Wednesday, January 20, 2010

MILIK IING

12:07 02/01/2010

Milik Iing mirilik ti sisi ti gigir. Bi Icih ti Cikijing ngirim kicimpring, cingcirining milik Iing lir istri pinilih. Ditilik ti gigir kriting, diintip ti pipir.. bintit. Bisi Bi Icih isin, Iing nitip pipiti isi cicis. Ih, Bi Icih nyirintil lir ijid. "Iing, Bi Icih ngirim kicimpring bisi Iing ngicip-ngicip giribig di pipir Nini Imi. Bi Icih ijid ngintip pipiti isi cicis. Bi Icih ngirim lin bisnis kicimpring! Jig nyingkir! Si!"

Iing inggis digitik Bi Icih, tirilik nyingkir. Di pipir Nyi Iting, Iing nilik-nilik bitis. Jih, bitis Nyi Iting 'ning. Iing ngintip birit Nyi Iting ti pipir, nyidik-nyidik bisi imbit Nyi Iting mirip pipiti Bi Icih.

"Ngintip, Ing?" Nyi Iting mimiti inggis diintip.

Iing cicing, birit Iing tiis. Ting! Iing mikir ngicip-ngicip Nyi Iting.

"Nyingkir!" Biwir Nyi Iting kiriting.

"Nyi Iting, Iing inggis digitik Bi Icih. Iing ngiring cicing di Nyi Iting," Iing mimiti ciriwis.

Nyi Iting gigis mikir Bi Icih, sirintil nilik-nilik Iing. "Iing tiris?"

Iing cicing, inggis nyi Iting mikir-mikir nyisig piriwit. Iing inggis digitik.

"Bisi tiris, cicing di pipir!" Nyi Iting mimiti tiis.

Iing ngincig mipir-mipir sisi bilik. Ih, milik si Iing. Nyi Iting nyiwit birit Iing, Iing nyiwit pipi Nyi Iting.

"Idih, Iing ciriwis... hi..hi..hi..," Nyi Iting nyikikik, tirilik ngiring ngiciprit mipir-mipir sisi bilik. Iing mikir. Nyi Iting ngiring? Cingcirining Nyi Iting...tiris!

Prikitiw!
 
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Sunday, December 20, 2009

NGARAH CALAWAK (Audigibook Haratis)

Ka sugri nu peryogi hiburan, mangga undeur pangalaman Kang Jaja nu nyariosna A wungkul. Filena teu ageung, mung 542 Kb, sanaos durasina lumayan panjang, 3:49 menit. Nyanggakeun, Ngarah Calawak.

Wednesday, December 09, 2009

GRATIS: LAGU SEJUTA KOIN UNTUK PRITA

Bilih aya nu peryogi lagu SEJUTA KOIN UNTUK PRITA, mangga diundeur di:
http://www.4shared.com/file/168374916/726165a1/SejutaKoinUntukPrita.html (punten, sanes lagu Sunda :-))
 
Hatur nuhun.

Saturday, November 21, 2009

17 Pupuh Sunda

Waktu di SD kuring kungsi diajar pupuh ku guru. Ngan nyakitu, lian ti teu kumplit, tetela lamun ditengetan ayeuna mah singhoreng loba nu kurang merenah, ma'lum pan aranjeunna (para guru) teu kabeh seniman, padahal sarerea oge pada terang di SD mah guru teh kudu bisa ngajar sagala rupa pangajaran. Najan kitu, ku diwanohkeun oge kana pupuh geus pirang-pirang nuhun, sabab eta geus jadi dadasar dina diri kuring enggoning ngipuk kadeudeuh kana basa jeung budaya Sunda.
 
Pupuh teh wangun dangding atawa lagu anu kauger ku aturan nu geus pararuguh. Jumlahna aya 17 nyaeta: Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Jurudemung, Durma, Gambuh, Gurisa, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, Wirangrong.
 
Masing-masing pupuh ngabogaan watek tur aturan nu beda-beda, ngawengku jumlah padalisan (baris), guru wilangan atawa jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (baris), sarta guru lagu atawa sora a-i-u-e-o dina tungtung padalisan. Sedengkeun jumlah pada (bait) mah henteu disengker, kumaha kahayang nu nganggit guguritan.
 
Baheula mah pupuh teh sok dipake ngarang carita, disebutna wawacan. Salah sahiji contona nu kuring masih keneh inget nyaeta wawacan Purnama Alam. Inget soteh judulna, bukuna mun teu salah aya dua jilid, da ari eusi caritana mah poho deui, ma'lum macana ge keur budak keneh tur kekecapanana loba nu can kaharti. Ngan nu masih keneh inget teh salah sahiji tokohna ngaranna Ratna Suminar.
 
Dina wawacan, suasana carita diluyukeun jeung watek pupuh. Upamana bae, nu keur nalangsa ditinggalkeun kabogoh moal mungkin dicaritakeun dina pupuh Durma, sabab Durma mah watekna heuras. Nu keur sedih mah leuwih cocog dicaritakeun make pupuh Mijil atawa Maskumambang. Sabalikna nu keur perang moal dicaritakeun make pupuh Pupuh Lambang anu watekna banyol atawa pikaseurieun.
  1. Asmarandana: Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  2. Balakbak: Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
  3. Dangdanggula: Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
  4. Jurudemung: Watekna kaduhung, atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  5. Durma: Watekna heuras atawa siap rek tarung. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  6. Gambuh: Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  7. Gurisa: Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.
  8. Kinanti: Watekna miharep atawa prihatin. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  9. Ladrang: atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  10. Lambang: Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  11. Magatru: Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  12. Maskumambang: Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  13. Mijil: Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  14. Pangkur: Watekna napsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  15. Pucung: Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  16. Sinom: Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan.
  17. Wirangrong: Watekna era atawa wirang. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
Bilih aya anu peryogi audio kanggo bekel diajar pupuh, mangga diundeur bae di dieu:
 
 
Nyanggakeun!
 

Monday, September 07, 2009

Endog Lini

Cek beja, majar lini teh sok ngendog. Duka kumaha mimitina pangna nepi ka aya dongeng saperti kitu. Can pangangguran maluruh, saha mimitina nu boga inisiatif. Nu jelas, nepi ka kiwari can kungsi aya jelema nu kawenehan manggihan endog lini.
 
Keur budak mah sok jadi pikiran. Enya kitu endog lini teh aya? Mun aya, di mana ngendogna? Kaciptana teh endogna gede, sagede bal baliter kitu lah, wareg we mun dikulub teh.
 
Beuki gede, konsep endog lini beuki laas dina pikiran, sabab teu cocog jeung rasionalitas. Pan lini mah lain mahluk hirup, jadi moal mungkin bisa ngendog. Nu angger ti baheula nepi ka ayeuna, mun aya lini sok gegebegan, sieun. Taun 1978 (mun teu salah), lembur kuring dioyagkeun ku lini anu lumayan gede. Loba wangunan anu rugrug, bencar, atawa ruksak. Alhamdulillah, imah kuring teu regrog-regrog, ma'lum imah panggung nu cenah mah leuwih tahan gempa.
 
Taun 1982 (enya kitu?) Gunung Galunggung bitu. Mindeng karasa oyagna lini, bubuhan lembur kuring teh kaasup deukeut ti Galunggung. Lian ti lini, lebuna oge kabagean, nyaeur di buruan imah jeung dina hateup. Kungsi pabeubeurang lebu Galunggung nutupan panonpoe, nepi ka poek mongkleng lir ti peuting.
 
Poe Rebo tanggal 2 September 2009 kamari, deui-deui lini. Ayeuna mah kacida gedena malah, nepi ka keur nangtung ge karasa oyag, gagaleongan. Ketir, sieun, keueung, soal, pagalo jadi hiji. Nu aya dina uteuk ngan ukur ka mana nya lumpat sangkan salamet, bari mikir ayeuna kitu kiamat teh? Tapi alhamdulillah, teu cecel teu bocel. Imah, awak sakujur, salamet. Ngan lomari we tigubra, eusina sabangsaning gelas jeung piring bubuk pisan teu kapuluk.
 
Di daerah sejen, loba wangunan jeung imah anu ancur. Harta banda meunang tekang-teking welasan taun ancur sapada harita, teu kapuluk pisan. Korban jiwa ngaratus. Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un. Pulo Jawa ngungun, sedih kingkin ngarandapan musibah gede saperti kieu.
 
Mun dianalogikeun kana dongeng endog lini, saestuna nu jadi endogna teh nyaeta hikmah tina ieu kajadian. Endog nu loba ngandung vitamin, gede mangpaatna pikeun awak urang. Kitu deui hikmah tina kajadian lini kamari. Jigana bae eta teh panyepret ti Gusti Nu Maha Suci pikeun urang sarerea sangkan eling tur napakuran diri. Naon rupa anu karandapan ku urang, boh nu matak sedih, pon kitu deui nu matak senang, tangtu aya mangpaatna pikeun diri urang. Musibah kamari anggap bae endog lini anu loba vitaminna, najan karasana rada hanyir, tapi matak sehat kana awak.

Tuesday, August 25, 2009

SundaBlog Versi Mobile

Ka sugri anu bade ngersakeun ngakses SundaBlog tina tetelpon seluler atanapi HP alias hape, mangga cobian diakses langsung tina HP : http://winksite.mobi/atata/sunda Dijamin henteu beurat sareng loading-na langkung enggal.
 
Hatur nuhun.

Thursday, June 25, 2009

Usum Ngabustam

Ngabustam teh ngawadul. Biasana loba bohongna tibatan benerna. Tujuanana bisa rupa-rupa, ngan utamana mah ngarah piandel, hayang dipercaya. Ku naon pangna kitu? Sabab nu ngabustam hayang nutupan kahengkeran dirina, susuganan ku cara kitu ku batur jadi dianggap hebat, dianggap bisa, dianggap mampuh.
 
Padahal da ari kamampuh atawa kabisa jelema mah da nonggerak. Najan ditutupan oge pasti kaciri ku batur, sabab pangabisa mah katenjona dina karya nyata. Mun aya jelema ngaku-ngaku sakti teu teurak dikadek, tong waka percaya. Mending cobaan we kadek, pan pasti katempo teurak henteuna :-) Komo jelma nu ngaku-ngaku kasep atawa geulis mah, hese ngabohongna, da eta mah langsung aya buktina.
 
Kamampuh jelema teu bisa diukur tina omonganana wungkul, tapi kudu katempo buktina. Beuki mindeng jelema nabeuh karep, urang kudu beuki curiga kana naon anu diomongkeunana. Sabab biasana jelema nu loba pangaweruhna mah tara rea omong, tara hayoh wae ngagul-ngagul karep. Cindekna tara goong nabeuh maneh. Tah nu loba omong bari euweuh kanyaho, kurang kamampuh, nya ngabustam tea disebutna.
 
Mun rajin nengetan pintonan dina tipi, ayeuna-ayeuna ieu loba pisan goong nabeuh karep. Para calon presiden jeung calon wakil presiden paciweuh paloba-loba omong, nepi ka silih cempadna pisan. Rupa-rupa pamolahna. Aya nu agul ku turunan. Aya nu ngagul-ngagul hasil gawe manehna salila jadi pejabat, sok padahal eta mah memang geus jadi tugasna, da pararuguh buruhna. Pan pejabat teh digajih lain? Aya oge nu ngagogoreng batur, jiga manehna tara salah atawa tara pikasebeleun. Kalakuan nu ditataan tadi kabeh oge tujuanana mah sarua: hayang meunang simpati, hayang dipikaresep. Mun geus dipikaresep, pan pamustunganana mah hayang dipilih.
 
Ngan jigana bae, maranehna teh poho yen ra'yat teh lain budak olol leho nu gampang dibobodo. Cara-cara nu dipilampah kiwari, upamana ku cara ngabustam tea, geus hese payu. Sarerea ge geus pada ngarti, lamun enya nyaah tur deudeuh ka ra'yat, nu penting mah gawe nu bener, teu kudu loba ngomong teu puguh. Jeung pamingpin mah kudu pinter deuih. Tangtuna oge eta kapinteran teh ulah dipake minteran batur, dipake nyalikong, tapi estu dipake pikeun ngokolakeun nagara sangkan ra'yatna raharja.
 
Pamustunganan, urang kudu ati-ati dina milih pipamingpineun. Ulah kagelo ku jangji, mun kieu rek kieu, komo bari jangjina teu realistis mah. Nu kitu mah ngabustam tea ngaranna. Sanes kitu? Kateuing ah, lieur!