Thursday, April 02, 2009

Wanci Ngobral Jangji

Lima taun sakali Indonesia polusi ku jangji. Jangjina rupa-rupa. Aya nu teu pikahartieun. Aya nu matak hayang seuri. Aya nu pikasebelun. Aya nu teu asup akal. Aya nu jangji rek nurunkeun harga sembako baru jeung teu disebutkeun kumaha carana. Memangna manehna teh rajana tukang dagang sembako? Nu ngagogoreng batur wae aya. Nu api-api jadi jelema soleh oge loba. Pokona, kabeh usaha satekah polah sangkan loba nu kapincut pikeun milih manehna.
 
Urang memang bangsa nu pohoan. Poho kana nedunan jangji, poho kana nagih jangji. Nu bareto jangji rek itu rek ieu, ngarasa aman, sabab tara aya nu nagih ieuh. Nu matak, rek jangji mah der der bae jangji sataker kebek. Upamana jangji mun kapilih, unggal jelema rek dibagi duit sapuluh juta sewang. Dijamin moal aya nu nagih. Pan bangsa urang mah bangsa pohoan. Nya ieu pisan nu sering dimangpaatkeun ku jelem-jelema nu resep ngumbar jangji sangeunahna.
 
Tanggal 9 April 2009, waktuna milih wawakil urang. Sanajan sok rada heran sabab wakil ra'yat teh behna mah leuwih garinding ti nu diwakilanana. Tapi dalah kitu kanyataanana. Boh kitu boh kieu, mun niat rek milih, nya tinggal milih. Ngan kahade, tina sakitu ratus calon wakil ra'yat teh, lolobana mah tukang tipu. Ulah kagelo ku jangji-jangji aramis waktu kampanye. Sing asak-asak nya tinimbangan, bari ngadu'a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan ulah salah pilih. Bismillah.

13 comments:

  1. Leres pisan...

    Neang ka nini paraji
    Ulah poho mawa sapu
    Tong percaya kana jangji
    Maranehna saukur nipu

    ReplyDelete
  2. neang nini mawa tolombong
    ulah poho mawa sari pohaci
    tong percaya nu rea omong
    rea omong sok jalir jangji

    cik ah... nu leres - leres wae...
    bismillah

    ReplyDelete
  3. bahasa sunda nya pinter banget...
    ahahhaa..
    saya mah juga lagi blajar bahasa sunda..
    lumayan nih blognya buat belajar..
    nuhun nya..
    boleh grab banner Sundablog nya kan?

    ReplyDelete
  4. @ Abah Udud: Haturan Abah. Sering nguping soantenna mah di Elshinta :-)

    @bunda: Tah, pami sadaya tarapti sapertos Bunda mah, amaan lah pemilu teh..

    @Dyan: Mangga Kang Dyan, sakantenan urang sasarengan diajar. Ke, ari Kang Dyan na urang mana kitu?

    ReplyDelete
  5. wadoh..naon eta teh artina kang?masih pemula..ahahha,,
    saya mah wong suroboyo,,nuju sumanget pisan diajar basa sunda..
    hhehehe..

    ReplyDelete
  6. meuni sae si akang basa sunda na,salam ah di abdi org sunda
    sareng titip link kang :D

    http://warung-bisnis-online.blogspot.com

    ReplyDelete
  7. sunda na alus euy abdy mah rada era yeuh, sok atu carita kaayaan sunda palih wetan atanapi ujung nyaeta di brebes masih keneh loba suku sunda di jateng teh.

    ReplyDelete
  8. SALAM KENAL kang ti abdi yeuh blogger anyar minangka namah hayang kawas batur ngajalajah dunia maya
    dukungana atuh kang
    tuker link atuh kang ameh tambah rame blogger baruna

    ReplyDelete
  9. SALAM KENAL kang ti abdi yeuh blogger anyar minangka namah hayang kawas batur ngajalajah dunia maya
    dukungana atuh kang
    tuker link atuh kang ameh tambah rame blogger baruna

    ReplyDelete
  10. Beuh, idem pisan, abdi mah. Pikakeuheuleun leres eta para pajabat "berdasi-berkrah putih" teh. Enya we nyanangkeun program jangka panjang jeung jangka pendek, eh, geus kapilih mah kalah mikirkeun program jang ka dapur (dapur manehna sorangan). Pajabat nu kuduna ngalayanan rakyat, geus kapilih mah kalah balik hayang dilayanan. Na teu pikakeuheuleun. Sialna, arurang ayeuna kudu milih capres/cawapres "yang terbaik dari yang terburuk". Beuh...

    *punten ah, bilih diraos kasar ieu bahasa nu dianggo ku simkuring, yah, namina esmosi, hehe*

    Eniwei, salam kenal, Kang.

    ReplyDelete
  11. Ah janji tinggal janji.. kalau dah duduk mah lupa berdiri.. hehee.. milujeng tepang ki dulur.. diangkir ka saung butut

    ReplyDelete
  12. ngiring gabung ..
    ah eta mah biasa atuh kang . loba janji pasti loba poho . ngawadul biasa . tararengkyu

    ReplyDelete
  13. @hill: punten pisan teu tiasa tukeuran link, ieu blog aya nu iseng nge-hack :(
    @dhy: asana kantos ngeunaan obrog di cirebon kang..
    @bunga: wilujeng sumping ah, sok atuh dirojong ku doa we nya..
    @presiden: nuhun ah, sami-sami esmosi :D
    @koleksi: wilujeng, wilujeng.. blogna sae..
    @sodikin: matakna mending tong seueur jangji nya kang..

    ReplyDelete