Prosa Liris Basa Sunda Munggaran Dina Podcast
Keukeuh, najan kumaha bae oge, getih  kasundaan teh masih keneh kimpel, teuing ku naon. Rarasaan kitu soteh, da ari  prakna mah duka teuing. Ngan nu jelas, uteuk teh mindeng ngocoblak sorangan make  basa Sunda. Mun dina mobil mah, mesinna masih keneh orisinil meureun, sanajan  aksesorisna mah geus kacampuran ku nu lain-lain. 
Ngotektak podcast dina  internet, berekah can kawenehan manggihan podcast basa Sunda. Teuing mun kurang  imeut neanganana. Mun tea mah bener can aya, kuring hayang jadi nu pangheulana  nyieun podcast make basa Sunda. Sanajan teu dihususkeun jadi podcast basa Sunda,  insya Allah, mun dipaengkeun, mun aya waktuna, mun teu hoream, mun kaduga keneh  mayar akses internet, rek dileukeunan posting di Tata's Podcast. Memang rada beurat,  soalna ngaran-ngaran upload audio mah rada beurat, ma'lum file-na galede.  
Ke, ke, ke, naon ari podcast teh? Nurutkeun  Wikipedia, podcast teh kurang leuwih runtuyan file media digital audio atawa  video anu didistribusikeun ngaliwatan internet. Podcast bisa diundeur atawa  didengekun langsung dina situs podcast. 
Minangka ngalalanyahan, bilih  aya nu peryogi, saheulaanan kakara prosa liris 'Bulan Jeung Bentang' nu dijieun  podcast. Bisa diundeur, bisa oge didangukeun langsung dina situs Tata's Podcast (http://atata.podbean.com).  Nyanggakeun.

 


1 comment:
waduh sae yeuh blogna, komo lgu-laguna siiiip lah......
kang abdi ge da icalan miniatur rumah Sunda tiasa di longok kang....He...he.
abdi oge nga link deuih kadieu...teu sawios kan...?!.
Yu ah sing semangat ngamumule budaya Sunda na....
wassalam drazs
www.drazs.blogspot.com
Post a Comment