My name's Ade, I'm a Sundanese!
Pun alo, budak awewe umur 4 taun,  keur meujeuhna capetang. Sagala diomongkein, sagala dicaritakeun. Mun sakalieun  diajak ka warung atawa jalan-jalan, heg diaropenan, eh da kalah diajakan ngobrol  tah nu ngopenan teh. Dasar budak.
 Mimiti diajak ka warung, ditanya ku  tukang warung, "Mau beli apa Neng?"
"Bade ngagaleuh peremen," pokna. Puguh we tukang warung ngajenghok, majar teh, "Aduh eneng, mani lucu, pinter nyarios basa Sunda.." Har, ari Ceuceu, na marukan aya di mana kitu urang teh? Asana can pindah da Panjalu teh. Masih angger aya di Ciamis, Jawa Barat, di tatar Pasundan.

Rek heran pantes ketang.  Kalolobaanana, barudak papantara ki alo teh ku kolotna sok dipirucaan nyarita  basa Indonesia. Padahal cicing teh di lembur nu pangeusina ampir kabeh urang  Sunda. Tapi nyakitu, jigana loba nu ngarasa kurang 'bergengsi' mun anakna  dipapatahan nyarita basa Sunda. Nu matak pantes mun si Ceuceu tukang warung  heran oge.
 Pun alo ge lain teu kapangaruhan.  Mindeng mun tas ulin jeung batur, ari balik sok pirajeunan nyarita basa  Indonesia. Ngan sok dipapatahan ku bapana. "Ade, di bumi mah nyariosna kedah  basa Sunda nya. Sanes udah, tapi parantos." Eta pedah si Ade ditanya ku indungna  geus mandi atawa acan, si Ade ngajawab 'udah'.
 Kuring sadudulur memang dilahirkeun  di tanah Pasundan. Indung bapa asli urang Sunda. Digedekeun di lingkungan Sunda.  Asa lebar mun budak nepi ka teu ngarti basana sorangan. Minimal, di imah mah  wajib nyarita ku basa Sunda, sabab eta teh mangrupa fondasi anu nangtukeun  jatidiri ka hareupna. Lamun fondasina geus kuat, najan di luar imah pangaruh  budaya atawa basa sejen kacida kuatna oge, asana moal nepi ka bobor karahayuan.  Moal nepi ka jati kasilih ku junti. Jati dirina baris tetep ajeg tur pengkuh  dina kasundaan.
 Tadi sore si Ade, pun alo tea,  ngaharempoy nyampeurkeun. "Mang, Dede palay diajar basa Inggris ku Emang, wios?"  pokna bari ngagigiwing buku pelajaran basa Inggris nu lanceukna. "Naha Ade naros  kitu sagala?" cek kuring.
"Pan bilih Emang bendu, bilih teu kenging", tembalna semu sieun.
"Nya kenging atuh bageur. Teu kenging soteh nyarios di bumi atanapi nyarios sareng urang Sunda deui ku basa deungeun."
"Atuh Ade sareng Emang oge engke teu kenging nyarios ku basa Inggris?"
"His, kapan ieu mah nuju diajar, janten teu nanaon," walon teh. Abong budak.
"Papah sareng Mamah moal bendu?" pokna deui.
"Moal, dijamin.." cek kuring bari mesem, kagugu ku celembengna.

Si Ade nyerengeh. Kahariwangna  leungit. Panonna herang ngenclong, kebek ku sumanget. Bade diajar saratus basa  oge mangga teh teuing geulis, nu penting mah ulah lali ka purwadaksina, ulah  poho kana wiwitan. Da urang mah urang Sunda, ngomong sapopoe ge wajib ku basa  Sunda, hate kuring ngagerentes. Na implengan kabayang mojang Sunda ampuh timpuh,  ngagalindeng, "Hello, my name's Ade, I am a Sundanese, native Sundanese."  

No comments:
Post a Comment