Sunday, March 20, 2011

Naskah Kanggo Panata Calagara Dinu Nikahkeun

Sesah pisan milarian conto naskah anu leres-leres nyunda. Naskah ieu oge kenging kokoreh tina internet, tangtos tebih tina sampurna, sok sanaos tos diropea deui sakadugana. Kalihna ti eta, ieu mah mung saukur kanggo lilinggeran, hususna soal urutan acara, margi ari dina prungna mah tangtos bakal gumantung kana katapisan panata calagara, diluyukeun sareng situasi katut kondisi anu nuju dipayunan. 

Mugi-mugi kapayunna baris aya conto naskah anu langkung payus tur pantes. Nyanggakeun.

Naskah kanggo Panata Calagara dinu nikahkeun

BUBUKA

Assalamua'laikum Wr. Wb.

Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi sadayana anu sami linggih hormateun sim kuring. Sakumaha kauninga ku sadayana, alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan ____________ katelahna, tempat anyar pangharepan, sarakan keur kahirupan kulawarga.

Calon panganten istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perlambang kaberesihan manah (mangle di kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping ka calon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawiraos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa pangeusi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, sareng lisan dina saliring dumadi, teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huut tina guguran, namung kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku galindeng ayat-ayat suci Al-Qur'an anu baris kasanggakeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka____________________ nu parantos ngagalindengkeun kalam ilahi, mudah-mudahan ageung mangpaatna kanggo nu maoskeun hususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngadangukeun. "amin".

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih rengat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan, numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang? Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebeting kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun jangji pasini , manjangkeun simpay babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanana. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu disepuhkeun ti pihak calon panganten istri. Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Jalan gede sasapuan batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana. Mangga salah sawios cacandakan didugikeun minangka simbul ti Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nu sanesna mah diantaykeun bae manawi.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge didangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana..

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih antawis Neng_____________ sareng Cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mangka nyata, neda panyakseni ti  para wargi sadayana, upacara akad nikah seja dikawitan.

(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Nikah.

..........................................................

Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur maha asih, oge pangdu'a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun ka pangersa ___________________.

DO'A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do'a. Kanggo mingpin do'a, mangga pangersa __________________ dihaturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah tata titi sareng undak usuk basa, hapunten anu kasuhun.

Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah: Alhamdulillaahi robbil 'aalamiin.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

*Dicutat sareng diropea deui tina seratan di http://suhendri.co.cc/

  
 
 

Monday, March 14, 2011

Radio Basa Sunda

Radio basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta radio anu basa panganteurna malulu ku basa Sunda. Ari eusina mah rupa-rupa, aya lagu indonesia, aya lagu barat, malah lagu wetan oge teu jadi masalah. Tos aya? Nyeta teu acan :)
 
Eta mah ngalamun. Kabeneran ngalamun teh kadang-kadang sok dianggap aneh ku batur. Dianggap mahiwal. Padahal naon salahna? Keun we da ngalamun ieuh, moal matak bohak. Pan ayeuna mah ngalamun nu mahiwal teh sok diparake dina elmu manajemen. Disebutna 'think out of the box'. Maksudna? Nya ngalamun atawa mikir mahiwal tea, kaluar tina kabiasaan anu ilahar.
 
Geus loba conto, ide anu baheula dianggap mahiwal, kiwari kabuktian jadi kanyataan anu teu dianggap aneh teu sing. Kapal udara upamana. Pan baheula mah dianggap lahuta sabab jelema mah ceuk palikir jalma nu 'cageur' moal bisa ngapung sabab teu boga jangjang. Tapi tetela ku jalma mahiwal mah eta teh dipikiran, nepi ka ahirna jadi kanyataan, najan carana henteu nyieun jangjang terus ditapelkeun kana awak. Tapi nu penting, jelema bisa ngapung, make kapal udara.
 
Lomo atuh ieu, pira oge radio anu basa panganteurna basa Sunda. Teu mahiwal teu sing. Sacara teori mah gampang malah, sabab nu make jeung nu ngarti kana basa Sunda masih keneh loba. Terus ku naon atuh pangna euweuh radio anu saperti kitu?
 
Tah di dieu mah masalahna lain mahiwal atawa aneh. Masalahna teh nyoko dina urusan kawani. Euweuh jelema loba duit nu daek ngamodalan ngadegna radio samodel kitu. Basana teh sieun rugi tea, sieun teu balik modal tea jeung sajabana. Padahal rek nyaho bakal rugi kumaha, da dicobaan oge acan. Kumeok memeh dipacok, kitu meureun pibasaeunana.
 
Padahal lamun dilenyepan, ieu teh bisa jadi selling point (niley jual) pikeun icikibung dina bisnis radio. Sok inget kana kasauran Pa Temmy Lesanpura almarhum, pakar radio, nu kungsi nyebatkeun yen dina bisnis radio mah kudu 'dare to be different' (wani minculak ti batur). Tong sieun mun dianggap beda, sabab eta teh justru bakal jadi paniten batur. Pada nempo. Mun geus pada nempo pan panasaran, hayang nyaho jero-jeroanana. Keur nu dagang mah pan kakara ditempoan oge geus kaasup 'satengah ngajual'. Digilekkeun saeutik ge, iklan mo burung murudul.
 
Komo deui mun nu boga modalna idealis mah, keyeng hayang nanjeurkeun sunda jeung kasundaan. Ngan nyaeta hese neangan jelema nu model kitu teh: loba duit, jeung gede katineungna ka Ki Sunda.
 
Kacipta lah, mun lamunan kuring teh bisa ngawujud. Gogoleran di kamar bari ngadengekeun radio. "Pamiarsa, mangga urang sami-sami kupingkeun galindengna The Beatles ti babakan Liverpool, anu baris ngagalindengkeun lagu Michelle, dilajengkeun kana lagu Blackbird anu dipundut ku Kang Tata ti Ciamis. Wilujeng ngadangukeun," cek penyiar radio Urang Sunda.
 
Rungah-ringeuh, da asa teu menta lagu. Leungeun gupuy-gapay neangan telepon, guluprak gelas ragrag katepak. Korejat, kuring hudang. Euh, can aya geuning radio nu jiga kitu mah. Sok atuh nu saleueur artos, aya kawani teu? Kuring mah rek ngadengekeun we ah....
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 

Friday, February 25, 2011

EBOOK GRATIS: 100 CARPON SUNDA

 
Neangan e-Book basa Sunda di internet hese kabina-bina. Beda jeung upama urang neangan e-Book basa Inggris atawa basa Indonesia. Balatak, tinggal milih. Ku naon pangna kitu? Ah duka teuing. Jeung da patalekan eta mah sabenerna lain bagean kuring pikeun ngajawabna. Eta mah bagean para inohong, para ahli, intelektual Sunda anu sakuduna mikiran bari jeung prakna neangan cara sangkan basa Sunda diparake ku urang Sunda. Sangkan diparake pan kudu aya sarana jang ngawanohkeunana, diantarana nya ku jalan ngupayakeun sangkan bacaan Sunda sumebar tur gampang diakses, kaasup dina internet.
 
Najan kitu, ari kanyaah mah asana gede keneh sanajan kuring lain inohong atawa intelektual oge. Ngan tangtu dina ngebrehkeun kanyaahna oge beda jeung aranjeunna nu palinter nyarios, palinter ngayakeun seminar, kongres jeung duka nanahaon deui lah ngaranna teh. Kuring mah nya nu kadada kaduga we, nu kahontal ku uteuk. Make cara mikir praktis tur pragmatis nu henteu rumit. Mun nu arang langka teh bacaan basa Sunda, nya mikir teh kumaha carana sangkan bacaan basa Sunda loba tur bisa diakses gratis. Praktis pan? Teu kudu diseminarkeun asana nu kitu mah.
 
100 Carpon Sunda
 
Ieu mah ngabalakan wungkul. Nyanggakeun tah e-Book 100 Carpon Sunda, kantun diundeur di http://www.facebook.com/sundablog GRATIS alias teu kedah mayar. Nu tos janten baraya SundaBlog kantun klik dina tab Bagea. Mudah-mudahan ka payunna baris langkung seueur nu nyumbangkeun bacaan Sunda gratis di internet.
 
Mudah-mudahan.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 

Saturday, February 19, 2011

Tamba Sare Sore-Sore

Mun pareng keur hese meureumkeun panon, sok bingung nya pilakueun. Sanajan kiwari hiburan teu hese neangan, tapi kadang-kadang mah bosen. Kitu-kitu keneh. Lalajo tipi, leuleumpangan neangan dahareun, ngobrol di pos ronda. Naon deui nya?  
 
Tah, ngarah teu bosen, kumaha lamun maca? Ulah maca basa Indonesia jeung Inggris bae atuh, sakali-kalieun mah cobian geura maca bacaan basa Sunda. Bilih teu aya bacaeunana, nyanggakeun ebook Tamba Sare Sore-Sore, mangrupa kumpulan tulisan dina basa Sunda.
 
ebook basa Sunda Gratis!
 
Sabenerna ebook ieu geus kungsi medal, tapi nu ieu mah edisi revisi. Eusina 30 tulisan, lumayan kanggo bekel bari nungguan jurig tunduh.
 
Kanggo ngundeurna, angkat bae ka dieu: http://www.facebook.com/sundablog
 
Wilujeng maca.

Tuesday, January 11, 2011

ABI

Tata Danamihardja
 
11/01/2011
 
Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
 
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
 
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah "hayu urang ngibing" mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap "urang" di dieu mah hartina "kita" mun dina basa Indonesia mah.
 
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: "Tata kamari ka ameng ka ditu da..," cek Tata bari heuay.
 
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 

Thursday, January 06, 2011

SundaBlog Di Facebook

15:05 06/01/2011
 
ku: Tata Danamihardja
 
Saha nu nyangka, Facebook baris kawentar jiga kiwari. Mun teu salah, taun 2007 atawa 2008 kuring geus boga akun Facebook. Tapi harita mah tiiseun keneh, can loba nu make jiga ayeuna. Eta oge nyieun soteh panasaran we, teu kaop manggih nu anyar. Geus kitu mah lur we diantepkeun.
 
Ngan kadieunakeun, estu matak kaget. Facebook jadi sabiwir hiji. Ti kota nepi ka kampung, Facebook jadi bukur catur balarea. Ti mimiti budak nu kakara bisa maca nepi ka aki-aki jeung nini-nini nyaho naon ari Facebook. Dina teu nyahona oge, minimal pasti kungsi ngadenge.
 
Rame we tah si Facebook teh. Jadi sarana komunikasi alternatif salian ti telepon. Babaturan nu lawas teu tepung, guk gok panggih dina Facebook. Lebah dieuna mah Facebook geus jadi cukang lantaran geusan manjangkeun tur ngaraketkeun silaturahim jeung papada manusa. Lian ti eta, Facebook oge mindeng dijieun promotion tool atawa alat promosi pikeun nu boga bakat dagang. Malah kadang-kadang nepi ka lieur sirah ngabandungan nu nge-tag gambar promosi. Dalah dikumaha, resiko pipilueun ngagugulung Facebook.
 
Tangtu efek gorengna oge aya. Dina tipi mindeng kapireng budak atawa rumaja nu ngaleungit ti imah alatan Facebook. Diculik. Atawa nu pasea alatan salingkuh gara-gara Facebook. Atawa pagawe nu ngadak-ngadak henteu produktif alatan loba teuing chatting (ngawangkong) na Facebook. Eta mah ekses, lir ibarat peso nu fungsina gumantung ka nu makena: naha rek dipake ngeureutan bawang atawa dipake ngarampog. Asal ati-ati tur wijaksana dina ngagunakeunana, Facebook bisa jadi alat komunikasi nu gede mangpaatna.
 
Nya ku alesan eta pisan, ditambah popularitas Facebook anu sakitu rosana, asana teh teu salah lamun SundaBlog oge milu aub, pipilueun ngamangpaatkeun Facebook. Lebar temen lamun kasempetan gede pikeun ngawanohkeun basa Sunda dina awahan anu leuwih jembar henteu dimangpaatkeun. Meungpeung Facebook masih keneh kawentar (populer), meungpeung Facebook masih loba nu make, nya mending dimangpaatkeun sakumaha mistina.
 
Ka sugri anu hoyong ngarojong SundaBlog di Facebook, diantos di http://www.facebook.com/pages/SundaBlog/183260248368569. Sugan ku cara kieu, basa Sunda bisa leuwih nanjeur makalangan. Sugan, eta oge.
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
 
 

Sunday, December 19, 2010

Capcay Bah Kamad

ku: Tata Danamihardja
 
9:08 19/12/2010
 
Hasrat Kang Maman kana barangdahar alahbatan danawa kalaparan. Ngan, najan hasratna kana dahar alahbatan danawa atawa raksasa, pangawakanana mah kawas gantar tas tapa salapan abad. Kawasna mah kadaharan tara nyangsang kana awak, ngan sakadar nganjang.
 
Kangaranan jalma kalaparan mah, tara aya basa ngaragangan. Sagala kadaharan hayang kaasaan. Parasmanan ngacak ka mana-mana. Ngahanca alas tara asa-asa, sabab hayang kaasaan sadaya. Martabak, capcay, bala-bala, ayam bakar, malah mah asana kadang-kadang ngadahar calana Bah Kamad sagala. Naha? Pan aya sasakalana.
 
Basa Kang Maman ngasaan capcay, karasana asa rada karadak sarta nyangsang na alat barangdaharna. Kang Maman calawak sabab rasana pahang. Panasaran, kang maman nanya ka Bah Kamad, "Bah, naha nya capcay rasana pahang?"
 
Bah Kamad kalah ngagakgak.
 
"Jawab Bah, kalah ngagakgak. Sayah panasaran..." Kang Maman maksa.
 
"Jang, wayahna nya, capcay karasana rada pahang. Pan basa masak capcay bahanna can aya sadaya, kakara aya saparapat. Sabab hayang gancang-gancang asak, nya kapaksa Abah ngalaan calana jang nambahanana. Matak wayahna rasana rada pahang, sabab calana Abah mah can ngasaan nyampay na gantar," jawab Bah Kamad rada asa-asa.
 
Mastaka Kang Maman asa ngadadak ngalayang, asa ngadadak hampang. Kahayangna mah ngalabrak Bah Kamad, ngan hanjakal awak Kang Maman nahnay taya tangan pangawasa. Kang Maman kalahka nyangsaya, bahamna calawak. Manahna ngarasa hanjakal ngadahar capcay calana. Calana Bah Kamad. Bangkawarah!
 
Cag ah.
 
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.