Dina postingan sawatara waktu ka tukang, kuring ngadongeng sual loba jelema nu ngagampangkeun atawa nganggap enteng kana pagawean batur. Pamustunganana, jelema model kieu mah mun nitah baranggawe haget, tempona kudu mayar laliat, hararese. Kasarna mah embung rugi, atawa paling henteu, susuganan jelema nu kuduna dibayar pohoeun :-) Pan untung tah!
Lain di urang wungkul eta teh. Nu kitu mah teu dimana teu di mana, bisa wae kajadian. Rek di Indonesia, rek di tatar Sunda, rek di India, rek di alak paul (McCartney). Dina dongeng nu kamari tea, kuring nagih ladang kesang ka dua tempat. Hiji ka Mangle (ieu geus mulan-malen, geus ganti taun malah), hiji deui ka India. Di Mangle mah duka teuing sabaraha, da nyaho kuring ge pasti saeutik. Nu di India jumlahna US$ 800 (kurang leuwih 7 juta rupia).
Sanggeus nungguan, alhamdulillah, ahirna datang nu ti India mah, katampa tanggal 15 Pebruari 2007 nak. Jumlahna gembleng, teu kurang teu leuwih, ngan ukur dipotong pajeg ketang. Kaitung gancang mun diitung ti mimiti kuring nagih nepi ka dibayarna, sabab jarakna ge rewuan kilometer.
Anehna palebah nagih ka nu tempatna leuwih deukeut, masih sa-propinsi, sarua seler Sunda, jaba duitna ge teu sabaraha, lebeng nepi ka ayeuna can aya kelemeng-kelemengna acan. Atawa mungkin bae kuring teu nyaho mun kantorna geus pindah ka kutub kaler meureun :-)
Nu matak hayang seuri, keukeuh nanyakeun alamat imah, sok padahal unggal naskah ge sok dilengkepan ku nomer rekening. Maksud teh ngarah teu hararese, kudu ngincig ka kantor pos, jaba teu boga KTP deuih. Tapi jigana keukeuh rek dikirim make wesel pos, bari henteu jeung prakna, da nepi ka ayeuna ge asa can nampa. Kacida!
Lamun nempo galagat jiga kieu, kuring sok pesimis nyawang pikahareupeun urang Sunda teh. Rek kumaha bisana profesional ari teu dimimitian tinu hal-hal laleutik mah. Atawa mun dibalikkeun, mun dina hal-hal laleutik wae teu bisa profesional, rek kumaha bisana profesional dina ambahan nu leuwih lega atawa makro. Dina conto nu gampang, tong ngalamun jadi penyanyi kawentar mun can pernah nyanyi di panggung tujuh belasan RT.
Mun tea mah bener Mangle boga cita-cita hayang jadi media nu profesional, omean heula we manajemen sual ngahargaan kontributor. Mun eta geus bener, kakara meunang ngalamun kana ambahan nu leuwih lega. Teu kitu mah lapur, engkena teh bakal hayoh we katalimbeng dina alam panglamunan, mikir soal profesionalisme makro, mikir sual ngalegaan ambahan media nu majar ayeuna mah lain ngan saukur majalah carpon, baru jeung sual profesionalisme praktis kapopohokeun. Na ari nganjuk profesional kitu?
Asa lieur puguh ge mikiran urang Sunda nu majar palinter, handap asor, someah, tur teu weleh ngajenan ka sasama. Cek kuring ieu mah, beuki dieu teh asa beuki teu nyekrup antara gambaran manusa ideal Sunda, dibandingkeun jeung kanyataan sapopoe. Sual honor dianjuk memang teu bisa dijieun dasar pikeun narik kasimpulan yen sipat ideal manusa Sunda geus tigejret kana hambalan nu panghandapna. Jauh teuing atuh lamun eta dijadikeun dasar pikeun narik kasimpulan. Tapi hal ieu teh minimalna bisa jadi 'warning' atawa panggeuing ka urang sarerea salaku urang Sunda, yen di sabudeureun urang teh aya kajadian nu matak 'rujit' saperti kieu.
Mindeng kuring ngadenge inohong Sunda nu awong-awongan yen urang Sunda teh kudu maju sangkan diajenan ku seler sejen oge ku bangsa sejen. Kuring mah ngan nyenghel we. Rek kumaha bisana urang Sunda diajenan ku seler atawa bangsa sejen, lamun urang Sundana sorangan teu bisa ngajenan ka sasamana, pituin urang Sunda. Sok araraneh!