Monday, August 30, 2010
Saturday, August 28, 2010
MOLONGO
Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto - kolot Omon - sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
"Tong boloho, Omon!" Om Toto moyok. "Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok."
Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.
Om Toto nyorongot. "Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!"
Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.
"Dodo!" kolot Omon nyorongot.
"Tong molotot Om," omong Dodo ngosom. "Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod."
"Tong sok moyok kolot, koplok!" Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.
Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko.
Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.
Bongbong borokokok.
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja.
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
Saturday, May 22, 2010
Kang Jaja Lawan Bayawak (terasna Ngarah Calawak)
2:52 19/01/2010 Ngaran-ngaran jalma, aya kalana nandangan naas. Tara salawasna jaya, tara salawasna gagah. Kadang-kadang balatak harta, kadang-kadang ngalaman katalangsara atawa namprak taya tangan pangawasa. Namprak, sanajan ngan sakadar hayang bala-bala atawa kadaharan basajan pantar jajanan pasar. Saprak ngalaman nyangsaya na tangkal kalapa Mang Karta panyawah Babah Can, Kang Jaja rada samar kahayang. Sawatara mangsa Kang Jaja ngaprak ka pasawahan ngalaan karaca atawa hahayaman, malah kalan-kalan ngala anak bayawak sagala. Bayawak mah ayana na wahangan, najan kadang-kadang hanjat ka darat. Ngan sanajan sabaraha hayangna, Kang Jaja mah narah ngala atawa ngadahar kalapa. Basana waas, matak ngarakacak manah ana ras kana pangalaman basa nyaah ka Anah anak Mang Karta. Dahar bayawak? Wah, can ngalaman asana mah. Bayawak mah kasap sarta matak barangasan. Matak kang Jaja mah tara ngadahar, sabab pan bayawak mah jang bahan tas atawa calana Tarsan. Dahar kalapa atawa bayawak mah narah, ngan kana bala-bala ngagalaksak. Saban Ahad atawa Salasa Kang Jaja ngahaja ngasakan bala-bala aya kana saparapat ayakanana. Basana jang tamba ngagaranggam, padahal mah Kang Jaja salawasna ngarasa lapar samangsa-mangsa padaharanana can kararaban bala-bala. Ngan basa Salasa tanggal dalapanlas Sawal mah kang Jaja nandangan naas. Padaharanana karasa panas asa tas ngadahar arak. Kang Jaja ngacaprak nahan rasa panas na padaharan. Rarasaanana asa hayang ngawakwak ka sasaha, manahna barangasan, malah kadang-kadang mah manghap asa hayang ngadahar cakcak atawa ngagadabah kadal sagala. Jaba mastakana karasana asa ngalayang kawas tas ngaganja. Padahal Kang Jaja mah pan tara ngaganja sabab apal agama ngalarang ngaganja. "Pan haram Pa," jawab Kang Jaja basa Pa Anang tatanggana nanya naha kang Jaja tara ngaganja. Sabab ngarasa taak, Kang Jaja tatamba ka Bah Kamad, jawara galak asal Karawang. Kang Jaja balaka hayang damang panyawatna, sabab karasana matak nahnay saawak-awak. Bah Kamad ngarampa padaharan Kang Jaja aya kana saparapat jamna. Barang cacap saparapat jam, raray Bah Kamad katara rada asak lantaran ngarasa hamham kana panyawat Kang Jaja. "Jang Jaja jam sabaraha sarapan?" Bah Kamad nanya. "Jam dalapan Bah. Naha nanya sarapan?" Kang Jaja panasaran. "Sarapan bayawak?" Bah Kamad katara hamham. Kang Jaja kalah ngagakgak, "Ha..ha..ha.. Abah mah ngacaprak ah! Sarapan bala-bala Bah, bayawak mah pan jang bahan tas atawa calana Tarsan." Bah Kamad katara nahan napas. Na matana kawas aya kapanasaran. "Nyaan Jang Jaja ngan ngadahar bala-bala?" "Nyaan Bah, saparapat ayakan malah," jawab Kang Jaja. Bah Kamad ngawas-ngawas kana padaharan Kang Jaja. "Masalahna," Bah Kamad kawas rada asa-asa. "Na padaharan Jang Jaja aya bayawak, malah anakan aya kana dalapanna..." Blar! Awak kang Jaja asa katabrak kapal. Padaharanana karasa tambah panas. Bayawak karasa ngacak-ngacak padaharanana. Jaba anak-anak bayawak karasana asa nyasar kana palangkakan. Naha aya bayawak na padaharanana? Ka mana jalan? Da rarasaan mah tara tambarakan ngadahar bayawak sagala. Kang Jaja ngan sakadar nanya na manah, sabab awakna nahnay, sagala karasa, jaba panyawat asmana ngadak-ngadak anpal. Kang Jaja namprak, taya tangan pangawasa. Kang Jaja pasrah. Copyright © 2010 - Tata Danamihardja. Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. |
Monday, February 01, 2010
WEUREU PEUTEUY
Ceuceu jeung Neuneu keur reureuh deukeut beus beureum. Beuheung Neuneu euleugeug neuteup peuteuy meuhpeuy jeung leubeut deukeut kleub keurseus teuleum.
"Euleuh-euleuh, deungeun teuteureuy Ceu," ceuk Neuneu teu euleum-euleum. Ceuceu ceuleumeut nyeueung peuteuy leubeut jeung beuneur deukeut beungkeut seureuh.
"Heueuh, Neu. Eunceup yeuh, meuleum peuteuy jeung beunteur keur nyeubeuhkeun beuteung. Ceuceu geus leuleus neureuy beunceuh geuneuk jeung keuyeup reuneuh teu eureun-eureun." Ceuceu meureudeuy.
Neuneu nyeuleukeuteuk, "Heu..heu..heu.. Ceuceu, ceuceu.. Neureuy beunceuh jeung keuyeup reuneuh? Geuleuh Ceu, jeung teu seubeuh. Leuheung peuyeum, teu geuleuh jeung nyeubeuhkeun beuteung."
"Neuneu!" Ceuceu ngeuleuweuh. Leungeun Ceuceu ngeukeuweuk beubeur Neuneu, peureup Ceuceu deukeut beungeut Neuneu. Beungeut Ceuceu euceuy.
"Beuteung beuteung Ceuceu, beunceuh jeung keuyeup leueuteun Ceuceu. Teu Neu, Ceuceu teu geuleuh," Ceuceu nyeuneu.
"Heureuy Ceu.." ceuk Neuneu keueung neuleu Ceuceu neugtreug. "Ceuceu eudeuk beuleum peuteuy?"
"Peuteuy? Eudeuk Neu. Meungpeung peuteuy keur meuweuh jeung beuneur. Neureuy beuleum peuteuy jeung leupeut, leuh eunceup," Ceuceu meureudeuy. Beungeut Ceuceu geus teu euceuy.
"Ceuceu teu ceuceub nyeueung Neuneu?" ceuk Neuneu keukeuh keueung.
"Teu Neu, Ceuceu geus teu ceuceub." Ceuceu neuteup Neuneu seukeut. Neuneu reueus Ceuceu geus teu peupeuleukeuk.
Ceuceu jeung Neuneu ngeureuyeuh neureuy beuleum peuteuy teu eureun-eureun. "Teureuy Neu, meungpeung seueur. Peupeujeuh," ceuk Ceuceu geugeut.
Neuneu nyeuleukeuteuk. Ceuceu nyeukeukeuk. Leuh, Neuneu jeung Ceuceu weureu peuteuy euy!
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
Wednesday, January 20, 2010
MILIK IING
12:07 02/01/2010
Milik Iing mirilik ti sisi ti gigir. Bi Icih ti Cikijing ngirim kicimpring, cingcirining milik Iing lir istri pinilih. Ditilik ti gigir kriting, diintip ti pipir.. bintit. Bisi Bi Icih isin, Iing nitip pipiti isi cicis. Ih, Bi Icih nyirintil lir ijid. "Iing, Bi Icih ngirim kicimpring bisi Iing ngicip-ngicip giribig di pipir Nini Imi. Bi Icih ijid ngintip pipiti isi cicis. Bi Icih ngirim lin bisnis kicimpring! Jig nyingkir! Si!"
Iing inggis digitik Bi Icih, tirilik nyingkir. Di pipir Nyi Iting, Iing nilik-nilik bitis. Jih, bitis Nyi Iting 'ning. Iing ngintip birit Nyi Iting ti pipir, nyidik-nyidik bisi imbit Nyi Iting mirip pipiti Bi Icih.
"Ngintip, Ing?" Nyi Iting mimiti inggis diintip.
Iing cicing, birit Iing tiis. Ting! Iing mikir ngicip-ngicip Nyi Iting.
"Nyingkir!" Biwir Nyi Iting kiriting.
"Nyi Iting, Iing inggis digitik Bi Icih. Iing ngiring cicing di Nyi Iting," Iing mimiti ciriwis.
Nyi Iting gigis mikir Bi Icih, sirintil nilik-nilik Iing. "Iing tiris?"
Iing cicing, inggis nyi Iting mikir-mikir nyisig piriwit. Iing inggis digitik.
"Bisi tiris, cicing di pipir!" Nyi Iting mimiti tiis.
Iing ngincig mipir-mipir sisi bilik. Ih, milik si Iing. Nyi Iting nyiwit birit Iing, Iing nyiwit pipi Nyi Iting.
"Idih, Iing ciriwis... hi..hi..hi..," Nyi Iting nyikikik, tirilik ngiring ngiciprit mipir-mipir sisi bilik. Iing mikir. Nyi Iting ngiring? Cingcirining Nyi Iting...tiris!
Prikitiw!

Sunday, December 20, 2009
NGARAH CALAWAK (Audigibook Haratis)
Ka sugri nu peryogi hiburan, mangga undeur pangalaman Kang Jaja nu nyariosna A wungkul. Filena teu ageung, mung 542 Kb, sanaos durasina lumayan panjang, 3:49 menit. Nyanggakeun, Ngarah Calawak.
Wednesday, December 09, 2009
GRATIS: LAGU SEJUTA KOIN UNTUK PRITA
Bilih aya nu peryogi lagu SEJUTA KOIN UNTUK PRITA, mangga diundeur di:
http://www.4shared.com/file/168374916/726165a1/SejutaKoinUntukPrita.html (punten, sanes lagu Sunda :-))
http://www.4shared.com/file/168374916/726165a1/SejutaKoinUntukPrita.html (punten, sanes lagu Sunda :-))
Hatur nuhun.
Subscribe to:
Posts (Atom)