EBOOK GRATIS: 100 CARPON SUNDA
Neangan e-Book basa Sunda di internet hese kabina-bina. Beda jeung upama   urang neangan e-Book basa Inggris atawa basa Indonesia. Balatak, tinggal milih.   Ku naon pangna kitu? Ah duka teuing. Jeung da patalekan eta mah sabenerna lain   bagean kuring pikeun ngajawabna. Eta mah bagean para inohong, para ahli,   intelektual Sunda anu sakuduna mikiran bari jeung prakna neangan cara sangkan   basa Sunda diparake ku urang Sunda. Sangkan diparake pan kudu aya sarana jang   ngawanohkeunana, diantarana nya ku jalan ngupayakeun sangkan bacaan Sunda   sumebar tur gampang diakses, kaasup dina internet.
  Najan kitu, ari kanyaah mah asana gede keneh sanajan kuring lain inohong   atawa intelektual oge. Ngan tangtu dina ngebrehkeun kanyaahna oge beda jeung   aranjeunna nu palinter nyarios, palinter ngayakeun seminar, kongres jeung duka   nanahaon deui lah ngaranna teh. Kuring mah nya nu kadada kaduga we, nu kahontal   ku uteuk. Make cara mikir praktis tur pragmatis nu henteu rumit. Mun nu arang   langka teh bacaan basa Sunda, nya mikir teh kumaha carana sangkan bacaan basa   Sunda loba tur bisa diakses gratis. Praktis pan? Teu kudu diseminarkeun asana nu   kitu mah.
  Ieu mah ngabalakan wungkul. Nyanggakeun tah e-Book 100 Carpon Sunda, kantun   diundeur di http://www.facebook.com/sundablog   GRATIS alias teu kedah mayar. Nu tos janten baraya SundaBlog kantun klik dina   tab Bagea. Mudah-mudahan ka payunna baris langkung seueur nu nyumbangkeun bacaan   Sunda gratis di internet. 
  Mudah-mudahan.
  Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu   tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun   sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
  
 


4 comments:
hatur tengkiyu kang ^^
Sami2...
ngiring bingah kang..sareng abi ngiringan ngelink...nuhun
http://nanoys.blogspot.com
http://tigangatax.blogspot.com
ieu blog mantes tur merenah pikeun nu mikareueus micinta basana... htrnuhun pisan....!
Post a Comment