Saturday, July 08, 2006

REFORMASI 'NA TUNGTUNG LETAH

Tata Danamihardja
 
Heuheuy deuh! Reformasi. Teuing geus sabaraha puluh juta letah nu ngunikeun kecap reformasi. Ku loba-lobana, mun dina duit mah geus pasti inflasi. Mun barang, tangtuna ge geus diobral..dijual dimurah-mareh, dapon balik modal, malah kadang-kadang sawios rugi.
 
Reformasi mun dihartikeun salancar, kurang leuwih ngalakukeun formasi ulang. Nu tadina geus teu pati reugeujeug, dibebenah deui, dihadean deui, sangkan balik deui kana rel anu sakuduna. Omat ulah nanya hartina ditilik tina jihat ilmiah, da kuring mah teu taram-taram kanu kitu, teu wawuh-wawuh acan. Nu jelas, dina pemahaman awam saperti kuring, reformasi teh ngabebenah nu teu bener sangkan jadi bener. Ngalelempeng nu teu merenah sangkan jadi merenah. Ah, pokona mah sagalana kudu leuwih alus tibatan nu enggeus-enggeus.
 
Taun 1998 gerakan reformasi ngajungkelkeun presiden nu keur jeneng, Pa Harto. Gerakan nu majar diluluguan ku mahasiswa teh lir galura nu nguwak ngawik tirani nu keur meujeuhna nyemprung ngaberung. Teu mangga pulia, kakawasaan nu sakitu gagah rongkahna, sakitu sakti mandragunana, serah bongkokan. Tanpa sarat.
 
Kiwari, dalapan taun ti harita, loba nu nanya, naha enya kitu geus aya parobahan? Jawabanana, pasti aya. Ngan lebah leuwih alus atawa leuwih ngacapruk, tetela masih bisa dijadikeun bahan diskusi (kitu cek basa legegna). Dina sababaraha aspek, loba parobahan anu pikeun sawatara pihak dianggap nyugemakeun. Kabebasan berekspresi, upamana. Pan ayeuna mah jelema teu gegebegan teuing mun beda pamanggih jeung pamarentah. Teu jiga baheula (cenah), sanajan kuring teu pati yakin. Sababna? Tingali kasus Munir, nu ayeuna ngabuntut bangkong. Nepi ka kiwari can kanyahoan (atawa ngahaja sangkan teu kanyahoan) saha nu jadi dalangna. Nu ditewak mah biasa we kutukupretna, nu saukur jadi sekrup, eksekutor (pelaksana), nu tangtu leuwih gampang dicerek sabab tangtu moal tangginas jiga ki dalang. Sakadar jadi pelor tina hiji 'mesin perang' anu teuing sagede kumaha jungkerengna. Kasus ieu teh pan taya lian alatan beda pamanggih jeung pamarentah, nepi ka (meureun) dianggap 'ngabahayakeun'.
 
Hal sejen nu sering dijadikeun alesan yen kabebasan ngalaman kamajuan teh biasana tina mindengna kajadian demo. Tuh cenah, tingali, ayeuna mah rek ngomong naon wae oge teu dikukumaha. Demo..demo..barade? Padahal lamun dilenyepan esensina mah, naha enya kitu nu disebut nagara demokrasi teh bentukna saperti kieu? Demonstrasi taya reureuhna. Sautak saeutik demo. Deui deui demo. Matak lieur nu ngabandungan. Nepi ka aya nu sasangkleng, majar teh demo bisa dijadikeun objek wisata kota. Ck, ck, ck...
 
Atawa, tuh cenah anggota legislatif oge ayeuna mah teu ngan ukur bisa sare, tapi bisa oge..gelut! Enya, gelut, bukbek, jiga budak parebut kaleci. Euleuh-euleuh, asa kamalinaan nya? Atawa memang kudu kitu ari di nagara demikratis mah? Teuing ah, lieurrr!
 
Kumaha ari korupsi? Tetela teu jauh beda jeung baheula. Mun rek disebut beda ge, paling-paling lamun ditilik tina 'konsentrasina'. Baheula mah korupsi teh museur di lingkaran elit pusat, pangpangna di lingkungan keluarga istana. Ari ayeuna mah tetela leuwih walatra. Ti pusat nepi ka daerah, paboro-boro ngagarong duit nagara alias duit rahayat, da nagara teh pan dibiayaan ku rahayat. Komo saprak pelaksanaan otonomi daerah mah. Teu sirikna di unggal kabupaten kaungkab kasus korupsi nu rata-rata jumlahna ratusan milyar. Ieu meureun nu dimaksud adil dan merata teh..
 
Pek ilikan kasus Pa Harto. Nu bareto sakitu dibubujungna teh, jiga nu enya, ari giliran ngajagragkeun ka pangadilan mah loba alesan, jiga nu teu niat ngarengsekeun. Padahal matak naon pek jagragkeun ka pangadilan, ngarah puguh bule hideungna. Mun salah, nya hukum. Mun henteu., bebaskeun, tong diganggayong, karunya. Na ka mana atuh 'kepastian hukum' teh? Keur ka cai meureun! Ieu teh arek atawa moalan?
 
Aya nu nyebutkeun, mahasiswa teh ngan ukur dijadikeun tukang ngadorong mobil. Ku saha? Duka tah. Ari mobilna geus maju mah ditinggalkeun weh. Nu boga peran ngokolakeun nagara teh behna mah angger we jelema-jelema nu ngabogaan ambisi tur kapentingan pribadi jeung golongan. Idealisme motor reformasi geus disasaak ku lauk buruk milu mijah, nu nutur-nutur leokna angin, asal saluyu jeung kapentingan pribadina tur pangabutuhna kacumponan. Mangga tengetan geura, horeng loba 'pamaen heubeul' di satukangeun layar.
 
Jadi inget kana komik Mahabharata beunang R. A. Kosasih. Basa Dasamuka digencet di antara dua gunung, tina sungutna kaluar budah-budah angkara murka. Jadi najan sacara fisik Dasamuka atawa Rahwana geus teu walakaya, tapi sirung-sirung 'spirit' angkara murka nyaliara ka mana-mana, manjing dina dedeg pangadeg anu bisa jadi rupa-rupa, teu kudu salilana sarua, gumantung situasi jeung kondisi. Akibatna, rahayat lieur nempo nu garelo engklak-engklakan dina panggung gede nu ngaranna Indonesia. Cek ki Sobat nu ngomongna tara diawer, reformasi teh kakara nepi kana tungtung letah!
 
Panjalu, 08/07/2006
 

No comments: