge....
Pan salah sahiji sipat urang Sunda mah resep banyol :-)
Post a Comment