Saturday, September 20, 2008

Iklan Politisi

Sawatara waktu ka tukang, kungsi aya nu pesimis 'kueh' iklan media televisi bakal samporet sabab kudu parebut jeung media sejen. Tapi tetela eta kahariwang teh teu kabuktian. Jumlah media televisi nu kalahka ngarekahan, kaasup di daerah, jadi salah sahiji tanda atawa ciciren yen televisi henteu kakurangan iklan. Nya rek hirup ti mana atuh lamun lain tina iklan, sabab ngaran-ngaran media komersial mah hirup-huripna ngandelkeun iklan.

 

Saha bae nu masang iklan? Biasana, atawa lumrahna, perusahaan anu hayang produkna dipikawanoh ku balarea. Media televisi dianggap media iklan nu efektif dina mangaruhan pikiran konsumen, sabab ngagunakeun gabungan kakuatan audio tur visual. Jadi, lian ti kadenge, produkna oge katenjo. Beuki mindeng produkna ditayangkeun dina televisi, beuki gede harepan produsen sangkan produkna dibeulian ku masarakat nu lalajo televisi.

 

Jigana nempo pangaruh televisi nu kacida gedena, loba nu kabita milu ngamangpaatkeun. Salah sahijina nya politisi nu hayang meunang kalungguhan di pamarentahan, utamana nu hayang jadi presiden atawa gupernur. Mangga tingali, dina televisi kiwari rapang politisi nu masang iklan. Naha ngan ukur dua eta nu wani masang iklan dina televisi? Sabab jabatan nu leuwih handap mah moal kabedag mayar iklan nu hargana bisa ngahontal puluhan milyar! Kapala desa atawa kuwu upamana. Dina jadina oge jeneng kuwu, moal kabual hasilna, dipake mayaran hutang urut masang iklan. Batan lunas, pastina oge kalahka langlayeuseun!

 

Mun kitu, hartina calon presiden jeung calon gupernur laloba duit? Bisa jadi. Ngan lamun duitna dipake mayar harga iklan anu sakitu mahalna asa pamohalan. Komo deui lamun mikir yen nu nyalon can tangtu kabiruyungan jadi presiden atawa gupernur. Lamun kitu kajadianana tangtu duit puluhan milyar teh jadi gaplah. Duit lapur, jadi pejabat henteu. Pikeun ngurangan resiko, nya ti mana deui lamun lain ti donatur. Bageur atuh donatur teh? Ah henteu oge, sabab moal samata-mata wani ngaluarkeun duit lamun euweuh pangarahan. Para donatur – biasana pengusaha – tangti miharep kompensasi ti jelema nu dibere donasi mangrupa fasilitas sangkan usahana atawa dagangna leuwih mucekil. Jadi, win-win solution. Pejabat dimodalan, pengusaha dibere fasilitas atawa kadang-kadang prioritas. Pan aya undang-undang nu ngawatesanan jumlah donasi? Ah, pan cenah oge aturan teh dijieun pikeun dirempak atawa dilanggar.

 

Nu matak teu kudu ngarasa heran lamun calon nu eleh biasana sok murang-maring, ngerahkeun massa pikeun demo, susuganan ku jalan demo jabatan bisa pindah ka manehna. Pan mun jadi pejabat mah bisa balik modal tah, sanggeus bebeakan kampanye. Asana geus kacida hesena neangan pejabat nu hayang jeneng ku sabab hayang ngabelaan ra'yat leutik. Nu puguh mah, jabatan teh teu kurang teu leuwih ti pagawean nu bisa ngadatangkeun panghasilan. Itung-itunganana geus lain keur kapentingan masarakat, keur ngamajukeun nagara atawa ra'yat, tapi malulu itung-itungan bisnis, itung-itungan untung rugi. Modal saanu, kautunganana kudu saanu. Mun teu sakitu, rugi.

 

Ku sabab kitu, kaleuleuwihi lamun urang ngarep-ngarep pamingpin nu merjoangkeun kapentingan ra'yat. Cohagna, boro-boro mikiran kapentingan ra'yat, sabab panginditanana oge tina itung-itungan bisnis. Naon untungna merjoangkeun ra'yat ari euweuh kauntunganana mah? Euweuh dina buku rusdina ra'yat nguntungkeun pejabat, ari lain dina usum nyoblos mah. Kituna oge cukup ku dibebenjokeun ku kaos, duit sautak-saeutik, jeung jangji weh, pasti repeh, pasti jempe. Moal nagih jangji ieuh, pan ra'yat mah barodo. Singsieunan we, pasti murengked. Cenah aya nu murugul, tinggal nyewa pengacara dua puluh siki mah, pasti aman.

 

Pamustunganana, ulah kagelo ku jangji-jangji calon pejabat dina iklan atawa sajeroning kampanyeu. Ra'yat nu majar aya dina posisi pangluhurna dina sistem demokrasi, dina emprona mah ngan ukur jadi objek penderita, dipake bungbu salila kampanyeu. Pan keur kampanye mah sarerea oge pasti mamawa ra'yat. Ra'yat deui, ra'yat deui, jiga nu enya.  Ngan di mana geus hasil maksud, kabeh oge sok poho. Ra'yat ibarat nu ngadorong mobil, ari geus hurung mah biur bae ditinggalkeun bari teu nuhun-nuhun acan.

 

Ari geus, kumaha atuh engke dina waktuna milih? Ah, teu langkung eta mah. Bade milih mangga, henteu bae sawios. Ulah sieun dicap golput, lamun memang euweuh piliheun. Milih mah hak, lain kawajiban. Tibatan milih anu lain piliheun, anu jajauheun tina sikep hiji pamingpin, mending teu milih sakalian tibatan kudu kababawa milu tanggung jawab,  bongan pipilueun milih. Cindekna, kudu asak-asak tinimbangan memeh milih.

 

Tapi, ah teu langkung ketang. Bisi disebut provokator J

Wednesday, September 10, 2008

Kartu Lebaran Basa Sunda Haratis

Munggaran aya kartu lebaran dina basa Sunda? Kana kitu rupina. Mangga pilarian dina situs-situs nu nyadiakeun kartu lebaran, upami teu basa Inggris, nya basa Indonesia.
 
Ieu mah mamanawian, manawi kamanah, manawi bahan katampi, susuganan kaanggo, nyanggakeun kartu lebaran basa Sunda. Sanes mung ukur tiasa ditoong jiga kartu ti situs-situs nu nyadiakeun kartu, nanging leres-leres tiasa kapimilik ku nu dikintun, tiasa disimpen dina komputer masing-masing, tingalieun salalawasna.
 
Meungpeung masih keneh aya waktos, sateuacanna mudik, mulang ka lembur, kantun diundeur, lajeng tiasa dikintunkeun nganggo email tina komputer salira.
 
Sakantenan ngahaturkeun wilujeng boboran siam ka sadaya nu sok ngalongokan atanapi nganjang ka SundaBlog. Sih hapunten anu kasuhun tina samudaya kaluluputan, boh anu teu karaos, sok komo deui anu karaos, rumaos seueur katuna. Mugia tawakup.
 
Wilujeng Boboran Siam 1429 H.
 
Kartu lebaran tiasa diundeur di handap ieu.
 

Saturday, September 06, 2008

Residivis Romadon

Ku teu karasa ari nyerelekna waktu. Asa cikeneh tas lebaran, ayeuna geus bulan Romadon deui bae. Saur Mama Ajengan, bulan puasa teh bulan anu wajib dianti-anti ku sakumna umat Islam. Bulan suci, bulan nu pinuh ku barokah. Bulan tempat 'diklat' sangkan urang jadi manusa pinunjul anu mampuh ngadalian napsu, nyengker kahayang anu taya anggeusna lamun diturutkeun. Tegesna, kawajiban nyengker hawa napsu, lain ngan ukur dina bulan puasa, tapi kudu jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoe.
 
Hanjakal dina kanyataanana mah teu kitu. Bulan puasa mindeng dianggap panjara, nepi ka di mana 'leupas' tina ugeran Romadon, urang jadi 'residivis' deui. Mun dina bulan puasa reureuh ngomongkeun batur, di luar bulan puasa mah dikeureuyeuh deui. Baju muslimah dibarukaan deui, ganti ku baju nu tingboleklak. Nu korupsina eureun sabot bulan puasa, kanceuh deui, jeung sajabana.
 
Salah? Tangtu bae, sabab cek tadi ge, lulus tina 'diklat' bulan Romadon kudu jadi leuwih alus tibatan samemehna. Ngan lamun dibandingkeun, nu kitu masih 'mending' tibatan anu sagala dirumpak salawasna, rek bulan puasa rek lain. Najan kitu, lain hartina 'residivis' bulan puasa leuwih alus tibatan nu sagala dirumpak, sabab nu alus mah tangtuna oge nu salawasna ngalakukeun kahadean.
 
***
 
Saperti Romadon nu geus kaliwat, poe mimiti sumanget pisan niat taraweh di masjid. Hanjakal nu tadina rek solat husu teh kaganggu ku nu gogorowokan sataker kebek, "Allohumma sholli wasalim 'alaa sayyidinaa Muhammaaaaad!!!" Mangkaning tiap aweh salam eta teh.
 
Astaghfirulloohal adziem! Maenya muji kangjeng Nabi kudu digorowokkeun siga nu siwah? Mending lamun budak leutik, di ma'lum keneh. ieu mah kolot atuda! Niat rek sholat taraweh dibarengan ku sumanget opat lima ngadadak lempes, dumadakan ilang tanpa karana. Rek ngejat asa teu pantes, nya ngawayahnakeun milu solat nepi ka anggeus. Balik ti masjid aya budak ngalungkeun petasan, ngabeledag tarik pisan. Emh, Gustiii.. Sabaaar, sabaaar... Ku loba pisan gogoda jeung piambekeun teh.
 
Isukna kuring taraweh sorangan, di imah. Tiis ceuli herang mata. Gusti, mugi-mugi katampi. Sanaos tetebiheun tina sampurna, mugi-mugi abdi sing tiasa ngeker diri sapapanjangna sarta henteu kalebet kana golongan residivis Romadon. Amin.

Thursday, August 28, 2008

Jadwal Puasa di 2198 Kota

Mapag bulan Romadon 1429 Hijriyah, tangtu kudu tatahar lahir batin, pisik jeung mental, sangkan puasa urang pinanggih jeung kasampurnaan. Tah, salah sahiji ihtiar lahir nyaeta nyiapkeun jadwal puasa nurutkeun kota tempat padumukan urang.
Jadwal Puasa di 2198 Kota Gratis!
Kanggo nu peryogi, Jadwal Imsakiyah Abadi pikeun 2198 kota gede katut kota leutik di sakuliah dunya (ti mimiti Aalborg di Denmark nepi ka Zurich di Swiss), jeung di Indonesia saperti Jakarta, Bekasi, Bogor, Ciamis, Tasik, Binjai, Bireun, Garut, Kuningan, Bima, Cirebon katut ratusan kota sejenna, tiasa diundeur di dieu.
 
Saratna, kudu aya Microsoft Excel dina komputer pikeun muka jadwal. Sakali deui, Jadwal Imsakiyah Abadi tiasa diundeur di dieu.
 
Nyanggakeun.

Wednesday, August 27, 2008

E-Book Carita Sunda Godi Suwarna

Salah sahiji kamotekaran pangarang nyaeta imajinasi. Ti jaman tai kotok dilebuan nepi ka kiwari, can aya nu bisa ngawatesanan atawa nyengker imajinasi. Tetela, lamun digunakeun samistina, imajinasi bisa jadi kakuatan anu lain lulumayanan.
 
Godi Suwarna, pangarang teureuh Ciamis, kawentar kamotekaranana dina mateakeun imajinasi anu lir teu kawatesanan ku ruang jeung waktu. Ku kaparigelanana, bisa bae Gatotkaca ujug-ujug adu hareupan jeung Superman, upamana. Setting, karakter, katut unsur-unsur sejenna mindeng dipake ngaburak-barik 'logika' nu maca, nu saestuna geus kauger ku norma atawa aturan kamistian nurutkeun 'akal sehat'.
 
Upamana bae, gagasan toko karangan atawa lembur nu jadi pabrik karangan dina carita 'Biografi Bagawan Hadim'. Ieu teh estu gagasan orisinil. Masing - upamana - toko karangan atawa pabrik karangan dianalogikeun jeung toko buku, pan dina kanyataanana mah di kampung masih keneh hese neangan buku. Komo deui upama neangan hiji lembur nu kabeh jelema pacabakanana kana ngarang carpon jeung nulis sajak!
 
Anehna, 'logika' nu 'diburak-barik' teh bet kalah matak pogot tur teu karasa kaganggu. Sanajan rada kerung heula sakedapan, tapi lila-lila nu maca ngarasa jongjon tur tumaninah dibawa 'sasar' dina kakuatan imajinasi Godi. Malahan, nya ieu pisan nu jadi salah sahiji pangirut atawa 'daya tarik' tulisan-tulisan Godi Suwarna.
 
Ka nu ngaraos panasaran, carpon Godi Suwarna nu judulna Biografi Bagawan Hadim dina wangun ebook sunda PDF tiasa diundeur di dieu.

Saturday, August 16, 2008

Ngabengbeos

Jang Obos kawentar ahli ngawaos. Maksudna seueur nyarios tapi ukur ngahambur-hambur waktos, teu matak nambahan pangartos. Baheulana Jang Obos sok dagang bandros. Gara-gara jurig tumpak Atoz, Jang Obos kabiruyungan jadi bos, sanggeus dicaroblos jadi anggota dewan tukang ngokos artos. Teu ngartos, ku naon bet pada nyoblos, da pribados mah sakalieun ngadenge manehna ngawaos, sok hayang nojos bebengokna nu cengos, atawa masihan bobos.
 
Sanaos ukur pangsiunan tukang bandros, Jang Obos lila-lila ngartos kumaha carana ngokos artos ladang haruwas-harewos. Asal proyek lolos, rekanan pasti ngartos. Komo mun Jang Obos geus morongos, sarerea pasti haroshos, sieun ditojos ku waosna nu marencos. Padahal Jang Obos ngan ukur ngegos, sabab ditenggor ku citakan bandros oge pasti tobros, ma'lum boga panyakit tulang koropos.
 
Parandene kitu, Jang Obos nu ayeuna geus pinter dangdos tur tara dagang bandros, sok pada ngantos-ngantos. Komo mun geus deukeut ka usum nyoblos, sabab sok babagi kaos jeung peremen mentos, sakapeung ditambah artos. Hanjakal pisan kalakuanana jadi ngebos. Gampang morongos mun aya kateuraos. Mun geus kitu, sarerea sok tinglaleos. Lain ukur sieun ku porongos, tapi teu kuat ngambeu bau beurit katojos tina sela-sela waosna anu marencos.
 
Kamari ieu aya wartos Jang Obos indekos di panjara nu teu teurak ditobros. Basa sakali waktos pasarandog jeung para wartawan tukang ngabewarakeun wartos, Jang Obos pada naros. "Jang Obos, kumaha karaos?" Jang Obos nu sirahna jadi bolenos (hi..hi.. maksudna: bolenang)ukur bisa ngaharewos haroshos, "Atos, atos...." bari nyumputkeun beungeutna nu cengos.
 
Jang Obos ngabengbeos, dikawal ku sipir colonos, bari ngalamun: mun make artos, susuganan bisa lolos!
 
Wios?

Thursday, August 14, 2008

HEUHEUY JEUNG DEUDEUH

Hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Kitu cek si Kabayan. Aya mangsana meunang kabungah, aya kalana nyorang kasusah. Ngan ceuk nu pinter, bungah jeung susah mah kumaha cara nenjo jeung ngararasakeunana. Conto gampangna, dahar jeung uyah oge ari pikiran senang mah ngeunah we nu aya. Komo mun uyahna dipurulukan daging hayam mah, pasti ngeunaaah.. pisan!
 
Hirup oge lain komik nu kelirna ukur hideung jeung bodas. Kadang-kadang kulawu, antara hideung jeung bodas, antara susah jeung senang. Antara pikaseurieun jeung pikasebeleun. Unggal jelema pasti ngalaman susah jeung senang. Rek tukang tani, rek dokter, rek pejabat, tukang beca, blogger, tukang nerjemahkeun, atawa anggota dewan. Pasti kungsi ngarandapan susah atawa senang.
 
Tatangga kuring nu anggota dewan, katempona senang bae. Pansiun boga, gajih ti DPRD mayeng, jaba anak geus jareneng. Lain eta wungkul. Anyar-anyar ieu, basa kabaud korupsi 200 milyar leuwih, manehna teu ngalaman diberok. Padahal baturna nu papada milu ngasaan duit meunang korupsi geus ngararingkuk di pangberokan. Manehna mah senang we, bisa keneh luntang-lantung, jogging saperti biasa.
 
Jadi inget basa kamari maca koran, nu korupsi 5 juta perak nepi ka dipasang fotona sagala, jadi DPO pulisi jeung Kejaksaan. Naha ari nu kasusna milyaran diantepkeun sina senang-senang ngahenang ngahening? Mun teu garelo ge, pasti pulisi jeung kejaksaan teh leutik burih, wanina ngan ka jelema leutik. Atawa, maranehanana pasti kabagean duit suap hasil korupsi tea. Pan tina milyaran mah meureun suapna ge puluhan atawa ratusan juta. Pasti lah...
 
Tapi naha enya kitu manehna ngarasa senang? Ah duka teuing, da senang soteh dina penenjo batur. Boa manehna mah ngarasa era, da najan teu dipanjara oge sarerea pada nyaho yen manehna geus ngagasab duit ra'yat. Tapi bisa oge manehna teu ngarasa era, sabab biasana nu kitu mah geus kurang kaera, mun henteu geus leungit kaera oge.
 
Buktina, sababaraha poe ka tukang manehna ngedarkeun formulir ka tatangga-tatangga, menta dukungan, rek nyalon deui jadi anggota dewan! Jadi, jigana mah memang geus teu boga di kaera. Atawa kaerana disakuan heula meureun. Hebat pan?
 
Piraku teu bisa kitu-kitu acan mah. Pan ngagarong duit ra'yat ge teu era. Komo deui ieu. Pira ge nyumputkeun kaera, piraku teu bisa. Ngan memang ceuk kuring mah manehna jelema nu luar biasa.
 
Naha? Mangga wae emut. Ibaratna urang geus ngagarong jelema, terus teu sabaraha lila urang menta dukungan rek nyalon deui jadi garong ka jelema nu tas digarong. Hebat pan? Pasti hebat mun teu eusleum oge.
 
Formulir nu dianteurkeun ku pacalangna masih keneh ngagoler dina meja. Rek dieusian? Ah moal, antepkeun we sina kosong. Kecuali mun kuring rek miluan jadi garong atawa jadi nu gelo.
 
Lieur ah.