Monday, September 11, 2006

Tukang Renten

Kapeped teu boga duit? Rek nginjeum ka bank prosesna lila? Posedurna pabeulit? Datang we ka rentenir! Dijamin prosesna gampang. Ayeuna ngamprah, harita keneh duit kacangking. Ngan... nyakitu tea. Lian ti bungana matak sawan, oge kapan dilarang ku agama. Renten, nya riba tea. Nu nginjeumkeun, nu nginjeum, perantara, saksi, atawa nu sakadar nuduhkeun, sarua dosana.
 
Najan kitu, nepi ka kiwari tukang renten balatak di mana-mana. Di kampung,di kota, sarua bae. Saha nu salah? Cek kuring mah sarerea, boh tukang rentenna, boh nu nginjeumna. Tukang renten jelas salah, sabab eta pagawean teh jelas-jelas dilarang. Nu nginjeum oge salah, sabab tukang renten ge moal payu mun euweuh nu neangan injeumeun duit renten mah.
 
Kumaha atuh ngungkulanana? Kudu aya kasadaran ti sarerea. Nu sok ngarentenkeun kudu sadar yen eta pagawean teh dosa. Jaba meureun duit riba teh engkena dipake maraban anak pamajikan. Naha tega kitu mun anak urang nu teu tuah teu dosa kabarerang ngarandapan azab ti Pangeran alatan dosa urang? Nu nginjeum oge sarua. Duit meunang nginjeum ti rentenir teh yakin moal barokah sabab proses neanganana wae geus dosa. Jaba deuih dosa lantaran ngalanggengkeun rentenir pikeun terus-terusan milampah dosa, sabab maranehanana bakal kangeungeunahan nyiar duit ku jalan ngarentenkeun.
 
Aya tatangga, geus kacida kolotna. Cenah baheulana teh rentenir, beunghar kabina-bina keur ukuran kampung. Perhiasan reunceum, imah alus, kendaraan boga. Baheulana, cenah deui wae, hirup ngahenang ngahening. Cenah, cek beja, da kuring mah nyahona ge ayeuna. Nu kuring nyaho mah, manehna teh teu kurang teu leuwih saukur nini-nini nu hirupna nunggelis, kantun nunggu-nunggu dawuh. Euweuh saeutik-eutik acan tapak-tapak urut beunghar. Katempona ngotor, cileuhan, caludih. Pagawean unggal isuk ukur moyan. Dina umur nu geus cueut ka hareup, hirupna istuning nyorangan, euweuh nu ngurus. Sabenerna mah boga budak, ngan caricing di kota. Ongkoh da tara ieuh ngalalongokan, jiga nu ngantep.
 
Aya deui urut rentenir. Nu ieu mah bapa-bapa, can kolot-kolot teuing. Ngan hirupna teh sangsara kakolotnakeun. Sok maksakeun dagang di pasar. Lain di jongko, tapi nagog di sisi pasar. Ieu oge sarua, katingalina teh asa kalotor, padahal baretona teh kaasup ganteng.
 
Paralun lain goreng sangka, ngan nu katempo ku kuring mah, jelema nu resep ngarentenkeun, tara katempo beresih. Beda jeung lamun urang ningali ustad, upamana. Najan teu kasep, tapi katempona teh beresih. Naha ieu teh mangrupa tanda ti pangeran, yen di dunya keneh ge geus ditembongkeun kotorna pagawean tukang renten? Wallohu alam. Mudah-mudahan maranehanana dipaparin hidayah, bisa ngamangpaatkeun sesa waktuna pikeun tobat ka Gusti Nu Maha Suci. Amien.

 
Technocrati Tags: , , ,

2 comments:

Singgih Nata said...

Kahartos panginten, naha "dunia Barat" ngamusuhan Agama Islam. Kecap-kecap, "Riba, Sadakah, Zakat Fitrah" teh kecap anu matak paksieuneun pisan.

Tah Pamarentah dicekok ku kecap "kapitalis". Mya kapaksa dilegleg da sieun teu meunang ngeclok ka IMF.
Buktina "Koperasi" diurang meh paeh boa geus paeh meureun.

Ncep Tata, geuning beuki katingali yen "ayana anjen didunia" teh geuning manggul "mission".

Abah Joe

Anonymous said...

Ah, ararisin Om. Abdi mah mung ukur sabulang bentor, kenging pulang pulung. Tetebiheun tina gaduh misi mah, abot :-)

Kapungkur lingih di Ciclengka? Salut Om,tos puluhan taun linggih di luar negri, henteu hilap kana basa Sunda. Dupi geureuha urang pituin Amrik kitu? Punten ah talete..