Friday, February 25, 2011

EBOOK GRATIS: 100 CARPON SUNDA

 
Neangan e-Book basa Sunda di internet hese kabina-bina. Beda jeung upama urang neangan e-Book basa Inggris atawa basa Indonesia. Balatak, tinggal milih. Ku naon pangna kitu? Ah duka teuing. Jeung da patalekan eta mah sabenerna lain bagean kuring pikeun ngajawabna. Eta mah bagean para inohong, para ahli, intelektual Sunda anu sakuduna mikiran bari jeung prakna neangan cara sangkan basa Sunda diparake ku urang Sunda. Sangkan diparake pan kudu aya sarana jang ngawanohkeunana, diantarana nya ku jalan ngupayakeun sangkan bacaan Sunda sumebar tur gampang diakses, kaasup dina internet.
 
Najan kitu, ari kanyaah mah asana gede keneh sanajan kuring lain inohong atawa intelektual oge. Ngan tangtu dina ngebrehkeun kanyaahna oge beda jeung aranjeunna nu palinter nyarios, palinter ngayakeun seminar, kongres jeung duka nanahaon deui lah ngaranna teh. Kuring mah nya nu kadada kaduga we, nu kahontal ku uteuk. Make cara mikir praktis tur pragmatis nu henteu rumit. Mun nu arang langka teh bacaan basa Sunda, nya mikir teh kumaha carana sangkan bacaan basa Sunda loba tur bisa diakses gratis. Praktis pan? Teu kudu diseminarkeun asana nu kitu mah.
 
100 Carpon Sunda
 
Ieu mah ngabalakan wungkul. Nyanggakeun tah e-Book 100 Carpon Sunda, kantun diundeur di http://www.facebook.com/sundablog GRATIS alias teu kedah mayar. Nu tos janten baraya SundaBlog kantun klik dina tab Bagea. Mudah-mudahan ka payunna baris langkung seueur nu nyumbangkeun bacaan Sunda gratis di internet.
 
Mudah-mudahan.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 

Saturday, February 19, 2011

Tamba Sare Sore-Sore

Mun pareng keur hese meureumkeun panon, sok bingung nya pilakueun. Sanajan kiwari hiburan teu hese neangan, tapi kadang-kadang mah bosen. Kitu-kitu keneh. Lalajo tipi, leuleumpangan neangan dahareun, ngobrol di pos ronda. Naon deui nya?  
 
Tah, ngarah teu bosen, kumaha lamun maca? Ulah maca basa Indonesia jeung Inggris bae atuh, sakali-kalieun mah cobian geura maca bacaan basa Sunda. Bilih teu aya bacaeunana, nyanggakeun ebook Tamba Sare Sore-Sore, mangrupa kumpulan tulisan dina basa Sunda.
 
ebook basa Sunda Gratis!
 
Sabenerna ebook ieu geus kungsi medal, tapi nu ieu mah edisi revisi. Eusina 30 tulisan, lumayan kanggo bekel bari nungguan jurig tunduh.
 
Kanggo ngundeurna, angkat bae ka dieu: http://www.facebook.com/sundablog
 
Wilujeng maca.

Tuesday, January 11, 2011

ABI

Tata Danamihardja
 
11/01/2011
 
Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
 
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
 
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah "hayu urang ngibing" mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap "urang" di dieu mah hartina "kita" mun dina basa Indonesia mah.
 
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: "Tata kamari ka ameng ka ditu da..," cek Tata bari heuay.
 
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 

Thursday, January 06, 2011

SundaBlog Di Facebook

15:05 06/01/2011
 
ku: Tata Danamihardja
 
Saha nu nyangka, Facebook baris kawentar jiga kiwari. Mun teu salah, taun 2007 atawa 2008 kuring geus boga akun Facebook. Tapi harita mah tiiseun keneh, can loba nu make jiga ayeuna. Eta oge nyieun soteh panasaran we, teu kaop manggih nu anyar. Geus kitu mah lur we diantepkeun.
 
Ngan kadieunakeun, estu matak kaget. Facebook jadi sabiwir hiji. Ti kota nepi ka kampung, Facebook jadi bukur catur balarea. Ti mimiti budak nu kakara bisa maca nepi ka aki-aki jeung nini-nini nyaho naon ari Facebook. Dina teu nyahona oge, minimal pasti kungsi ngadenge.
 
Rame we tah si Facebook teh. Jadi sarana komunikasi alternatif salian ti telepon. Babaturan nu lawas teu tepung, guk gok panggih dina Facebook. Lebah dieuna mah Facebook geus jadi cukang lantaran geusan manjangkeun tur ngaraketkeun silaturahim jeung papada manusa. Lian ti eta, Facebook oge mindeng dijieun promotion tool atawa alat promosi pikeun nu boga bakat dagang. Malah kadang-kadang nepi ka lieur sirah ngabandungan nu nge-tag gambar promosi. Dalah dikumaha, resiko pipilueun ngagugulung Facebook.
 
Tangtu efek gorengna oge aya. Dina tipi mindeng kapireng budak atawa rumaja nu ngaleungit ti imah alatan Facebook. Diculik. Atawa nu pasea alatan salingkuh gara-gara Facebook. Atawa pagawe nu ngadak-ngadak henteu produktif alatan loba teuing chatting (ngawangkong) na Facebook. Eta mah ekses, lir ibarat peso nu fungsina gumantung ka nu makena: naha rek dipake ngeureutan bawang atawa dipake ngarampog. Asal ati-ati tur wijaksana dina ngagunakeunana, Facebook bisa jadi alat komunikasi nu gede mangpaatna.
 
Nya ku alesan eta pisan, ditambah popularitas Facebook anu sakitu rosana, asana teh teu salah lamun SundaBlog oge milu aub, pipilueun ngamangpaatkeun Facebook. Lebar temen lamun kasempetan gede pikeun ngawanohkeun basa Sunda dina awahan anu leuwih jembar henteu dimangpaatkeun. Meungpeung Facebook masih keneh kawentar (populer), meungpeung Facebook masih loba nu make, nya mending dimangpaatkeun sakumaha mistina.
 
Ka sugri anu hoyong ngarojong SundaBlog di Facebook, diantos di http://www.facebook.com/pages/SundaBlog/183260248368569. Sugan ku cara kieu, basa Sunda bisa leuwih nanjeur makalangan. Sugan, eta oge.
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
 
 

Sunday, December 19, 2010

Capcay Bah Kamad

ku: Tata Danamihardja
 
9:08 19/12/2010
 
Hasrat Kang Maman kana barangdahar alahbatan danawa kalaparan. Ngan, najan hasratna kana dahar alahbatan danawa atawa raksasa, pangawakanana mah kawas gantar tas tapa salapan abad. Kawasna mah kadaharan tara nyangsang kana awak, ngan sakadar nganjang.
 
Kangaranan jalma kalaparan mah, tara aya basa ngaragangan. Sagala kadaharan hayang kaasaan. Parasmanan ngacak ka mana-mana. Ngahanca alas tara asa-asa, sabab hayang kaasaan sadaya. Martabak, capcay, bala-bala, ayam bakar, malah mah asana kadang-kadang ngadahar calana Bah Kamad sagala. Naha? Pan aya sasakalana.
 
Basa Kang Maman ngasaan capcay, karasana asa rada karadak sarta nyangsang na alat barangdaharna. Kang Maman calawak sabab rasana pahang. Panasaran, kang maman nanya ka Bah Kamad, "Bah, naha nya capcay rasana pahang?"
 
Bah Kamad kalah ngagakgak.
 
"Jawab Bah, kalah ngagakgak. Sayah panasaran..." Kang Maman maksa.
 
"Jang, wayahna nya, capcay karasana rada pahang. Pan basa masak capcay bahanna can aya sadaya, kakara aya saparapat. Sabab hayang gancang-gancang asak, nya kapaksa Abah ngalaan calana jang nambahanana. Matak wayahna rasana rada pahang, sabab calana Abah mah can ngasaan nyampay na gantar," jawab Bah Kamad rada asa-asa.
 
Mastaka Kang Maman asa ngadadak ngalayang, asa ngadadak hampang. Kahayangna mah ngalabrak Bah Kamad, ngan hanjakal awak Kang Maman nahnay taya tangan pangawasa. Kang Maman kalahka nyangsaya, bahamna calawak. Manahna ngarasa hanjakal ngadahar capcay calana. Calana Bah Kamad. Bangkawarah!
 
Cag ah.
 
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
 
 

Thursday, November 04, 2010

NGAMUMULE BASA SUNDA

ku: Tata Danamihardja
 
Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda?
 
Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda henteu tumpur? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur. Mangga bae emutan, kiwari loba urang Sunda meleg-meleg anu teu ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anakna.
 
Padahal ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna mingkin samporet. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang lain ti jurusan basa Sunda.
 
Lian ti eta, lingkungan oge mindeng teu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gede anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun anak-anak urang teu dibiasakeun diajak nyarita di imah make basa Sunda. Atuda iraha dipakena basa Sunda teh mun lain di imah, sabab di luar imah mah enya ge dipake tapi geus pabaliut jeung direumbeuy ku basa Indonesia.
 
Ku cara kitu, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris nuluykeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 2 taun, dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku indung bapana. Mun keur arulin jeung baturna ge manehna mah ongkoh-ongkoh we galecok make basa Sunda. Mun baturna molohok teu ngarti, kakara manehna narjamahkeun make basa Indonesia. Geus baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak make basa Sunda.
 
Di dieu ku urang katingali, yen diajar make basa Indonesia mah leuwih gampang, sabab di luareun imah ge balatak nu nyarita make basa Indonesia. Lamun dadasarna geus kuat, urang moal hariwang boga budak palahak-polohok teu bisa basa Sunda. Sabalikna mun di imah diajak nyarita basa Indonesia, di luar imah oge nya kitu keneh, rek iraha bisana atuh budak teh make jeung ngarti kana basa Sunda?
 
Mun urang ngaku keneh urang Sunda, sing era atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu urang Kebumen, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang make basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda?
 
Conto sejenna, tuh The Beatles anu meleg-meleg urang Liverpool oge geuning bisaeun nyanyi-nyanyi wae mah make basa Sunda. Teu percanten? Mangga anjangan bae Sunda Bitel di http://www.facebook.com/pages/Sunda-Bitel/135285173190525.
 
Hayu ah, urang babarengan ngamumule basa Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2010
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

 

Tuesday, September 21, 2010

JALAN-JALAN

Mun karesel euweuh pigaweeun, ngeunahna naon nya? Pasti jawabanana rupa-rupa. Dahar, lalajo, nongkrong di warung, atawa jalan-jalan. Kari milih, disaluyukeun jeung eusi pesak. Dina terminologi urang kampung samodel kuring mah, jalan-jalan pasti jadi pilihan utama. Naon sababna? Teu kudu ngaluarkeun duit, sabab jalan-jalan versi kuring mah estuning saukur leuleumpangan. Pira ge leumpang, tinggal ngalengkahkeun suku, naon hesena? Matak sehat malah, sabab aya unsur olahragana, jaba teu kudu ngaluarkeun duit.
 
Tapi tetela, kecap jalan-jalan teh bisa jadi mahal jeung piomongeun. Teu percanten? Mangga bandungan anggota DPR anu ngadon jalan-jalan ka luar negri dina usum sakieu samporetna. Puguh we piomongeun, sabab jalan-jalanna oge lain ngan saukur leuleumpangan model kuring. Jalan-jalan nu ieu mah biayana oge milyaran. Eta we cenah mun diitung-itung, tiap anggota nu jalan-jalan teh biayana kurang leuwih 25 juta sapoe!
 
Mahal-mahal teuing? Enya atuh, pan jalan-jalanna oge ka luar negri, lain ka Ciendog :) Na rek naon atuh make jeung los-los ka luar negri sagala? Pan cenah dina raraga comparative study alias studi banding soal kepanduan alias pramuka. Tah, hasil studi banding teh rek dipake nyusun sistem kepanduan di Indonesia. Cenah eta oge. Teuing bener henteuna mah.
 
Masalahna, naha soal pramuka teh kacida pentingna? Pan dina teori eksekusi program, biasana aya nu disebut skala prioritas. Heulakeun pasualan nu penting heula, kakara pasualan sejen nu kadar kapentinganana leuwih handap. Conto gampangna mah kieu: mun urang boga tatangga nu gering parna jeung nu teu boga jang meuli udud, meureun nu pangheulana ditulungan teh nya nu gering parna. Keun nu hayang udud mah tunda heula, sabab tara aya jalma nu maot gara-gara teu udud!
 
Lamun urang nengetan pasualan-pasualan di nagara urang, asana masih loba keneh masalah nu leuwih penting (urgent, ceuk dina tipi tea mah) tibatan pramuka. Lain hartina pramuka teu penting, tapi pan aya skala prioritas tea. Mending heulakeun ngurus soal gas 3 kilo nu tingbeledug, soal pengangguran, soal jelema-jelema nu kalaparan jeung sajabana. Mun balik deui kana conto di luhur, pramuka mah saheulaanan urang anggap bae jelema nu hayang udud. Hartina, saheulaanan mah pan sistem kepanduan geus jalan. Mending uruskeun heula soal jelema nu teu boga gawe, nu kalaparan jst.
 
Ongkoh pan duit nu dipake jalan-jalan.. eh, studi banding teh pan duit ra'yat. Jadi mending ubaran heula rayat nu keur gering parna teh sina nepi ka cageur. Mun geus cageur, kakara meureun bisa pramuka, sabab jelema gering mah bororaah hayang pramuka, da nempo nu ngamonyah-monyah duit jang studi banding pramuka ge kalahka hayang.. nampiling!
 
Hayu ah, urang jalan-jalan "enyaan"...
 
Tata Danamihardja © 2010
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.