Ieu blog husus nganggo basa Sunda wungkul, minangka lengkah saestu - sanaos sakieu buktosna - dina enggoning ngeuyeub-ngeuyeub media basa Sunda. Rumaos sanes ahlina, namung mugia sing janten mangpaat, sasieureun sabeunyeureun, kanggo urang sadaya, utamina sing saha bae anu micinta basa Sunda. Mangga urang mitembeyan, sasarengan ngarumat tur ngamumule Ki Sunda sakamampuh sewang-sewangan..
Monday, August 30, 2010
Saturday, August 28, 2010
MOLONGO
Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto - kolot Omon - sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
"Tong boloho, Omon!" Om Toto moyok. "Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok."
Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.
Om Toto nyorongot. "Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!"
Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.
"Dodo!" kolot Omon nyorongot.
"Tong molotot Om," omong Dodo ngosom. "Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod."
"Tong sok moyok kolot, koplok!" Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.
Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko.
Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.
Bongbong borokokok.
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja.
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.