Friday, June 30, 2006

Kahengkeran Media Basa Sunda

Tata Danamihardja
 
Aya nu nyebutkeun yen media teh pilar ka opat dina wangun nagara demokrasi. Ieu teh taya lian nembongkeun yen media ngarupakeun kakuatan anu teu bisa dianggap enteng atawa dimomorekeun. Loba skandal pejabat nu kaungkab alatan diekspos dina media, upamana. Nu matak loba pejabat nu sok rada gegebegan mun panggih jeung wartawan. Sieun, mun kabeneran boga masalah, pek diuar-uar. Pan matak riweuh.
 
Media citak pabalatak di Indonesia, naha nu ngagunakeun basa Indonesia, basa daerah, atawa oge basa Inggris. Najan cek teori media teh boga kakuatan nu kacida gedena, tapi dina kanyataanana mah teu kabeh kitu. Nu bener-bener boga kakuatan mah sabenerna ngan media-media nasional nu memang didukung ku modal gede.
 
Kumaha ari media di daerah? Media basa Sunda upamana? Najan sacara de facto masih aya, tapi lamun ngukur kakuatanana, asana can bisa dibandingkeun sok sanajan ukur jeung sasama media daerah nu ngagunakeun basa Indonesia. Ditilik tina  sual distribusi wae upamana, asana geus kudu katitih. Padahal ieu teh mangrupa 'bahan bakar' nu kacida pentingna pikeun ngahirup-huripkeun media sangkan bisa terus medal, ningkatkeun kasejahteraan karyawan, tur kadituna  dipikaresep ku balarea.
 
Tapi keun heula soal eta mah, da lain bagean kuring. Nu rek dibahas di dieu mah sual kurang tanggapna media (nasional oge daerah) kana kontribusi tulisan ti luar lingkunganana (penulis lepas). Terus terang, ngasupkeun tulisan aya kesan dihese-hese, kaasup dina soal teknis pengiriman. Aya media anu lamun ngirimkeun tulisan teh kudu bae ngaliwatan pos. Padahal pan jaman kiwari mah bisa ngaliwatan email (serelek) upamana, leuwih praktis tur gancang.
 
Aya oge nu nyebutkeun meunang ngirim ngaliwatan email, tapi angger we teu puguh bule hideungna. Padahal mah naon hesena, tinggal mere nyaho yen naskah geus katarima, atawa kadituna naskah teh bisa dimuat atawa henteu. Tinggal ngirim email, samenit dua menit ge beres.
 
Kesan dihese-hese teh beuki kaciri upama tulisan teh datangna ti penulis nu can terkenal, atawa minimalna can dikenal ku lingkungan redaksi. Padahal kontributor tulisan teh kacida pentingna, sok komo pikeun media daerah anu oplahna bisa kawilang saeutik, kitu deui jumlah penulisna. Lian ti sual ngarangkul pembaca, ieu oge nyangkut kana urusan regenerasi penulis-penulis senior anu tangtuna moal salawasna aya. Daek teu daek maranehna teh bakal diganti ku penulis-penulis anyar nu ayeuna kaasup junior atawa pemula. 
 
Aya sawatara media daerah (basa Sunda) nu geus ngamimitian narima naskah ngaliwatan email. Majalah Mangle upamana. Ngan hanjakal, layanan email anu jigana wae sapaket jeung hosting Mangle Online, geus teu jalan. Duka teu kabayar, duka kumaha. Nu jelas waktu kuring ngirim naskah kira-kira bulan Mei ka tukang, emailna balik deui. Jaba sababaraha tulisan nu geus dimuat oge, honorna teu dibayar nepi ka ayeuna, sok padahal nomer rekening, malah alamat imah geus dikirim bareto, memeh email account Mangle di-banned. Teu puguh pisan nya. Mudah-mudahan ieu kabaca ku urang Mangle. Kumaha ieu teh Lur?
 
Media sejen nu narima naskah ngaliwatan email nyaeta Cupumanik. Ieu oge majalah basa Sunda. Emailna masih berfungsi ieu mah. Tapi nyakitu, tanggapanana hare-hare, teu jiga watek urang Sunda dina umumna nu darehdeh hade ka semah. Atuh bejaan-bejaan yen email geus nepi upamana, pan ku kitu ge geus asa diaku, nyirikeun yen pribumi teh ngahargaan. Ieu mah boro-boro. Lempeng!
 
Saliwat mah ieu teh ngan ukur jiga curhat jelema saliwat anu - mungkin wae - dianggap cengeng, babarian. Padahal lamun dilenyepan tur ditarima ku hate anu beresih, ieu teh bisa jadi panggeuing, tanda kanyaah ti sasama urang Sunda, nu jero-jerona mah tangtu hayang nempo urang Sunda boga media nu gede, ma'mur, tur dibaca ku urang Sundana sorangan. Tapi lamun nempo galagat mediana saperti kieu, rek kumaha bisana media Sunda ngarangkul pembaca urang Sunda nu teu pati bisa basa Sunda nepi ka hayang diajar basa Sunda? Kuring wae nu cek rarasaan mah bisa basa Sunda, pan malah kuciwa ari tanggapanana saperti kitu mah, hare-hare, semu semu teu butuh. Tibatan nulis bari diapilainkeun bari jeung honor teu dibayar, mending keneh nulis dina blog najan teu dibayar - malah olok - tapi euweuh nu nyapirakeun.
 
Ke, naha ieu teh kaasup kahengkeran media kitu? Cek kuring, jelas-jelas ieu teh kahengkeran. Teu ngamangpaatkeun teknologi, ngamangpaatkeun teknologi tapi teu daria, tanggapan nu apilain tur teu nembongkeun sipat urang Sunda nu someah, atawa komo lamun kabeh nu ditataan bieu teh ngumpul kabeh, bakal kacida ngahambatna kana kamajuan media daerah, dina hal ieu media basa Sunda. Jelema bakal nungtutan mundur sabab ngarasa teu dibutuhkeun sarta teu dihargaan.
 
Itung-itunganan kieu. Sabaraha persen sih urang Sunda nu daek nulis make basa Sunda? Cek kuring ieu mah, mun aya 10 persen we, ieu teh geus kacida luar biasa! Sabaraha persen nu bisa nulis make basa Sunda? Komo ieu mah, pasti prosentasena beuki leutik. Ayeuna, lamun tinu 5 persen eta diapilainkeun, terus mogok, tinggal sabaraha persen? Duka tah, ngan nu jelas pasti ngurangan. Naha bisa media Sunda bertahan hirup ngandelkeun pangarang 'moyan' nu jumlahna moal nepi ka 5 persen tina jumlah sakabeh urang Sunda? Mangga aremutan!
 
Kumaha ari soal honor? Penting, penting pisan malah. Lain soal gede leutikna, da sarerea oge ma'lum, media Sunda mana nu geus bisa mere honor gede ka penulisna? Nu penting mah daria, teu nganggap enteng, jeung nu pang pentingna mah: BAYAR! Sanes kitu? Nya heueuh...

Friday, June 23, 2006

MULAN

Tata Danamihardja

Penyanyi Ratu? Pasti kitu nyangkana. Nya..eta oge teu nanaon sih :-) jang meresihan panon, tamba rumeuk tetenjoan. Tos, tos, ulah kateterasan..

Mulan di dieu mah maksud kuring teh ulin di luar imah mun pareng caang bulan. Ti peuting tangtuna oge, da ari beurang mah euweuh bulan. Momentum nu ngan sabulan sakali teh (caang bulan), kacida pisan ditungguanana ku barudak leutik, sabab poe-poe biasa mah keueung, ma'lum poek meredong, can asup listrik. Biasana kaulinanana teh rupa-rupa. Aya gobag sodor, galah asin, gatrik, ucing-ucingan (di lembur kuring mah disebutna guguikan, teuing naon sababna), jrrd.

Rame we pokona mah. Sora barudak pating jerewet, sora blag blig blug nu lulumpatan atawa sora kakawihan nu jadi bagian tina kaulinan barudak. Upamana wae:

Ayang-ayang gung, gung goongna rame,
menak ki Mastanu, nu jadi wadana,
naha maneh kitu, tukang olo-olo,
loba anu giruk, ruket jeung kumpeni,
niat jadi pangkat, katon kagorengan,
ngantos kangjeng dalem, lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong..

Atawa:

Oray-orayan luar leor mapay sawah
entong ka sawah parena keur sedeng beukah
mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi, anu mandina pandeuri..

Aya deui:

Bang bang kalima lima gobang bang
bangkong di tengah sawah wah
wahey tukang bajigur gur
guru sakola desa sa, saban poe ngajar jar
jarum paragi ngaput put, putri nu gareulis lis
lisung katinggang halu lu, luhur kapal udara ra
ragrag di Jakarta ta, taun dua rebu bu
buah meungang ngala la, lauk meungang nyobek bek
beker meunang muter ter, terus ka citapen pen
pena gagang kalam lam, lampu eujeung damar mar
mari kueh hoho ho, hotel pamandangan ngan
nganteur anu kawin win, Winta dagang oncom com
comel kanu gelo lo, lodong kosong ngentrung tung
tunggir hayam bikang kang, kangkung meunang meuli li
Lili leungit konci ci, ciak anak hayam!

Aya oge:

Slep dur slep dur, mantri mantri maan jedur
tandur tandur, kahijina kaduana
katilu boleh ditangkep!!

Kadang-kadang eta teh dipasieup ku sora ceurik mun aya budak nu labuh atawa diheureuyan ku papada baturna, estu nimbulkeun suasana endah nu cek kuring mah estu taya papadana.

Lain budak wungkul nu liar ti peuting dina mangsa caang bulan teh. Kolot oge sarua milu tingrariung jeung papada kolot. Barudak ngora, rumaja, nyakitu keneh. Masing-masing ngabogaan tujuan sewang-sewangan. Barudak leutik mah geus puguh niatna ge memang hayang ulin. Kolot-kolot mah biasana ngarobrol sakalian ngareureuhkeun awak jeung pikiran bari nyawang kaendahan bulan.

Ari rumaja? Biasana mah bobogohan atawa neangan kabogoh! Geus ti jaman Fir'aun keneh jigana mah, kaendahan bulan teh identik jeung suasana romantis. Tumaninah pisan bobogohan bari nyawang bulan nu ngempray, biasana rada misahkeun maneh ti nu sejen, diuk pagegeye bari haharewosan, bisi kadenge ku batur. Riweuh atuh mun heg kadenge ku batur, hayoh deuih hayang pipilueun romantis, pan matak barabe!

***

Mun dilenyepan, kabeh oge eta teh mangrupa cara sosialisasi tradisional ala lembur. Paling henteu, sabulan sakali mah urang lembur - teu budak teu kolot - pasti guyub ngalakukeun prosesi mulan. Euweuh nu ngeprik, teu kudu dititah ku RT atawa Tua Kampung, sarerea pipilueun ilubiung kalawan sukarela.

Nya di dinya urang lembur silih kanyahokeun kondisi katut pribadi masing-masing warga komunitas, dina ruang komunikasi informal anu elegan, jujur, tur sing sarwa rineh, jauh tina gaya komunikasi palsu nu artifisial. Ieu sababna, urang lembur leuwih raket dina soal hubungan antar sasama warga. Beda jeung di kota, nu kahirupanana sing sarwa individualistis, nepi ka kadang-kadang jeung tatangga paadek suhunan oge teu wawuh.

Ngan hanjakal, naon nu ku kuring digambarkeun di luhur teh kabeh oge ngan saukur panineungan. Ti barang listrik asup ka kampung-kampung, tradisi mulan lambat laun ngiles, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Caang bulan geus lain moment anu dianti-anti deui. Kaendahan cahaya bulan kasilih ku marakbakna lampu neon, anu bisa dihurungkeun sakahayang, teu kudu nungguan caang bulan. Caang bulan geus leungit dangiang, leungiteun kaendahanana.

Bulan alum di langit pasundan, cuang cieung sorangan euweuh nu malire. Dina implengan, hawar-hawar kadenge keneh kakawihan barudak baheula: Bulantok, bulantok, bulan sagede batok....

Thursday, June 22, 2006

Alesan Kuring Nulis Dina Blog

Sama sakali teu aya maksud nyaingan Enda Nasution - embahna blog - anu nulis 8 Sebab Memiliki Blog. Ieu mah estu alesan pribadi ku naon pangna kuring nulis dina blog.
 
Pinter nulis? Paralun, teu rumasa, da puguh nulis ge sakacamprung. Sakainget. Rajeun nulis soteh pedah we sok heran nempo batur bisa nulis. Mun batur bisa, piraku kuring henteu? Pan sarua dahar sangu, lin?
 
Sacara prinsip, nulis mah sarerea oge pasti bisa (kecuali nu buta hurup). Anu ngabedakeunana teh paling-paling oge hasil tulisanana. Aya nu alus, matak resep nu maca, aya nu lempeng, tiis: teu matak resep teu matak ngewa, aya oge nu goreng: ieu mah mun dibaca matak hayang utah :-)
 
Ari kuring kaasup nu mana? Ah, eta mah teu langkung nu maca. Rek resep rek tiis-tiis bae, rek hayang utah, teu langkung. Nu penting kuring nulis, meungpeung gratis, tur teu kauger ku tetek bengek aturan redaksi nu kadang-kadang teu kaharti. Cenah eta euweuh nu mayar, keun bae ah, da nulis di media ge kadang-kadang teu dibayar. Aya rajeun dibayar, nagihna oge satengah paeh. Cape, jeung kadang-kadang kalahka era sorangan, padahal kuduna mah itu nu era.
 
Penulis, komo nu henteu atawa acan terkenal, leuwih hese nembus media. Biasana eleh ku nu geus kasohor, atawa paling henteu nu geus jadi langganan redaksi (mun nulis artikel). Sok padahal soal kualitas mah kadang-kadang nu anyar ge teu eleh geleng (ngan eleh alus :-)). Ngan nyaeta, penulis anyar mah tangtu eleh jam terbang, salian ti can dipikawanoh ku balarea.
 
Ngomong kitu teh, sabab rumasa kuring teu boga bakat nulis istimewa. Da ari nu boga bakat istimewa mah, Andrea Hirata upamana, sakalina nulis novel, langsung jadi best seller. Bari jeung cenah mah ditulisna oge ngan ukur jero 3 minggu ( bayangkeun: 3 minggu!). Ck, ck,ck..
 
Ari kuring? Beu, nulis sakieu oge mikirna teh 7 taun. Tah, nya ku sabab eta pisan, mending nulis dina blog. Aya nu maca nuhun, teu aya nu maca piraku. Nu jelas, nulis dina blog teu kudu ngaliwatan tetecean prosedural nu rumit bin pabeulit (cek kuring ieu mah). Rumasa babarian rudet, hoream loba mikir.
 
Murah? Ah henteu (cek kuring deui wae ieu mah, nu teu boga duit). Maksakeun nulis, connect kana internet make dial-up, istuning matak jebol pesak! Telkom teaa..MAHALLL!!! Iraha atuh telepon di Indonesia bisa murah? Akses internet bisa murah? Hayang pinter di Indonesia teh mahal pisan sodarah-sodarah!
 
Ke naon deui nya? Geus aya dalapan kitu? Ih, pan tadi ge lain rek nyaingan 8 Sebab Memiliki Blog nya. Jadi? Nya enggeus we sakieu. Kesimpulanana: alesan kuring nulis dina blog teh gara-gara ARAL! (Nu ngaraos tos rada ngurel, enggal milari keresek, bisi utah nyebrot kana monitor).
 
Marangga ah!
 
 

Wednesday, June 21, 2006

FENOMENA THE BEATLES

bitel kelimaKeur budak mah buuk teh galing, kitu lah ngombak. Mun tas dimandian, biasana sok terus disisiran ku pun biang. "Kieu geura meresanana, urang dibetel," saurna. Maksudna teh diponi. Naha nyebutna dibetel? Teu ngarti harita mah. Pokona, diponi teh di-betel.

Nincak SD, kitu lah kelas 5-an, mun teu salah, harita teh jaman-jamanna Ebiet G Ade mimiti sohor, lanceuk kuring mindeng pisan nyetel kaset The Beatles. Teu beurang teu peuting eta teh. Daek teu daek kuring oge milu ngadengekeun. Teu ngadengekeun kumaha atuh, da kadenge.

Tina mindeng ngadenge, lila-lila jadi resep. Kabeneran sok diajar ngagitar ku lanceuk. Laguna pasti lagu The Beatles. Inget keneh, lagu The Beatles nu mimiti pisan bisa gitarna teh lagu Love Me Do. Unggal ngagitar laguna angger, da puguh kakara eta-etana nu bisa.

Asup SMP mimiti ben-benan (nge-band). Mun aya acara di sakola kuring pasti mawakeun lagu The Beatles. Laguna ge geus nambahan. Kelas dua SMP geus bisa lagu Ticket ti Ride. Heuheuh..gaya lah, asa pang akangna we!

SMA, kuliah, beuki maceuh. Mung teu kasengker ku teu boga duit mah jigana geus jadi kolektor. Ngan hanjakal, nya kitu tea, teu gaduh cicis! Jadi sakumaha resepna oge, wayahna saaya-aya. Ngan nu jelas, perbendaharaan lagu beuki loba, kurang leuwih 150 lagu mah apal cangkem.

Kungsi sok maen di kafe-kafe di Bandung. Pernah oge dikontrak di TD's Cafe (Hotel Preanger) Bandung. Malah ampir dikontrak di New York Cafe bogana Subronto Laras di Jakarta, hanjakal teu jadi, gara-gara personnel band aya nu indit gawe ka Surabaya.

Nu weleh teu kaharti, naha kuring nu hirup di jaman The Beatles geus bubar, bisa sakitu muhitna? Nyaho ge henteu basa maranehna keur meujeuhna sohor teh. Kuring mah ngan nyaho dongengna wungkul. Nu leuwih hemeng mah, loba penggemar The Beatles ayeuna nu umurna masih wewelasan (di Bandung & Jakarta ayeuna aya penggemar The Beatles nu sakolana masih keneh SMP!).

Mungguh sareat mah asa pamohalan jelema nu teu ngajamanan bisa resep ka musisi nu sohorna teh puluhan taun ka tukang. Tapi da geuning kitu kanyataanana, malah kaalaman pisan ku kuring. Ceuk para ahli perbitelan, aya sababaraha hal anu bisa ngajelaskeun fenomena ieu, diantarana:

Kahiji, lagu-lagu the Beatles henteu rumit, henteu matak kerung nu ngadenge, sederhana, tur babari diapalkeunana.

Kadua, temana loba anu diangkat tina kahirupan sapopoe, nepi ka loba nu ngarasa 'terwakili'

Katilu, ceuk Jelly Tobing mah lagu-lagu The Beatles ngandung tilu unsur utama: Love, Peace and Freedom (Cinta, Katengtreman jeung Kabebasan). Ieu tilu unsur teh ngarupakeun tema universal anu bisa dilarapkeun di mana bae.

Kaopat, ceuk kuring ieu mah, lian ti anu geus disebutan di luhur, harmonisasi vokal jadi unsur nu ngajadikeun kuring kataji. Asa ni'mat teh lamun mawakeun lagu The Beatles jeung barudak band, aya sora hiji, dua, tilu (sora maung mah henteu..). Jigana, kurang leuwih saperti lamun urang ngadengekeun lagu-lagu Koes Plus. Tah raosna teh cek kuring mah mirip-mirip kitu..

Fenomena The Beatles lain ngan ukur ngagalaksak dina widang musik. Gejala Beatlemania ngarambah kana widang kahirupan sapopoe. Model potongan buuk upamana. Indung kuring wae nu sabenerna lain penggemar The Beatles, pan nyaho istilah di-betel alias moptop alias potongan buuk poni ala The Beatles. Padahal cicing di kampung, di nagara nu jauhna ratusan rebu kilometer ti lemburna The Beatles. Potongan buuk ieu teh jadi mode nu nerekab ka sakuliah dunya.

***

Mun pareng mukaan internet, nepi ka ayeuna, loba pisan band anu husus mawakeun lagu-lagu The Beatles. Di Australia aya The Rutles. Di Swedia ya Liverpool. Di Chicago aya American English jsb. Kumaha ari di Indonesia? Sami mawon. Loba kacida. Di Jakarta aya Bharata Band, G-Pluck. Di Bandung aya Mat Bitel, Silver Beat, Old Crack jrrd. Di Jogja aya Blangkon. Ieu mah sakadar conto. Mun panasaran hayang leuwih kumplit soal The Beatles, kantun muka internet. Balatak. Ngarah gampang, bisa dimimitian ti dieu. Wilujeng nga-bitel!!

Tuesday, June 20, 2006

TELEPON "KEUPEUL"

Jaman keur budak, sok ulin teteleponan. Lain meuli, da duitna ge teu boga, tapi nyieun ku sorangan. Make dus urut wadah kok (shuttle cock), dipotong dua, terus disambungkeun make benang. Ulinna kudu duaan, benang nu panjangna kira-kira lima meteran dipanteng, masing masing nyekel ‘gagang telepon’. Ngomong jeung ngadengekeun kudu piligenti, sakali sewang. Kitu teorina, sabab ari praktekna mah najan teu make ‘telepon’ oge da kadenge ieuh atuh nu ngomong teh, bubuhan teu jauh, jaba ngomongna gogorowokan. Tapi dunya budak mah pan beda, imajinatif. Resep we nu aya. Aranteng tah ku kitu oge.
 
Ari jaman kiwari mah beda deui. Alo-alo kuring ge sarua boga teteleponan. Ngan ayeuna mah teu kudu nyieun sorangan. Cocooan nu bentukna persis telepon nyaan. Hargana duka teuing sabaraha, da dipangmeulikeun ku indung bapana masing-masing. Malah ayeuna mah katambahan ku telepon keupeul alias telepon genggam alias mobile phone alias hand phone. Hape cenah. Kitu populerna di urang. Ieu oge sarua aya imitasina dina bentuk cocooan budak. Mani geus dengdek-dengdek we eta mah alo, budak nu keur meumeujeuhna tuturut munding, nyeta-nyeta ari kolot keur nelepon. Sarua kabungahna mah, kabungah budak, ngan prosesna wungkul nu beda jeung budak baheula.
 
Basa telepon keupeul mimiti asup ka Indonesia, teu rea nu boga, ma’lum hargana mahal kabina-bina. Harita mah bentukna oge teu jiga ayeuna, gede, gagarubang jeung beurat, nepi ka jigana mah bisa dipake maledog anjing. Nu bogana oge teu sambarangan: jelema baleunghar, pengusaha, artis, pokona mah nu laloba duit. Nu samporet duit mah cukup ku pager atawa penyeranta (duka naon tah basa Sundana). Bisa narima pesen, tapi teu bisa ngirim. Lamun rek ngahubungi, nya angger kudu ngagunakeun telepon, boh telepon imah, telepon umum atawa wartel.
 
Harita mah telepon umum koin jeung telepon umum kartu masih jadi primadona. Inget keneh, di gerbang Unpad Dipati Ukur, luhureun pos Satpam, aya booth telepon koin jeung kartu ngajajar kurang leuwih sapuluh siki. Da pinuh pinuh wae eta teh, teu beurang teu peuting. Nu makena rupa-rupa, ti mimiti mojang geulis nu sareungit, nepi ka barudak sastra nu jalabrig, jeung semu kuleuheu. Di dinya sering jadi tempat cuci mata, ma’lum loba nu harerang. Rada tiiseun teh biasana ti jam sapuluh peuting ka luhur, geus usum sare. Isukna mah rame deui we saperti biasa.
 
Kadang-kadang sok aya telepon koin nu geus pinuh, nepi ka teu bisa dipake. Kungsi sakali mangsa nelepon teu nyambung-nyambung, jigana duit kencringna geus metet. Rek pindah ka nu sejen keur pinuh, kabeh diparake. Keuheul tah, booth telepon digubrugkeun bari jeung rada ambek. Na ari burudul teh duit receh, aya kana tilu rebueunana jigana. Ah dirawu weh, lumayan jang nelepon deui.
 
Sanggeus muncul hape generasi awal nu sagede bata tea, teknologi telepon keupeul terus dikembangkeun. Disainna beuki alus jeung bentukna beuki meotan, teu sagede bata teuing, malah nepi ka bener bener bisa kakeupeul ayeuna mah. Hargana oge beuki murah, sabab diproduksi sacara massal, nepi ka hargana bisa ditekan. Najan kitu, angger we aya ari kelas-kelas mah. Murah soteh anu memang fasilitasna terbatas, cukup nyumponan sarat bisa dipake nelepon jeung ngirim SMS. Ari kelas high-end (jang konsumsi kelas atas) mah, angger we teu kabeuli ku jelema leutik model kuring. Fasilitasna canggih, desain mewah, fiturna pabalatak, tangtu we mangaruhan kana harga.
 
Taun duarebuan telepon keupeul mahabu di mana-mana, ka suklakna ka siklukna. Teu di cacah teu di menak, kabeh pada-pada boga. Telepon umum koin loba nu nganggur, euweuh nu make. Kondisi saperti kieu teh lian ti mayukeun pabrik hape, oge muka lapangan usaha keur balarea. Di ditu di dieu dug deg nu muka counter hape. Pasar hape second hand (urut) jadi rame. Nu ngajualan voucher pulsa pabalatak nepi ka kampung-kampung. Nu nelepon ayeuna mah bisa ti mana wae, teu kudu ti imah, wartel atawa telepon umum wungkul. Asal aya sinyal, jadi. Nu baheula ngan ukur bisa nenjo gambarna dina film atawa sinetron, ayeuna mah geus jadi ‘pemandangan’ sapopoe.
 
Naha ieu teh aya pangaruhna kana gaya hirup (life style) masarakat? Jelas, gede pisan malah. Gaya hirup pragmatis nu sarwa instan bisa kacumponan ku ayana alat komunikasi samodel hape. Geura we, mun baheula nyanghareupan lebaran teh geus siap-siap meuli kartu lebaran, ayeuna mah cukup ku ngirim SMS (short message service) dina waktuna. Teu kudu disiapkeun ti anggalna. Aya nu ulang taun, nyakitu keneh. Rek pesen barang, balanja, pesen tiket, malah pesen pulsa oge cukup ku nelepon atawa SMS. Barudak rumaja anu bobogohan, geus teu usum susuratan. Cukup ku es-em-es-an. Ringkes, praktis, murah, tur teu kudu make panglayar.
 
Ngan di sagedengeun eta, tangtu aya oge ekses negatifna. Remen kabejakeun rumah tangga anu pakucrut alatan SMS ti Mahmud (mamah muda) kabaca ku Mahlot (mamah kolot). Aya oge panipuan via SMS. Biasana ngeneng-ngeneng hadiah puluhan juta atawa mobil, atas nama perusahaan nu geus kawentar, bari jeung tungtungna teh sok kudu transfer heula duit keur ‘biaya administrasi’. Aya deui nu disebut SMS berantai. Ieu mah biasana kudu nyebarkeun deui SMS (forward) ka welasan nomer, sarta mun ieu diestokeun, cenah bakal manggih ‘kejutan yang menyenangkan’. Di internet mah nu kieu teh disebutna hoax, kurang leuwih sarua jeung spam (imel/serelek runtah). Rupa-rupa kajahatan, nepi ka kasus sogok jeung suap oge loba nu kajadianana ngagunakeun fasilitas handphone.
 
Ceuk para sepuh, sagala rupa oge pasti aya sisi hade jeung sisi gorengna (lain gorengan), lir ibarat peso. Pan peso ge ari dipake bener mah kacida mangpaatna. Ibu-ibu keukeureut sayuran di dapur jadi gampang. Meuncit hayam, pasti make peso, mangpaat tah kana perbaikan gizi. Sabalikna peso oge bisa dipake kajahatan. Jambret, tukang todong, rampog, bisa make peso pikeun alat bantu nyingsieunan korbanna. Memang sagala rupa oge gumantung kana niat nu makena. Kumaha ari telepon keupeul? Sarua we. Dipake tujuan hade nya hade, dipake goreng nya goreng. Omat hape teh ulah dipake ngalakukeun kajahatan, nipu batur, salingkuh, komo dipake ngeureutan sayur mah, da lain kitu fungsina. Jadi, sakali deui, sagala ge gumantung kana niat nu makena.

SESENYUMAN

Basa teh ciciren atawa identitas bangsa. Klise, tapi da memang kitu kanyataanana. Dengekeun obrolan jelema dina angkot, upamana. Ku ngadenge ngobrolna oge biasana bakal kateguh asal muasalna hiji jelema. Mun nu ngobrolna patorong-torong jiga nu pasea, biasana urang Batak. Nu bebeledugan karandel, eta mah pasti Jawa. Nu make sora sopran (nada dasarna luhur) biasana Ambon, jeung sajabana. Mun nu was wis wes, eta mah jigana bule, atawa bisa jadi nu keur mapatkeun ajian. Lamun nu utah? Eta mah pasti nu mabok! Najan teu mutlak, ieu teh bisa dijieun lilinggeran dina neguh lembur banjar karang pamidangan tina obrolan saliwat. Kumaha ari urang Sunda? Geus kawentar ti baheula, urang Sunda mah marahmay bear budi. Mun ngobrol teu weleh dibarungan ku seuri, lain seuri nyakakak, tapi seuri pinuh ku rasa hormat atawa rasa duduluran. Bisi teu percaya mah tengetan we ku sorangan, kumaha ari urang Sunda ngobrol. Bener pan?
Ngan wayahna ayeuna mah rada hese ngadengekeun urang Sunda ngobrol make basa Sunda nu “bener”, puguh undak usukna, puguh entep seureuhna. Komo di kota-kota gede (najan masih di tatar Sunda), dalah di kota leutik ge basa Sundana teh geus rada pabaliut. Nya ari ku kolot mah asana masih diparake (najan teu kabeh) basa Sunda nu bener-bener basa Sunda teh. Ngan palebah barudak, duka teuing ku naon, basana teh bet asa ngacapruk. Basa Sunda direumbeuy ku basa ‘malayu’ jakartaan, atawa sabalikna basa malayu jakartaan direumbeuy ku basa Sunda, jadi alat komunikasi sapopoe di antara maranehanana. Nya kitu lah, basa ‘elu-gua’ tapi masih keneh aya kecap ‘nyingcet, noong’ jsb.
Untung keur nu hirup di pasisian. Budaya jeung basa Sunda can pati loba kapangaruhan ku budaya jeung basa sejen. Lain euweuh, ngan teu sabaraha lamun dibandingkeun jeung di kota. Mun barudak di kampung keur arulin, heg aya salasaurang nu rada gaya ngomong make basa Indonesia nurutan dina sinetron, pan sok diparoyokan. Majarkeun teh, “Adeueuh...., gaya si eta, mani mamalayuan.” Atuh lempes tah budak teh dikitukeun ku babaturanana mah.
Ari di kota mah lain deui. Barudak leutik nepi ka barudak gede lolobana nyarita make basa Indonesia jeung babaturanana. Kaharti kituna mah. Nu jadi pangeusi kota teh lain urang Sunda wungkul, tapi ampir unggal seler nu aya di Indonesia tumplek di dinya. Batak, Ambon, Jawa, jsb. Hiji-hijina cara pikeun ngawangun komunikasi jeung maranehna, nya ngagunakeun basa nu dipiwanoh ku sarerea, basa Indonesia. Teu masalah sabenerna mah, da rek dikumahakeun deui atuh. Ngan nu jadi masalah teh upama (barudak) urang Sunda teu bisa nyarita make basa Sunda, padahal nya maranehna pisan sirung generasi manusa Sunda nu bakal datang teh. Ku naon pangna loba nu teu bisa? Singhoreng loba nu memang teu dipapatahan tur teu dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku kolotna, minimal di lingkungan keluargana sorangan.
Kungsi boga tatangga di komplek, beunghar. Salakina urang Garut, pamajikanana pituin urang Bandung. Duanana ge mun ngobrol jeung kuring pasti make basa Sunda. Ngan palebah nyarita jeung anakna, aneh bin ajaib, bet make basa Indonesia. Naha nya? Pedah beunghar kitu? Padahal da najan nyarita make basa Sunda ge, moal ngadak-ngadak jadi miskin pan. Lieur ah..
Ku naon atuh basa Sunda teh bet ditaringgalkeun ku urang Sundana sorangan? Aya sababaraha sabab, diantarana:
1. Loba nu ngarasa turun gengsi lamun nyarita ku basa Sunda. Kadang-kadang kolotna mah komunikasi make basa Sunda, tapi anak-anakna teu dipapatahan nyarita make basa Sunda. Duka ku naon tah. Naha ieu teh alatan handap asorna urang Sunda, nepi ka lila-lila nimbulkeun perasaan rendah diri (inferiority complex) lamun geus adu hareupan jeung seler sejen? Atawa aya deui sabab lian ti eta?
2. Lamun ditengetan, beuki luhur strata sosial (baca: beuki beunghar) urang Sunda, beuki gede kamungkinan ngagunakeun basa non-Sunda (biasana basa Indonesia) dina gunem catur sapopoe di lingkungan kulawargana. Tangtu teu kabeh, tapi kalolobaanana saperti kitu.
3. Akulturasi jeung seler sejen, utamana di kota gede anu notabene lain urang Sunda wungkul, nimbulkeun masalah komunikasi upama urang maksa ngagunakeun basa Sunda. Jalan tengahna, nya ngagunakeun basa Indonesia. Lila-lila, mungkin wae teu ngahaja, basa Indonesia lain ngan ukur dipake komunikasi jeung seler sejen, tapi oge jeung sasama urang Sunda.
4. Kurangna jam pelajaran basa Sunda di sakola, padahal lingkungan keluarga jeung masarakat (Sunda) geus teu kondusif deui dina ngahangkeutkeun kamampuh ngagunakeun basa Sunda.
5. Kurangna guru-guru di tingkat pendidikan dasar jeung menengah anu bener-bener ngawasa basa Sunda.
Lima poin ieu, kabehanana oge ngan ukur opini, lain hasil panalungtikan nu nyosok jero, tapi hasil nengetan sabengbatan anu tangtu bae bisa bener bisa salah, rumasa lain pakar basa Sunda. Anggap we ieu mah katineung ti pituin urang Sunda, nu digedekeun di lingkungan Sunda, sok sanajan lain lulusan sastra Sunda.
***
Hiji mangsa tumpak angkot ka Dagokeun. Kosong, tapi teu lila burudul barudak SMA naek saabrulan, awewe wungkul. Rame tah na angkot teh ngarobrol papada baturna.
"Eh, tau nggak, si Zaky itu orangnya bodor yah?"
"Heeh, gue juga juga kalo ngobrol 'ma dia pasti 'sesenyuman' terus, abis ngocol banget sih," baturna ngahaminan.
"Tapi udah pada tau blom? Gue kemaren dianterin si Zaky," budak awewe nu rada centil mairan.
"Sumpe lo? Dianterin sampe rumah?" Budak geulis nu make kacamata jiga nu panasaran.
"Nggak, dianterin 'semet' gang. Mobilnya kan 'gak bisa masuk," si centil nembalan bari uman imen.
Kuring ngahuleng. Bodor? Sesenyuman? Semet gang? Barudak, urang Sunda di ibukota tatar Pasundan, jongjon guntreng dina dunya maranehanana, make basa gado-gado. Aya kahariwang, tapi da lain salah maranehanana. Lila-lila kuring bet kalah pipilueun ‘sesenyuman’, kapiasem.

E-BOOK

Duka ku naon, kana maca teh mana resep-resep teuing. Naon wae dibaca. Buku, komik, koran, majalah, tabloid, bungkus kacang ...ah pokona mah sagala we. Nu ngaran-ngaran aya aksaraan mah pasti dibaca. Matak, basa loba nu rumahuh majar hese pisan ngaronjatkeun minat baca, naha barudak sakola atawa oge masyarakat umum, rada hemeng. Cek rarasaan, da ti keur leutik oge kuring mah ujug-ujug resep kana maca teh, sok padahal kolot teh sabenerna lain kutu buku atawa sastrawan nu boga gudang buku atawa perpustakaan pribadi. Samporet malah. Bacaan saaya-aya, tara ngahajakeun meuli. Kitu we sakasampeurna. Tapi anehna, saimah-imah resep maca. Ti mimiti indung, bapa, lanceuk-lanceuk nepi ka kuring, mun aya majalah, koran, atawa buku anyar (nginjeum) teh sok parebut. Kadang-kadang nu pangheulana ‘nimu’ sok nyempod, ngadedempes ngonci karep di kamar, ngadon maca, da embung kapiheulaan ku batur.
 
Umur 6 taun kuring geus bisa maca. Euweuh nu ngahaja mapatahan diajar maca. Kitu we tetelepek. Mun lanceuk, atawa indung keur maca, kuring sok pipilueun. Nanya, ieu aksara naon, ieu gambar naon. Inget we, mimiti pisan bisa maca teh, ngantetkeun aksara dina cangkang odol merek Holdent, warnana beureum. Teuing aya keneh teuing henteu tah odol merek eta teh ayeuna mah. Ti dinya mimiti bisa maca buku, majalah, buku-buku palajaran sakola (pun bapa ngawulang di SD, jadi ari buku palajaran mah balatak) jsb. Matakna, umur 6 taun teh geus bisa maca Mangle, najan bari jeung teu kaharti sawareh oge. Bisa maca jeung resep maca istuning euweuh nu maksa nitah.
 
Tapi teu ngaleuleungit ketang. Pun bapa almarhum pernah muka taman bacaan leuleutikan keur nambah-nambah resiko dapur. Eusina rupa-rupa. Ti mimiti komik silat (jaman komik-komik RA Kosasih, Jan Mintaraga, Ganes TH, Man, Djair, Abuy Ravana jrrd), komik barudak (diantarana adaptasi carita HC Andersen), carita-carita koboy (terjemahan), petualangan Karl May (Winnetou, Old Shatterhand), buku-buku sastra (Tenggelamnya Kapal Van Der Wijk, Salah Asuhan, Salah Pilih, jrrd), nepi ka buku-buku carita silat Sunda karangan S. Sukandar, Ki Masram, Wahyu Adam, K. Sukarna jrrd. Sok atoh pisan mun dititah tunggu teh da bisa maca saseubeuhna. Najan dipeupeujeuhan ulah waka maca buku-buku jang kolot, tapi ku sabab buku bacaan jang budak geus kabaca kabeh, angger we sok susulumputan. Nu matak jaman SD keneh oge kuring geus nyaho saha ngaran asli Si Buta dari Gua Hantu, saha ari Old Shatterhand, Old Firehand, Winnetou, Hanafi, Mang Pi’i, Kinong, Kartaran, Jaka Sembung, Si Buntung Jago Tutugan, Gumilar, Nini Bo’ol Kerod, Mandala jeung sajabana.
 
Memang teu ngabibisani, alam baheula beda jeung alam ayeuna. Baheula mah teu loba teuing ‘gogoda’ nu ngahalangan minat baca. TV can mahabu jiga ayeuna. Nu boga TV masih bisa diitung ku ramo. Can usum PlayStation deuih. Hartina, waktu jang maca can kaganggu ku hayang lalajo TV, maen PS, atawa gogoda sejenna. Maca dina mangsa harita jadi hiburan murah meriah. Matak teu aneh mun loba nu boga pamadegan yen salah sahiji sabab moyodokna minat baca teh gara-gara loba media hiburan non-baca (lalajoaneun, kaulinan jsb), sok sanajan ieu pamadegan teh can tangtu 100% bener. Buktina, alo-alo kuring, nu hirup dina jaman kiwari, kabehanana bareuki maca. Aya aturan rek dahar, geus nyiuk sangu kana piring, nguliyeng heula neangan buku atawa naon bae nu bisa dibaca bari dahar. Majarkeun teh ‘rencang sangu’ cenah.
 
Lamun nilik bacaan jaman kiwari, kadang-kadang sok ngarasa sirik. Buku ngaleuya di mana-mana. Dapon boga duit, moal kakurangan bacaeun (sanajan keur sakuringeun, memang masalahna teh angger ti baheula tepi ka ayeuna, teu boga duit keur meulina). Rek majalah, koran, tabloid, buku, tinggal milih sakahayang. Mun hayang nu hargana rada ‘miring’, neangan we di Palasari atawa Bursa Buku di Suci (aya keneh kitu?). Ari buku-buku urut mah biasana neangan di Cikapundung. Hargana murah pisan (ngaranna ge buku loak), tapi mun kabeneran, bisa meunang buku-buku langka nu geus teu terbit deui.
 
***

Ngaranna ge abad informasi. Pagaliwotana rupa-rupa beja, naha dina wangun tulisan, gambar atawa sora geus teu bisa dibendung. Ku kamajuan teknologi, buku nu ‘beredar’ teh sihoreng lain ngan ukur buku biasa anu bahanna tina keretas. Aya oge buku anu disebut e-book pondokna tina electronic book alias buku elektronik atawa buku digital. Ieu mah memang lain buku nu bisa dijingjing kamana-mana (kecuali dina laptop, disket, flash disk, CD, PDA, atawa media elektronik sejenna), sabab saenyana ngan ukur mangrupa data elektronik. Macana oge make media husus, diantarana komputer (bisa PC/laptop) atawa PDA. Lian ti eta, jenis e-book oge rupa-rupa, gumantung kana software nu dipake nyieunna. Aya nu bentukna .exe, chm, .pdf,  .pdb, .lit, jeung sajabana. Lamun file e-book teh bentukna .exe, pasti bisa dibaca dina komputer mana wae, asal make operating system Windows. Tinggal klik, langsung bisa dibaca dina layar. Tapi lian ti eta mah biasana kudu make software husus, upamana Adobe Reader, Palm/PDB Reader, Microsoft Reader jsb.
Beda jeung file MS Word, upamana, ebook mah bisa di-protect sangkan teu bisa diutak-atik ku nu maca, bari tetep bisa dibaca. Ieu teh lantaran ebook dijieunna make software husus. Jadi kaaslian naskah kajamin, leuwih aman ti batan buku konvensional (buku tina keretas). Ampir sagala widang bisa dipidangkeun dina wangun ebook. Teknologi, budaya, pulitik, ekonomi, sosial, nepi ka hiburan (upamana bae novel atawa carpon), bisa - jeung geus kacida lobana - nu dijieun dina wangun ebook. Ebook, minangka salah sahiji bentuk atawa sarana nyebarna elmu jeung informasi, geus jadi kabutuhan, utamana pikeun nu geus wanoh jeung dunya internet. Kondisi saperti kieu teh nyababkeun sawatara penerbit buku ‘konvensional’, utamana di nagara-nagara maju, ngarasa hariwang. Maranehanana ngarasa sieun karebut alas.
 
Padahal, sabenerna mah teu perlu hariwang-hariwang teuing, da jelema teh rupa-rupa pangaresep. Komo di Indonesia mah, sabab mun dibandingkeun jeung jumlah penduduk, masih kacida saeutikna jelema nu wanoh jeung media nu ngaranna ebook. Akses internet nu mahal, kualitas telepon anu lambat tur teu stabil (mindeng pareum, gangguan, jsb), sarana pendukung (contona warnet) nu jajauheun kana walatra, mangrupa sawatara hal anu ngahambat popularitas ebook di urang.
 
Nepi ka danget ieu, ebook nu ngaleuya di internet masih didominasi ku ebook nu make basa Inggris. Sabenerna geus mimiti aya ebook nu make basa Indonesia, tapi perbandinganana masih ‘jauh tanah ka langit’. Mun rek neangan ebook basa Indonesia, cobaan di http://bukubagus.multiservers.com atawa situs sejenna anu pabalatak di internet.  Kumaha ari ebook basa Sunda? Berekah, nepi ka ayeuna can kungsi manggihan. Tuh pan, geus katinggaleun deui wae. Na kamarana atuh urang Sunda teh nya?
 
Kacipta, dina hiji mangsa mah, teuing iraha, urang Sunda teh bisa reueus silih tukeuran ebook basa Sunda di internet. Mangkaning internet mah bisa diakses ti sakuliah dunya. Jaba naskah-naskah Sunda nu geus ditulis teh moal leungit, moal rikes, moal saroek, moal ku ngenget, pasti aman salilana. Bisa kabaca ku anak, incu, buyut, bao janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, jst. Tapi, iraha nya?