- Dina Internet Explorer klik Tools, Internet Option. Teras klik Tombol Settings, View Files.
- Pilarian file Cingcangkeling.mid (biasana di handap)
- Klik katuhu, Copy, lajeng di-paste kana folder dina komputer salira
- Beres. Kantun muter. Tiasa nganggo WinAmp atanapi player sanesna
Ieu blog husus nganggo basa Sunda wungkul, minangka lengkah saestu - sanaos sakieu buktosna - dina enggoning ngeuyeub-ngeuyeub media basa Sunda. Rumaos sanes ahlina, namung mugia sing janten mangpaat, sasieureun sabeunyeureun, kanggo urang sadaya, utamina sing saha bae anu micinta basa Sunda. Mangga urang mitembeyan, sasarengan ngarumat tur ngamumule Ki Sunda sakamampuh sewang-sewangan..
Sunday, July 22, 2007
Ngundeur Background Midi
Kanggo Nu Dumuk Di Luar Negri
- Salira daptar heula janten member di Situs MoneyBookers (haratis). Saparantos kitu, mangga kintunkeun jumlah nu kedah dibayar di situs MoneyBookers ku jalan ngeusikeun email tata_pjl @ telkom.net, atanapi
- Kintunkeun alamat email salira ka tata_pjl @ telkom.net, sim kuring nu baris ngintun tagihan ka alamat email salira. Salajengna, salira baris diaping ku situs MoneyBookers kanggo ngintunkeun pembayaran.
2. Via eGold : 1 US Dollar (sadollar)
3. Transfer Pulsa : Rp. 10 ribu (sapuluh rebu rupia)
Tuesday, July 17, 2007
Mun Sangkuriang SMS-an
Lamun ieu mah, lamun tulisan-tulisan tea dijieun ebook, najan teu dijamin bakal awet saendeng-endeng, tapi dijamin bakal jauh leuwih awet tibatan buku konvensional. Ngan pikeun ngawujudkeunana, loba pisan masalahna, diantarana bae (meureun):
1. Ebook can pati dipikawanoh, boh ku masarakat umum, boh ku para inohong
2. Wanoh, tapi teu paduli
3. Can aya niat nu daria ti urang Sunda pikeun ngamumule tulisan sangkan leuwih awet
4. Euweuh nu daek ngamodalan, sabab dihenteu-henteu oge nyieun ebook ngabutuhkeun dana, tanaga jeung kaparigelan nu teu dipiboga ku unggal jalma
Kumaha ari ketak ti pamarentah? Ah, komo eta mah, ulah diarep-arep :-)
Tibatan ngarep-ngarep aya nu ngamimitian bari jeung hararese, mending der dipigawe ku sorangan nya, bisi disebut kalahka omong. Salah sahiji buktina, kuring mindahkeun naskah carita Sangkuriang yasana R. T. A. Sunarja (euweuh taunan, tapi jigana mah ditulis dina awal abad 19), kana wangun ebook. Naskah aslina masih keneh make ejaan lama, kapaksa ditulis ulang, sangkan teu lieur nu maca.

Ebook Sangkuriang tiasa diundeur gratis di dieu. Ngan wayahna, aya sababaraha kaca diprotek, tapi nu sesana mah (lolobana) angger bisa dibaca. Sangkan bisa kabaca kabeh, kudu ngasupkeun password. Tah, jang ngagantian password, teu kudu meuli, tapi cukup ngirimkeun pulsa (XL Bebas) minimal 10 rebu rupia (leuwih ge teu nanaon) ka nomer 0818 0936 5858. Insya Allah moal matak leuleuweungan, piraning saharga soto atawa baso, itung-itung jajan budak.
Dimana geus ngirim, ulah poho ngirim SMS konfirmasi, ngabejakeun ngaran jeung tanggal ngirim pulsa. Conto: Iksan, 29 Oktober 2007. Password baris dikirim via SMS oge.
Naha mani kudu digantian, pan biasana ge sok gratis? Ih atuh itung-itung ngagantian tanaga we, buruh ngetik ulang jeung mindahkeun kana format ebook, buruh ngelas ngelis, jsb. Bosen ongkoh, gratis wae. Amunisi lah, ngarah rada sumanget. Cara mayar ku pulsa ieu kawilang cara nu rada aneh, tapi keun we lah. Nu penting mah papada ngeunah, sami-sami raos. Kitu sanes? Saneees...
Sok atuh, nu nineung kana basa Sunda, nu ngarasa urang Sunda, tibatan miceunan pulsa ka nu teu pararuguh, mending dipake ngamumule basa sorangan. Dijamin, moal hanjakal. Prung ah!