Nurutan Jepang
Duka kunaon, kuring mah sok teu puguh  rarasaan mun ningali jelema gelut (kecuali tinju, eta mah beuki!). Enya da beda  pan gelut jeung tinju mah, najan prinsipna mah sarua silih teunggeul, silih  gitik. Ari dina tinju mah pararuguh aturanana, ari nu gelut mah sakainget, nu  penting lawanna bisa eleh.
 Najan gelut-gelut keneh, tinju mah diatur,  sangkan akibatna bisa diminimalkeun. Malah pan nepi ka aya sakolana. Enya  samodel sakola lah, najan disebutna lain sakola, tapi sasana tinju. Nu matak  kaget, aya sakola nu lain sakola tinju, tapi singhoreng gebug jeung teunggeul  teh geus jadi lalab sapopoe. 
 IPDN. Cek nu heureuy mah Institut Petinju  Dalam Negeri. Asa ketir nenjona ge! Padahal eta teh sakola tempat ngatik  calon-calon pamingpin eta teh. Atuh paingan pamingpin teh garalak nya! Galak  omong, teuteunggeul sacara fisik (emut keneh basa aya menteri keur diskusi  neunggeul peserta diskusi?), galak ka istri, jeung galak kana duit! Kumplit  pisan...
 Seserenteng, hahaok (jeung papaok :-))  tetela henteu identik jeung hiji seler atawa bangsa. Watek kasar, embung eleh,  ngandelkeun kakuatan pisik bisa aya di mana wae, di seler mana wae. Buktina  urang Indonesia nu majar someah hade ka semah, mun ditengetan mah bet asa teu  katembong. Teu di cacah teu di menak eta teh. Nya tungtungna mah mun ngarasa  dipikasieun tur aya kasempetan, tuluyna teh kana rarampid. Mangpang-meungpeung,  meungpeung dipikasieun!
 Tuh tingali pejabat nu ngarewodan duit  ra'yat. Areuweuh kaera pan. Dina kapanggihna, cukup we ku alangah-elengeh. Lunas  ku sakitu! Atawa, dina kelas handapna, tempo we preman nu sok malak. Pan kana  banda batur teh jiga kana barang sorangan. Teu kaop resep, cokot! Jadi euweuh  bedana antara pejabat jeung preman teh! Sarua!
 Pun biang jenatna sering ngadongeng, jaman  penjajahan mah tentara Jepang anu kacida dipikasieun teh. Garalak, hahaok, jeung  babari teuteunggeul. Padahal urang Jepang harita mah awakna paretekel, pendek,  teu jiga urang Jepang jaman ayeuna. 
 Ku sabab dipikasieun, nya kitu jadi  ngagalaksak kana sagala. Harta banda urang lembur nu kasaba ku tentara Jepang  mah pasti ledis, beak beresih. Nepi ka bedog buntung, peso butut, lain omong  bohong, dirampid, duka jang naon. Malah pan wanoja mah ulah we katenjoeun ku  tentara Jepang teh. Soalna mun kalandep, pasti moal bisa baha, kudu daek jadi  korban panadah birahi maranehanana. Pan kadieunakeun mindeng kabejakeun, para  jugun ianfu alias para wanita korban tentara Jepang menta parurugi sabab baheula  geus digadabah tur dirurujit ku tentara Jepang.
 Kahayang teh cing atuh nya kajadian  baheula teh sing dijieun eunteung. Najan teu ngalaman sorangan, pan urang ge  pasti ceuceub ka jelema nu haok hamprong, bari jeung ceceremed sagala dirampid.  Ari taeun, ieu mah kalahka ditarurutan ku urang. Galakna, rarampidna, kabeh  ditiron. Na rek karumaha cenah ieu teh? 
 Padahal yakin, sarerea ge pasti keuheul ka  jalma nu ngabogaan pasipatan saperti kitu. Malah sual bangsa Jepang baheula  sagala dirampid mah pan aya laguna sagala:
 Pacul butut parang  butut jaman Jepang
Bedog rompang peso buntung di pengkolan
Meuli pecel diladangan ku parawan
Etana antung-antungan
 Bedog rompang peso buntung di pengkolan
Meuli pecel diladangan ku parawan
Etana antung-antungan
Matakna, cing atuh geura calageurrr..  geura sing harideng, ulah kalakuan teh kawas nu garelo. Diduakeun sing arenggal  damang. Bisi ieu mah, bisi, mun kateterusan jiga kieu, engke etana  antung-antungan. 
 Iiiiyyyyyy....

 


3 comments:
thanks buat infonya
gimana caranya dengar music di blog
Sama-sama Robert. Eh, emangnya ngerti Sunda?
Dengerin musik, ya sama..pake telinga :-) Mmm.. ya harus ada playernya di komputer kita..
Post a Comment