Saturday, October 22, 2011

Kareueus

Kareueus beda jeung kasombongan, komo jeung kareueuseun mah :) Reueus jadi urang Sunda lain hartina nepak dada, jajauheun tina sipat angkuh ngarasa leuwih punjul tibatan seler sejen. Ieu mah pilakadar nembongkeun jatidiri yen urang teh pituin urang Sunda, seler Sunda. Teu kurang teu leuwih.

Mun seler sejen bisa ngarasa reueus jadi bagian tina seler pituin manehna, naha urang Sunda make jeung teu bisa kitu? Tembongkeun yen urang teh urang Sunda, anu karasep, anu gareulis, anu handap asor (kade, sanes handap asoy..), anu satata jeung seler sejen,  anu sarua dahar sangu :) Cara nembongkeun kareueus tangtu rupa-rupa. Soal eta mah tangtu geus teu kudu dibejaan deui. Nu penting mah niat, bari jeung prakna, ulah diengke-engke.

Ngamumule basa Sunda sangkat teu tumpur ku jalan ngabiasakeun ngajak nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang, upamana, bisa dimimitian ayeuna keneh. Teu perlu biaya jeung insya Allah moal matak miskin :) Lian ti ngaraksa basa, oge minangka salah sahiji cara nembongkeun identitas diri yen urang teh urang Sunda.

Prung ah, urang mitembeyan!

Wednesday, August 17, 2011

Tujuhbelasan

ku: Tata Danamihardja
 
Ti sainget, di lembur kuring sok kacida ramena dina poean 17 Agustus teh. Lain rame ku sponsor deuih, sabab sagala kamonesan nu dipintonkeun dina poean mieling kamerdekaan teh estuning hasil gawe babarengan warga. Arak-arakan diwangun ku rupa-rupa pintonan. Aya bebegig, rombongan 'pejuang' lengkap jeung 'tentara Walanda' , gotongan nu eusina rupa-rupa kadaharan, calung, angklung barudak sakola, jeung rea-rea deui. Memeh upacara sok diabringkeun heula muru ka lapang. Sanggeus upacara, kabeh pintonan sok dipaenkeun kalawan gembleng (utuh), minangka hiburan haratis keur balarea.
 
Kagiatan samodel kitu teh geus jiga tradisi taunan. Sarerea ngarasa miboga tanggung jawab pikeun ngareuah-reuah poe kamerdekaan, minangka wujud tina rasa sukur rehna nagara urang geus diparengkeun merdeka. Ti mana biayana? Tadi ge geus dicaritakeun, tara pangangguran aya sponsor sagala. Udunan, sabogana-sabogana. Nu boga duit ku duit. Nu boga tanaga ku tanaga. Nu kabeneran po'os pisan, udunan ku do'a :) Tara aya basa ngarasula. Tukang kuli, belaan pere heula. Nu boga warung, tutup heula. Cindekna, kabeh ngarasa 'wajib' mieling poe kamerdekaan sakadugana.
Ngan beuli dieu, asa beuki tiiseun. Teu jiga baheula. Puncakna mah dina taun ieu. Euweuh kamonesan nu dipintonkeun. Euweuh abringan nu laleumpang muru ka lapang rek upacara. Jelema jiga hare-hare. Ku naon? Duka tah....
 
Nu aya ngan ukur rajegna tihang bandera di unggal buruan. Ngelebet jiga nu sedih. Alum, semu lungse. Kuring galecok sorangan na jero hate. Palangsiang ieu teh alatan urang ngarasa dihianat ku para pamingpin. Ngarasa diteungteuinganan. Ngarasa diantep tur teu dipalire. Para pamingpin sibuk nguruskeun partey, golongan, kelompok, jeung dirina masing-masing. Sibuk ngarewodan duit anu sakuduna dipake jang kama'muran ra'yat. Der weh parasea diantara maranehna. Pasea ku sabab teu walatra dina babagi duit meunang maok!
 
Mun kitu, meujeuhna we lamun ra'yat jadi hare-hare. Bongan pamingpin teu bisa dipercaya. Ra'yat jadi apatis. Amanat para luluhur anu baheula guyang getih geusan ngahontal kamerdekaan geu kapopohokeun. Nagara anu sacara 'de jure' geus leupas tina penjajahan bangsa deungeun, singhoreng sacara 'de facto' masih keneh dijajah. Saha nu ngajajah Indonesia kiwari? Singhoreng lain bangsa deungeun, tapi bangsa sorangan, nyatana para pamingpin anu tega meres ra'yatna. Anu katempona siga nu enya melaan ra'yat, sok padahal saukur panipuan!
 
Jadi, rek iraha atuh bangsa urang bener-bener merdeka? Nepi ka kiwari kuring can manggih kelemeng walonan anu matak sugema. Matak ngangres, matak nalangsa. Lir bandera anu ngelebet semu seunggah. Iraha atuh? Anging Gusti anu uninga. Inna lillahi. (17082011) 
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Monday, April 11, 2011

Gedong DPR

Jaman keur budak, imah gedong di lembur kuring beunang diitung ku ramo. Imah gedong di dieu maksudna imah nu dijieunna tina bata jeung aduk semen campur keusik jeung apu we saeutik. Kalolobaanana mah imah panggung, malulu dijieun tina kai jeung awi, teu make tembok. Ka beh dieunakeun mimiti aya sababaraha imah duduk jandela. Disebut kitu teh cenah pedah tembokna ngan ukur sajangkung jandela. Tina jandela ka luhur mah bahan nu dipake nya angger we kai jeung bilik tina awi.
 
Ku sabab arang, imah gedong jaman harita kaasup mewah. Teu unggal jalma mampuh ngadegkeun imah gedong. Ra'yat biasa saperti kolot kuring mah cukup imah panggung bae. Matakna nu boga imah gedong jaman harita geus pasti jalma beunghar. Najan kitu, harita mah modelna oge henteu aneh-aneh, malah mun dibandingkeun jeung imah-imah jaman ayeuna mah kacida basajanna. Hareupna biasana make teras nu dikuribeng ku tembok sajangkung tuur. Na tembok ieu biasana sok dipake dariuk mun ngadaweung pasosore bari nungguan magrib.
 
Kiwari tibalik. Imah panggung beuki arang, lolobana malah imah gedong. Naha ieu teh bisa dijadikeun ciri yen kama'muran ra'yat geus ngaronjat? Duka tah lebah dinyana mah, sabab najan sarua gedong, angger we kualitasna mah gumantung kana duit. Jalma beunghar tangtu nyieun imahna make bahan-bahan kualitas nomer hiji. Giliran jalma nu kurang duit mah nya wayahna make bahan-bahan kualitas saaya-aya.
 
Basa ngadenge Gedong DPR rek direnovasi, mimitina mah atoh we nu aya. Tuh pan ayeuna mah tong boro ra'yat, wakil ra'yat wae boga imah gedong. Ngan barang ngadenge biayana trilyun-trilyun kitu mah bet matak ngajenghok. Mahal-mahal teuing? Da basa Haji Udin nyieun imah oge biayana ngan ukur pupuluhan juta. Eta teh geus kaasup rohaka, da puguh Haji Udin mah jalma jugala. Jaba Haji Udin teh ra'yat deuih, lain wakil. Naha ari jang wakil biayana bet gede kabina-bina?
 
Logikana pan kieu. Mun direktur gajihna 50 juta, wakil direktur gajihna tangtu moal ngaleuwihan direktur. Jadi mun haji Udin (ra'yat) nyieun imah nu hargana 50 juta, imah wakil ra'yat mah tangtu teu meunang leuwih ti 50 juta. Ari ieu? Hiji koma tilu trilyun! Enolna oge teuing sabaraha siki. Pokona mah loba pisan, mun dibeulikeun kurupuk teh jigana mah bisa dipake nutupan gunung!
 
Kacindekanana? Jelema nu utang itung biaya renovasi Gedong DPR teh teu cageur, teu make logika, jeung jigana na jero dadana geus euweuh hatean. Gedong nu ayeuna dipake oge sabenerna mah alus keneh jeung masih "layak-pakai", kitu cek sawatara ahli. Malah ceuk Mang Endang tukang cilok mah, gedong nu ayeuna teh masih mewah kabina-bina, sabab sok dibandingkeun jeung imah manehna nu mirip kandang embe. Disebutna ge karaton ku Mang Endang mah. Tah ceuk Mang Endang keneh, anggota dewan nu di laluhur teh garelo cenah, alias burung, alias teu gableg cedo. Uyuh ku dua merjoangkeun ra'yat, ieu mah kalah hayoh ngamonyah-monyah duit ra'yat.
 
Basa diseleksek, ku naon cengteh pangna Mang Endang siga nu ambekeun pisan, manehna nembalan, "Har ari Encep, pan Amang teh geus ngawakilkeun ka maranehna sangkan ra'yat leutik samodel Amang teh diperjoangkeun ku maranehanana, ditingkatkeun kahirupanana, kama'muranana, kapinteranana. Lain ieu mah kalah hayoh duit ra'yat dimonyah-monyah bari jeung dilalebokan ku maranehanana, duka sawareh duka lolobana. Keuheul Amang mah, napsu lah, hayang nyabok tah ka nu karitu teh!"
 
Mang Endang ngabamblam bari kekerot, leungeunna meureup-meureup bae. Kuring unggut-unggutan, kayungyun ku pamanggih manehna. Keur pahuleng-huleng kitu, ujug-ujug pok mang Endang nanya, "Ke, ke, ke... na ari Encep katingalna ku Amang teh siga tenang-tenang bae. Na Encep teu ngaraos keuheul?"
 
Kuring nyerengeh, pok nembalan, "Ah henteu Mang, da abdi mah teu rumaos ngawakilkeun ka maranehna ieuh. Pan tos lami oge abdi mah tara ngiring nyoblos lamun PEMILU teh!"
 
Mang Endang colohok, kuring ngaleos bari ngahariringkeun pupuh, teuing Pangkur teuing Durma.
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 
 
 

Sunday, March 20, 2011

Naskah Kanggo Panata Calagara Dinu Nikahkeun

Sesah pisan milarian conto naskah anu leres-leres nyunda. Naskah ieu oge kenging kokoreh tina internet, tangtos tebih tina sampurna, sok sanaos tos diropea deui sakadugana. Kalihna ti eta, ieu mah mung saukur kanggo lilinggeran, hususna soal urutan acara, margi ari dina prungna mah tangtos bakal gumantung kana katapisan panata calagara, diluyukeun sareng situasi katut kondisi anu nuju dipayunan. 

Mugi-mugi kapayunna baris aya conto naskah anu langkung payus tur pantes. Nyanggakeun.

Naskah kanggo Panata Calagara dinu nikahkeun

BUBUKA

Assalamua'laikum Wr. Wb.

Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi sadayana anu sami linggih hormateun sim kuring. Sakumaha kauninga ku sadayana, alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan ____________ katelahna, tempat anyar pangharepan, sarakan keur kahirupan kulawarga.

Calon panganten istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perlambang kaberesihan manah (mangle di kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping ka calon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawiraos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa pangeusi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, sareng lisan dina saliring dumadi, teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huut tina guguran, namung kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku galindeng ayat-ayat suci Al-Qur'an anu baris kasanggakeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka____________________ nu parantos ngagalindengkeun kalam ilahi, mudah-mudahan ageung mangpaatna kanggo nu maoskeun hususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngadangukeun. "amin".

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih rengat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan, numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang? Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebeting kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun jangji pasini , manjangkeun simpay babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanana. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu disepuhkeun ti pihak calon panganten istri. Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Jalan gede sasapuan batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana. Mangga salah sawios cacandakan didugikeun minangka simbul ti Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nu sanesna mah diantaykeun bae manawi.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge didangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana..

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih antawis Neng_____________ sareng Cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mangka nyata, neda panyakseni ti  para wargi sadayana, upacara akad nikah seja dikawitan.

(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Nikah.

..........................................................

Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur maha asih, oge pangdu'a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun ka pangersa ___________________.

DO'A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do'a. Kanggo mingpin do'a, mangga pangersa __________________ dihaturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah tata titi sareng undak usuk basa, hapunten anu kasuhun.

Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah: Alhamdulillaahi robbil 'aalamiin.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

*Dicutat sareng diropea deui tina seratan di http://suhendri.co.cc/

  
 
 

Monday, March 14, 2011

Radio Basa Sunda

Radio basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta radio anu basa panganteurna malulu ku basa Sunda. Ari eusina mah rupa-rupa, aya lagu indonesia, aya lagu barat, malah lagu wetan oge teu jadi masalah. Tos aya? Nyeta teu acan :)
 
Eta mah ngalamun. Kabeneran ngalamun teh kadang-kadang sok dianggap aneh ku batur. Dianggap mahiwal. Padahal naon salahna? Keun we da ngalamun ieuh, moal matak bohak. Pan ayeuna mah ngalamun nu mahiwal teh sok diparake dina elmu manajemen. Disebutna 'think out of the box'. Maksudna? Nya ngalamun atawa mikir mahiwal tea, kaluar tina kabiasaan anu ilahar.
 
Geus loba conto, ide anu baheula dianggap mahiwal, kiwari kabuktian jadi kanyataan anu teu dianggap aneh teu sing. Kapal udara upamana. Pan baheula mah dianggap lahuta sabab jelema mah ceuk palikir jalma nu 'cageur' moal bisa ngapung sabab teu boga jangjang. Tapi tetela ku jalma mahiwal mah eta teh dipikiran, nepi ka ahirna jadi kanyataan, najan carana henteu nyieun jangjang terus ditapelkeun kana awak. Tapi nu penting, jelema bisa ngapung, make kapal udara.
 
Lomo atuh ieu, pira oge radio anu basa panganteurna basa Sunda. Teu mahiwal teu sing. Sacara teori mah gampang malah, sabab nu make jeung nu ngarti kana basa Sunda masih keneh loba. Terus ku naon atuh pangna euweuh radio anu saperti kitu?
 
Tah di dieu mah masalahna lain mahiwal atawa aneh. Masalahna teh nyoko dina urusan kawani. Euweuh jelema loba duit nu daek ngamodalan ngadegna radio samodel kitu. Basana teh sieun rugi tea, sieun teu balik modal tea jeung sajabana. Padahal rek nyaho bakal rugi kumaha, da dicobaan oge acan. Kumeok memeh dipacok, kitu meureun pibasaeunana.
 
Padahal lamun dilenyepan, ieu teh bisa jadi selling point (niley jual) pikeun icikibung dina bisnis radio. Sok inget kana kasauran Pa Temmy Lesanpura almarhum, pakar radio, nu kungsi nyebatkeun yen dina bisnis radio mah kudu 'dare to be different' (wani minculak ti batur). Tong sieun mun dianggap beda, sabab eta teh justru bakal jadi paniten batur. Pada nempo. Mun geus pada nempo pan panasaran, hayang nyaho jero-jeroanana. Keur nu dagang mah pan kakara ditempoan oge geus kaasup 'satengah ngajual'. Digilekkeun saeutik ge, iklan mo burung murudul.
 
Komo deui mun nu boga modalna idealis mah, keyeng hayang nanjeurkeun sunda jeung kasundaan. Ngan nyaeta hese neangan jelema nu model kitu teh: loba duit, jeung gede katineungna ka Ki Sunda.
 
Kacipta lah, mun lamunan kuring teh bisa ngawujud. Gogoleran di kamar bari ngadengekeun radio. "Pamiarsa, mangga urang sami-sami kupingkeun galindengna The Beatles ti babakan Liverpool, anu baris ngagalindengkeun lagu Michelle, dilajengkeun kana lagu Blackbird anu dipundut ku Kang Tata ti Ciamis. Wilujeng ngadangukeun," cek penyiar radio Urang Sunda.
 
Rungah-ringeuh, da asa teu menta lagu. Leungeun gupuy-gapay neangan telepon, guluprak gelas ragrag katepak. Korejat, kuring hudang. Euh, can aya geuning radio nu jiga kitu mah. Sok atuh nu saleueur artos, aya kawani teu? Kuring mah rek ngadengekeun we ah....
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 

Friday, February 25, 2011

EBOOK GRATIS: 100 CARPON SUNDA

 
Neangan e-Book basa Sunda di internet hese kabina-bina. Beda jeung upama urang neangan e-Book basa Inggris atawa basa Indonesia. Balatak, tinggal milih. Ku naon pangna kitu? Ah duka teuing. Jeung da patalekan eta mah sabenerna lain bagean kuring pikeun ngajawabna. Eta mah bagean para inohong, para ahli, intelektual Sunda anu sakuduna mikiran bari jeung prakna neangan cara sangkan basa Sunda diparake ku urang Sunda. Sangkan diparake pan kudu aya sarana jang ngawanohkeunana, diantarana nya ku jalan ngupayakeun sangkan bacaan Sunda sumebar tur gampang diakses, kaasup dina internet.
 
Najan kitu, ari kanyaah mah asana gede keneh sanajan kuring lain inohong atawa intelektual oge. Ngan tangtu dina ngebrehkeun kanyaahna oge beda jeung aranjeunna nu palinter nyarios, palinter ngayakeun seminar, kongres jeung duka nanahaon deui lah ngaranna teh. Kuring mah nya nu kadada kaduga we, nu kahontal ku uteuk. Make cara mikir praktis tur pragmatis nu henteu rumit. Mun nu arang langka teh bacaan basa Sunda, nya mikir teh kumaha carana sangkan bacaan basa Sunda loba tur bisa diakses gratis. Praktis pan? Teu kudu diseminarkeun asana nu kitu mah.
 
100 Carpon Sunda
 
Ieu mah ngabalakan wungkul. Nyanggakeun tah e-Book 100 Carpon Sunda, kantun diundeur di http://www.facebook.com/sundablog GRATIS alias teu kedah mayar. Nu tos janten baraya SundaBlog kantun klik dina tab Bagea. Mudah-mudahan ka payunna baris langkung seueur nu nyumbangkeun bacaan Sunda gratis di internet.
 
Mudah-mudahan.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 

Saturday, February 19, 2011

Tamba Sare Sore-Sore

Mun pareng keur hese meureumkeun panon, sok bingung nya pilakueun. Sanajan kiwari hiburan teu hese neangan, tapi kadang-kadang mah bosen. Kitu-kitu keneh. Lalajo tipi, leuleumpangan neangan dahareun, ngobrol di pos ronda. Naon deui nya?  
 
Tah, ngarah teu bosen, kumaha lamun maca? Ulah maca basa Indonesia jeung Inggris bae atuh, sakali-kalieun mah cobian geura maca bacaan basa Sunda. Bilih teu aya bacaeunana, nyanggakeun ebook Tamba Sare Sore-Sore, mangrupa kumpulan tulisan dina basa Sunda.
 
ebook basa Sunda Gratis!
 
Sabenerna ebook ieu geus kungsi medal, tapi nu ieu mah edisi revisi. Eusina 30 tulisan, lumayan kanggo bekel bari nungguan jurig tunduh.
 
Kanggo ngundeurna, angkat bae ka dieu: http://www.facebook.com/sundablog
 
Wilujeng maca.