Asam Urat
Emh! Kieu ari geus kolot  nya.. Sagala karasa. Nyareri awak, carangkeul, lieur, jeung sajabana asa mindeng  pisan umanjang. Cacak can aki-aki ieu teh rarasaan mah. 
 Bareto mah sok kadang-kadang  maido mun kolot aya kanyeri teh. Disangka teh ogoan we, ngarah dipencetan,  ngarah diusapan. Singhoreng teh da memang enyaan nyeri meureun, lain akon-akon.  Jeung datangna teh tara pipilih deuih. Teu rek cacah, teu rek menak, ari  ngaran-ngaran geus kolot mah, nya kudu we ngarandapan.
 Kituna mah tong boro-boro  jelema ketang, mobil atawa motor ge pan beuki kolot umurna teh lain beuki  jagjag, tapi kalah beuki ririwit. Eta mah geus hukum alam. Jadi nu ayeuna keur  ngalaman bagja dipaparin sehat, dipaparin jagjag belejag, omat sing bisa  ngamangpaatkeunana. Meungpeung keur sehat, meungpeung keur jagjag, asa euweuh  salahna mun ngalobakeun amal teh. Pan cenah ganjaranana oge leuwih gede,  saimbang jeung kakuatan nu digunakeunana. 
 Sok inget kana ceramahna  almarhum Pa Gozali. Saur anjeunna, solatna budak ngora anu ngan ukur lekum-lekum  gajleng sabab rek lalajo dangdut, bisa wae ganjaranana leuwih gede batan aki-aki  nu ngadekul sholat 2 jam ku sabab geus euweuh gogoda hayang itu hayang ieu. Saur  anjeunna keneh, nu matak budak ngora meunang ganjaran gede teh ku sabab sanajan  napsuna gede keneh kana kadunyaan, tapi maksakeun, mereketkeun ngalakonan  sholat. Hartina sanajan hatena geus kumejot hayang lalajo dangdut, tapi inget  keneh kana ngalakukeun parentah Gusti.
 Tah tekadna mereketkeun  karep eta pisan nu jigana bae meungang ganjaran teh. Pan cenah perang nu  panggede-gedena teh nyaeta merangan hawa napsu nu aya dina diri urang. Ari  aki-aki tea, da puguh memang geus boro-boro hayang lalajo dangdut atuh.  Kaanginan saeutik ge pan salesmana nepi ka tujuh taun. Jadi dina lebah dinya  mah, perjuanganana nu teu pati kapeunteun teh. Tapi tangtu bae lain hartina  aki-aki ulah sholat khusyu. Ngan nu pasti mah, mun budak ngora nu gede keneh  napsu jeung kahayang tapi bisa sholat khusyu jiga aki-aki tea, wah, eta mah Te O  Pe Be Ge Te. Top banget cenah, cek alo kuring mah.
 Dua minggu kamari kuring  kasiksa ku asam urat, nepi ka teu bisa leumpang-leumpang acan. Leumpang teh  sasat digusur sabab suku kacida nyerina, jaba bareuh jeung teu bisa ditilepkeun.  Teu ka dokter, hoream jeung mahal. Meuli jamu, alhamdulillah teu sakara-kara.  Bisa sholat sakumaha mistina, henteu saukur unggak unggeuk jiga basa keur karasa  asam urat. Ngan cenah kudu loba nginum ciherang jeung kudu rajin olah raga.  Puguh eta pisan nu hoream teh. Tapi dalah dikumaha, pan hayang cageur. Jadi, teu  meunang baha. 
 Sok emut kana kasauran  jenatna pun biang. "Ari dipapatahan teh kudu ngadenge," saurna. "Engke oge  karasa geura mun geus kolot mah, sagala nu dipapatahkeun ku indung bapa teh  memang bener. Nu matak ari jadi jelema mah dipahing pisan, teu meunang adigung,  ieu aing uyah kidul. Sakumaha gagahna, sakumaha gandangna ge, digilekkeun we ku  Gusti teh sina bisul dina palangkakan upamana, moal manggapulia. Bobor  karahayuan."
 Tetala, kolot mah tara  saomong-omongna. 
 Tags: Daily Life, Opinion

 


2 comments:
Oh, janten Kang Tata teh bisul palebah palangkakan?
*nyumput*
Dasarrr.. Henteu atuh, palebah eta mah sanes bisul tapi arateulll..
*ngudag nu nyumput*
Post a Comment